Surat Keur Bu Guru

Barakatak

Isuk-isuk Si Aki jeung incuna nu ngaran Uhin keur siduru hareupeun hawu. Katempo ti kajauhan aya guru sakola rek ka imah Si Aki.

Aki: "Uhin naha sia teh teu sakola. Tuh tenjo guru sia ka dieu. Buru-buru sia ka ditu nyumput ka para!"
Uhin: "Aki anu kudu nyumput mah lain uing."
Aki: "Naha kunaon? Pan sia muridna ge lain aing."
Uhin: "Apan matak uing teu sakola ge uing teh geus ngirim surat ka guru."
Aki: "Surat naon Uhin?"
Uhin: "Kieu eusi suratna teh."

Assalamualaikum wr. wb.
Kahatur Ibu Guru
Di Tempat

Bu Guru dinten ieu abdi ijin heula moal tiasa sakola kumargi abdi nuju kapapaitan nyaeta aki abdi maot.

Hatur 1uhun kana perhatosanna.

Wassalam
Uhin

Ngadenge Si Uhin nyarita kitu, Akina langsung kejang-kejang. (*)

Surat Keur Bu Guru Surat Keur Bu Guru Reviewed by Rupa Sundapura on 19.42 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.