Galonggeng

Anjing babaung sababaraha kali, meupeuskeun peuting nu jempling. Langit hideung leungiteun bulan jeung bentang. Keueung, geueuman. Lembur dikerekeb ku poek mongkleng meredong. Jegog-jegog Si Kupluk ngagogog. Ngaherengan nu ngaliwat terus dituturkeun jegog-jegog deui ngagogog.

Carita Sunda Misteri

Kolotrak, panto hareup dibuka lalaunan. Si Kupluk angger ngagogog, bari teu weleh ngahereng. Teu aya sasaha, iwal ti poekna peuting nu meredong. Palebah rungkun tangkal cau, aya nu ngaringkiwik ngabelegbeg, samar-samar nyerangkeun. Panonna hurung melong kana panto imah. Jumena diuk cungakgok, leungeunna ditumpangkeun kana dua tuurna. Teu bisa diuk bener, sumawonna sare. Saawak-awak pinuh ku cenang nu ngagarenang. Sakalieun hayang nangkarak, awak kudu diamparan daun cau ngora, ngarah cenang teu nararapel kana tilam.

Panas jeung tiris, katambah ateul, teu puguh rasakeuneunana. Jumena ngan bati ngahinghing ceurik, rek digaro lain garoeun, seug komo lamun digacak.

Unggal isuk dipariksa ka mantri, teu aya hasil nanaon. Cenang malah jadi nambahan. Ngagarencoy siga anggur hejo nu geus arasak. Kaditu-kadieu neang ubar. Geus puguh dijiad mah dijiad, teu cageur-cageur.

Geus ampir saminggu Jumena angger cungakgok. Dititah dahar embung, nginum oge nyakitu, basana teh peurih. Da memang enyana, biwima ge carenang, ngan ukur panon bobodasna jeung hihideungna nu nyesa keneh teh, culak-cileuk pikasieuneun.

Peuting kamari, pas malem Juma’ah. Anjing tatangga lembur hawar-hawar babaung. Si Kupluk teterelengan, lulumpatan muter ngurilingan imah. Jegog-jegog ngagogog. Reg eureun, buntutna kupat-kepot kawas nu nyanghareupan dunungan. Brek depa, buntutna angger kupat-kepot, ceulina dirancungkeun bari teu daek cicing.

Batre disorotkeun ka palebah Si Kupluk. Teu aya nanaon. Ngan Si Kupluk we angger depa. Bus ka tengah imah, reuwas lain dikieuna. Tetempoan teh Jumena keur ditatanggeuy. Awak nu nanggeuy sarua pinuh ku cenang, malah leuwih-leuwih ti Jumena. Buukna ngaringkiwik, palebah tarang rada herang bolenang.

Babacaan sabisa-bisa sababaraha kali. Les nu nanggeuy Jumena leungit. Tinggal Jumena nu adug songkol. Peuting asa ku lila cicing. Nunggu-nunggu waktu nepi ka meletek panonpoe, karasa hese. Asa lila teuing ku lila.

Waktu ngagayuh ka beurang, kakeueung mimiti ngurangan. Teu pati keueung ari ti beurang mah. Loba jelema nu ngalaliwat rek arindit ka sawah, ka kebon, atawa nu daragang ka lembur.

Keur jongjon di hareupeun imah, beberesih miceunan runtah, torojol tukang bedog urang Tanjungsiang nyampeurkeun.

"Sampurasun!" ceuk tukang bedog ka kuring,

"Rampes!" walon kuring.

Teu kungsi dititah, gek tukang bedog diuk dina palupuh di tepas hareup. Atuh nyakitu deui, song manehna diasongan cai nu biasa nyampak di tepas.

"Kamarana tiiseun?" ceuk manehna nanya ka kuring.

"Aya di jero. Nu matak kuring teh keur dibere cocoba."

"Nya kunaon?" ceuk tukang bedog siga nu hareugeueun.

"Tingali we ka jero ari luas mah."

Tukang bedog teu diengkekeun deui. Bus ka tengah imah, nempo Jumena nu keur nagog sila tutug, awakna pinuh ku cenang.

"Euleuh-euleuh, kunaon ieu diantep kieu?" ceuk manehna ka kuring. "Keuna ku panaheunan batur ieu teh."

"Panaheunan kumaha, Mang?"ceuk kuring rada heran

"Eta dulur urang pernah sugan barang ala, atawa ngadahar hancengan batur? Ieu teh galonggeng," ceuk tukang bedog.

Palebah dinya teu apal. Leng pikiran nguriling, rarampa sugan jeung sugan, aya lalampahan dulur nu teu karasa dilakukeun ku manehna. Ras inget, dulur kuring Jumena pernah ngingilu nguseup ka lembur di pakaleran.

"Sugan naon Jum, bisi poho naon wae nu dilakukeun ku maneh waktu nguseup?" ceuk kuring ka Jumena dulur kuring.

"Rarasaan mah teu aya, Kang." Leng Jumena ngahuleng mikir-mikir sugan enya aya nu poho waktu keur ngingilu nguseup.

Jumena kakara inget. Manehna kungsi barang ala, ngala bonteng di kebon sisi walungan. Rumasa teu bebeja kanu boga kebon, da memang teu aya sasaha. Ari beuteung teuing ku peurih, bari kabita ku bonteng nu keur meujeuhna cetrokkeun. Pok ku manehna dibejakeun satarabasna ka tukang bedog.

