Kampung Randa

Fiksi Mini Basa Sunda

Koceak Nyi Ita ngajerit, huluna dibabuk halu ku indungna.

"Ari sia teu nurut wae ka aing teh. Mun sia hayang ngajedog di kampung ieu, kudu menta talak heula ka salaki!" kadenge Ma Imot gegelendeng.

"Pan sia ge apal. Urang kudu ngalanggengkeun adat ti karuhun. Nu boga salaki wayahna kudu menta diserahkeun atawa paehan sakalian ngarah gancang jadi randa," indung Nyi Ita ngahegak. Geduk, karasa aya nu neumbrag jajantung, manehna inget kanyaah nu jadi salaki.

Rupa-rupa modelna di kampung ieu teh. Aya randa kolot, randa ngora, randa bengsrat, randa ditinggalkeun maot, randa nyeleweng, randa maehan salakina, jeung randa lain parawan lain. Nu jadi pamingpin di ieu kampung nyaeta randa nu wani maehan salakina. Dunya beuki edan. Awewe geus teu butuheun lalaki. (*)


Irman Dimyatie
Kampung Randa Kampung Randa Reviewed by Rupa Sundapura on 18.22 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.