Asmara Nyi Randa

Ceu Kokom teh randa ngora, umur 35 taun, pepegatan karek 6 bulan.

"Daripada nyeri hate diduakeun," pokna soal alesanana menta pegat ti Kang Junaedi. Najan sababaraha kali ngabantah, tapi Kokom boga bukti surat cinta keur salakina.

Carita Pondok

Loba nu ngahelaran Ceu Kokom teh. Tapi can aya nu pas kana lelembutanana.

"Hayang ka bentang lapangan," ceuk Ceu Kokom. Ti leuleutik manehna memang geus resep kana maenbal. Kabawakeun ku karesep akina almarhum anu mindeng pisan ngajak manehna lalajo.

Sabenerna aya lalaki nu cocok jeung hate Ceu Kokom. Ngaranna Sasmita. Pinter pisan maenbal. Katelahna teh Si Bajing, pedah mun keur maen lincah pisan ngahindar tengkasan batur.

Sasmita teh karek 29 taun umurna. "Tapi perbedaan umur man lain masalah," Ceu Kokom tangginas pisan ngajawab lamun digonjak ku Bi Mumun. Memang tatanggana eta apal pisan yen Kokom teh ngidolakeun Sasmita. Malah Bi Mumum nyaksian pisan Kokom teh nyelapkeun poto Sasimta dina loketna.

"Memang lain umur nu ngahalangan mah. Tapi Neng Lia," Bi Mumun ngagonjak. Memang Sasmita teh mindeng diisukeun ditaksir ku Neng Lia, bentang kampung anak pangsiunan camat.

Ngadenge panggonjak Bi Mumun teh, Kokom jebi. "Siapa takut?" pokna.

Kokom memang teu sieun bersaing, malah wani pisan. Manehna oge wani togmol nepikeun eusi hatena ka Sasmita. Tapi Sasmitana justru kalah murungkut. Kaget meureun nempo kawani randa ngora anu salawasna make pakaen seksi teh. Basa Kokom reres nyatakeun cinta, si tukang ragaji teh malah kabur tanpa pamitan deui. Kokom harita teh ukur bisa camberut bari nenjragan taneuh saking ku jengkel. "Ih, piraku aya ucing teu beuki ku lauk asin?" pokna.

Tapi manehna teu kapok. Terus neangan celah keur ngadeukeutan Sasmita.

Malem ieu kebaneran aya layar tancep di alun-alun desa. Ceu Kokom dangdan sataker kebek. Biwir ambucuy, pipi beureum, tur awak seungit ku parfum. Manehna oge tetap make pakean trade-markna, rok mini jeung kaos yukensi.

"Aduh, ieu randa bengsrat rek kamana mani gaya kieu? Nyegat tukang ragaji?" Bi Mumun langsung ngagonjak basa mireungeuh Kokom kaluar ti imah.

"Mau tau aja," tembal Kokom bari buru-buru indit. Manehna keur hoream ngalayanan kacerewedan tatanggana teh.

Tetela geus rame alun-alun teh, padahal film gratisan can mimiti diputer. Kokom luak-lieuk, terus ngoloyong kaditu-kadieu, neangan buah hatena, Sasmita si bentang lapangan. Tapi lapur taya kalangkangna-kalangkangna acan.

"Ucil, nempo Sasmita?" tanya Kokom ka Si Ucil nu keur nguyup bajigur. Ucil teh batur gawe Sasmita. Manehna oge jago maenbal, tapi Kokom teu kataji ka manehna mah. Awakna pengkrang tur geus buntutan. Satilu-tilu malah anakna ge.

"Tadi mah di beulah ditu!" Si Ucil nunjuk ka hareupeun bale desa.

Kokom ngaleos ka tempat anu ditunjuk. Kotatang-koteteng, berekah teu kapanggih. Hatena tambah jengkel lantaran karasa ngadadak hayang kiih. Kiih dimana? Piraka kudu balik ka imah mah. Lah-lahan manehna muru ka gigireun bale desa. Di dinya aya rungkun kembang. Tempat aman keur ngaleupaskeun hajat.

Luak-lieuk, sepi. Porosot calana jero di kahadapkeun, gog manehna cingogo. Tapi can oge cer, ceulina kaburu ngadenge sora anu sering kaimpi-impi. Sora Sasmita. Datangna tina rungkun kembang beulah kulon.

Kokom gesat-gesut hudang tur menerkeun calanana. Lalaunan manehna ngadeukeutan rungkun asal sora.

"Sayang, sok atuh ka dieu. Hanyang sun yeuh!"

Deg, Ceu Kokom lir digodam. Naha Sasmita keur indehoy jeung saha.

"Ih, kalah ngabalieur. Kadieu sok. Tah kitu. Abdi geus teu kaduga. Kangen."

Ceu kokom ngeteyep ngadeukeutan. Kadenge sada celengok nu keur ciuman. Kokom asa nelektek. Naha jeung saha Sasmita teh? Jeung Neng Lia?

"Aduh sayang, biwir salira teh kacida manisna. Lir diolesan madu."

Sora Sasmita ditembalan ku sora seuri laun. Kokom beuki deukeut. Manehna bisa nempo nu keur asik paduduaan, diuk pagegeye, rapet pisan. Tapi teu ketembong beungeutna da nyanghareup ka beulah ditu.

"Sayang, hayu atuh urang mulang. Meupeung di imah keur kosong. Geus teu kuat yeuh!"

"Engke ah, hayang lalajo heula."

Hah?! Kokom kaget. Na sorana teh asal kenal pisan. Tapi ah, piraku.

"Ah, ulah lalajo heula. Geus teu kaduga. Yeuh geura cabak geus nangtung ti tatadi." Sasmita tembong ngaragamang kana leungeun pasanganana. Terus ditarik ke lebah puhu pingpina.

"Ih, mani jeceng...," tembal pasanganana bari nyikikik.

Kokom tambah ngarenjag. Memang teu salah, sora jelema kadua teh kacida akrab jeung manehna. Nyi randa teh ngarasa bumi asa tungkeb. Awakna rampohpoy. Leuleus.

Manehna teu kaduga, terus ngajerit. "Kurang ajar. Lalaki atah adol!" Pasangan nu keur asik teh tembong kaget. Gurubug...terus nangtung. Lampu ti lapangan atra nyorot beungeut duanana. Sasmita katembong reuwas, oge lalaki anu aya di gigireunana. Lalaki...memang bener lalaki.

Kokom tutunjuk. "Kurang ajar. Jadi ieu nyah mengkeluk anu jadi lantaran baruntak rumah tangga urang teh," pokno satengah ngajerit. "Duh kang Junaedi teungteuingeun."

Kokom rampohpoy. Bruk ambruk. Sasmita jeung Juanedi olohok. (*)
Diropea ti asmarasunda.wordpress.com
Asmara Nyi Randa Asmara Nyi Randa Reviewed by Rupa Sundapura on 21.43 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.