"Ieu ubarna teu aya deui iwal ti kudu menta dihampura ka nu boga kebon. Mun teu kitu wayahna, moal cageur-cageur!" ceuk tukang bedog.

Pipikiran jadi mentog, diubaran kumaha teu diubaran kumaha. Kumaha teh palebah jauhna jeung acan boga keur inditna. Kudu jujualan meureun, mangkaning geus sagala beak, ari lain suuk meunang mopole mah, kitu ge teu loba.

Ku bakat nyaah kanu jadi dulur. Paribasa kajeun teuing jujualan atawa unjam-injeum. Hayang boga dulur jagjag sabihara-sabihari deui. Bisa gawe, sanajan ngan ukur gawe sacabak-cabakna. Ma'lum cicing di lembur, teu ngoprek mah moal nyapek.

Poe Salasa isuk-isuk, kuring ka tilu tukang bedog geus saged. Teu boga duit ge maksakeun. Indit ka lembur di pakaleran, tempat dulur kuring Jumena ngala bonteng teu bebeja.

Tumpak mobil elf ka kalerkeun, karasa nyareri awak. Komo meureun dulur kuring Jumena, nu keur boga kasakit dina awakna. Jalan teh teu sirikna pinuh ku lombang, batu laleutik ngampar di sisi jalan urut ngurug jalan nu ruksak.

Palebah pengkolan hiji lembur, duka teuing lembur naon ngaranna, jrut kuring sarerea turun. Jumena dibeyeng lalaunan. Tukang ojeg rabul, nawaran ojeg. Clak kana ojeg, tilu ojeg. Teu kungsi lila geus anjog ka sisi kebon bonteng nu ngaplak kacida legana.

Di saung kebon ngelun haseup. Dua jelema nini-nini jeung aki-aki keur beberes di jero saung sagawe-gawe. Kuring uluk salam, dijawab ku nini-nini jeung aki-aki meh bareng. Kuring nyarita ngahaja datang ka dinya, alatan rek menta dihampura. Nini-nini jeung akiaki papelong-pelong. Pok aki-aki ngomong.

"Euleuh-euleuh sakitu jauhna, hidep datang ka dieu?" ceuk aki-aki.

"Muhun, Ki," ceuk kuring, bari panon mah rarat-reret nalingakeun pangeusi saung. Katempo sarupaning rurujakan sapuratina di juru saung, geus puguh surutu jeung menyan Menyan ngaguruntul dina batok kalapa, deukeut parupuyan.

"Heueuh da kami mah ngan sakadar dititahan ngajaga kebon. Awak geus sakieu rempona, nya kapaksa gawe nitahan deui," ceuk aki-aki. "Ayeuna hayang kumaha?"

"Nya hoyong cageur deui we," ceuk tukang bedog mairan.

"Nya heug, matak mun barang ala, mipit kudu amit ngala kudu bebeja teh palebah dieu. Ulah sangeunahna, barang ala nu batur taya tata krama."

Kuring dibahanan cai, nu kudu dipake mandi engke sadatangna ka imah. Menyan mah teu tinggaleun, dibere sagede tungtung curuk. Jumena sina ngadahar bonteng meunang marancahan, malahan mah kuring jeung tukang bedog oge sina ngadahar. Mimitina mah rengkag-rengkog, tapi aki-aki jeung nini ngahatean sangkan kuring ngadahar.

"Moal...moal ku nanaon!" ceuk aki-aki bari ngareret ka nini-nini.

Datang ka imah meh geus Magrib. Tukang bedog balik ka lemburna, da bisi deudeupeun nu di imah cenah. Kuring ngan tinggal duaan deui. Kuring kadua Jumena.

Cai geus disayagikeun keur mandi Jumena. Parupuyan di tengah imah geus meunang ngarengan. Ditiup sakali ge ruhay. Menyan dipurulukkeun lalaunan. Haseupna ngelun, bruy mancawura minuhan tengah imah.

Jumena dimandian, make cai pamahanan, dicampur ku cai tina bak di imah tujuh gayung. Sanggeus dimandian Jumena sina diuk deui di tengah imah. Gek Jumena diuk, tiris-tiris ge maksakeun da ku hayang-hayangna cageur.

Jegog-jegog Si Kupluk ngagogog deui, ngagogogan nu keur ngajega di panto hareup. Buukna angger ngaringkiwik, tarangna nu bolenang rada enyay-enyayan katojo lampu hareup nu kukulicesan. Rarasaan imah ngarieg, asa-asa aya lini. Boa-boa imah rug-rug. Tangkal buah jeung tangkal kalapa pating dorokdok rarungkad. Si Kupluk angger ngagogog. Mingkin lila mingkin jauh, sorana kadenge ukur hawarhawar, nuturkeun nu indit ka tempat asalna. Kuring gigisik sababaraha kali, tetela imah teu kunanaon, henteu rugrug teu naon.

Peuting harita Jumena sare tibra ngageubra. Teu lila ti harita Jumena, geus katembong cageur. Awakna beresih deui, lingsig deui cara sasari.

"Menta jambu!" ceuk nu diluar imah. Inget jambu keur meuhpeuy.

"Kop!" ceuk manehna keneh.

Manehna nu menta manehna nu ngahengkopkeun. Salamet teu keuna ku galonggeng. (*)


Maman Rachman
Galonggeng Galonggeng Reviewed by Rupa Sundapura on 15.27 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.