Basa Sunda Urang Malingping
Baheula mah, keur anyar datang, sok loba kerang-kerung mun pareng ngobrol jeung urang Malingping teh. Komo nu di pasisian mah, sabab salian ti loba kecap-kecap nu teu kaharti, lentongna oge aneh. Orokaya, jadi hese nangkep maksud omonganana.
Tapi lila-lila mah biasa deui. Ku mindeng tatanya jeung remen ngadenge mah bisa oge geuningan. Malah mun balik ka Bandung atawa Ciamis sok loba nu ngageuhgeuykeun, geus jiga urang Banten cenah. Kutan?
Na kumaha kitu basana? Nya beda we. Munasabah sabenerna mah, da di unggal daerah ge sok pasti boga basa wewengkon masing-masing nu teu kapanggih di daerah sejen. Jadi lain di Malingping atawa Banten bae.
Nu puguh mah, rata-rata urang Malingping mun ngobrol basana kasar, ceuk ukuran urang priangan mah. Basa pamajikan anyar pindah kungsi reuwas pedah aya pamajikan anak buah nu nyebutkeun hulu, lain mastaka, ka manehna. Basa ku kuring dijelaskeun yen memang basana kitu, lain maksud nyinggung, karek ngartieun. Malah sok kagugu mun ngadenge deui teh.
Padahal cenah, aslina basa Sunda mah memang kitu. Nu hartina egaliter, teu ngabedakeun saha nu diajak ngomong. Ngobrol ka cacah jeung ka menak nya sarua bae. Ayana undak-usuk basa - nu nyababkeun basa aslina karasa jadi kasar/teu nyakola - mah hasil pangaruh basa tatar Priangan kaereh ku Mataram.
Tapi teu saeutik oge urang Malingping geus ngarti kana undak usuk basa. Utamana urang puseurna nu kungsi sakola jeung remen hubungan jeung urang Priangan pendatang. Sakola memang salah sahiji 'sarana berkembangna' basa nu 'mriangan'. Sabab guru-guruna, utamana guru-guru senior, lolobana memang datang ti tatar Priangan, saperti Ciamis, Tasik, jeung Garut. Baheula mah can loba urang Malingping asli nu bisa sakola luhur nepi ka jadi guru.
Tah, nu ngartieun mah, mun nyahouen ngomong jeung urang nu datang ti priangan teh sok milu lemes, sanajan ari ngobrol jeung papadana mah biasa bae beledag-beledug. Aya oge nu jadi ngadadak mindel. Basa diseleksek, sieun salah omong pokna.
Kusabab lentong mah hese ngagambarkeunanan, nu bisa dicaritakeun di dieu mah kecap-kecap nu ku kuring di anggap aneh bae. Urang tataan geura.
Urang Banten, umumna nyebutkeun ka dirina (jalma ka hiji) teh kami. Sedeng ka nu diajak ngobrol dia. Kecap kami, di Priangan aya oge, tapi teu ilahar atawa arang langka dipake jang nyebutkeun sorangan. Biasa kadenge teh sok dipake jang nyalin sesebutan diri Pangeran dina khutbah. Sedeng kecap dia mah jigana ngan aya di tatar Banten wungkul.
Urang Malingping/Banten oge nyebut akang (milanceuk) teh ku kaka. Akarna mah jigana sarua, neneh tina kecap raka.
Tong heran mun urang Malingping remen nyebut burung. Lain hartina nyebutkeun urang gelo, atau nyaritakeu nu teu jadi, tapi burung teh kecap panganteb nu fungsina kira-kira sarua jeung atuh.
"Kadieukeun burung bukuna bade disimpen mah!"
Kecap-kecap sejen:
- Lila = kebel
- Hese = gati
- Da = ja
- Ngambek = marah
- Jiga = doang
- Tara = telok
- Tukang = buri
- Ribut = haliwuh
- Ngobrol = cacahan
- Loba gaya = lalagaan
- Embung = endung
- Sukur = kamayangan
- Anjir = bagor
- Engke = engkin (ieu mah ilahar di daerah Cianjur, Sukabumi, Bogor ge)
Aya oge kecap-kecap nu arang langka dipake ku urang Priangan tapi ilahar di Malingping mah.
- Geuwat = geura
- Lalaonan = anca
- Pisan = amat
- Terus = laju
- Hade; alus = endah
Aya nu tibalik. Isin, di Priangan mah lemes, tapi di Malingping mah kasar. Sabalikna jeung era.
Mun urang Malingping nganahakeun (naha bet) cukup ku kecap pan.
"Pan, motorna diparkir di dieu?"
Aya deui nu aneh. Rarangken '-na' di Malingping mah jadi '-an'. Mun nyebut pangkasepna teh jadi pangkasepan.
Kahade atawa mangka hade jadi nu hade.
Nu aneh deui mun nyebut pamajikan atawa awewe cukup ku ewe bae. Jorang ceuk urang Priangan mah. Tapi biasa bae ceuk urang ditu mah. Jadi tong heran mun hiji mangsa urang Malingping ngomong "pamajikan keur di ewe lurah" bari kalem-kalem bae. Tong mikir nu lain-lain, da manehna mah keur ngobrolkeun yen 'pamajikanna keur aya di pamajikan pa lurah'. Kitu! (*)
Kang Avid