Kacepet Palupuh

Barakatak

Hiji peuting di imah saung aya dua jelema, aki-aki jeung incuna. Akina ngahurungkeun lampu damar anu make minyak tanah bari ukur di kongkoyang sarung hungkul, teu make kolor. Tuluy diuk dina palupuh bari nyalukan incuna nitah diuk di hareupeunana.

"Incu, ka dieu sakeudeung. Aing rek ngadongengkeun lalakon aing jaman aing keur dijajah ku Walanda," si Aki muka carita.

"Heueuh Ki, sok dongengkeun, uing hayang nyaho dongengna," ceuk incuna mani haripeut.

Si aki can kungsi cumarita, irungna geus ingsreuk-ingsreukan. Biwirna jebeng, cai panonna geus ngucur. Pok incuna ngomong, "Aki sabar Ki, da hirup mah kudu ngalaman peurih. Kabeh oge boga lalakonna. Aki ulah ceurik. Aki teh pahlawan anu geus daek bela ngorbankeun tanaga pikeun nagara."

"Naon sia teh ngomong kamana karep da aing mah mewek teh lain sedih," walon Akina. "Tuh deuleu ku sia, bobogaan aing kacepet palupuh. Buru tulungan, teu kuaaat...!" (*)

Kacepet Palupuh Kacepet Palupuh Reviewed by Rupa Sundapura on 20.29 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.