Budak Teuneung

Geus lila Maman ditinggalkeun maot ku indung bapana. Manehna jadi budak pahatu lalis. Ayeuna cicing di Uana, lanceuk bapana Maman. Di imah Uana, Maman meh unggal poe seubeuh ku carek, da Uana teh nya galak nya pedit. Maman mindeng ceurik balilihan, ari ras inget ka indung bapana anu tos teu aya dikieuna.

Dongeng Buhun

Ku mindengna aya dina kasangsaraan, Maman jadi hiji budak anu teuneung ludeung, henteu borangan. Kamana bae oge manehna mah ludeung. Ngala suluh ka leuweung oge Maman mah nyorangan bae.

Dina hiji poe, waktu manehna keur jongjon ngala suluh di leuweung, ana gaur teh aya maung rek ngerekeb Maman. Maman kacida reuwasna. Ret ka beulah kenca, duka ti mana jolna, aya munding leuweung keur nyatuan. Teu antaparah deui jleng Maman muru munding. Maman depa handapeun beuteung munding.

Barang maung ngarontok, munding leuweung ngagadilkeun tandukna kana beuteung maung. Jedak..beuteung maung digadil, atuh eusi beuteung maung mani amburadul. Maman salamet. Manehna nangtung terus ngusapan hulu munding.

Munding cicing bae diusapan teh, bari kucap-kiceup. Na jero hate, munding meureun ngomong kieu, "Na atuh maneh teh jig-jig ka leuweung budak teuneung!"


Dicutat tina Caraka Pangajaran Basa Sunda
Budak Teuneung Budak Teuneung Reviewed by Rupa Sundapura on 21.03 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.