Adul jeung Operator

Barakatak

Adul: "Wilujeng siang, Bu! Abi Adul, bade komplen, kunaon atuh sinyal sok lemot wae?"

Operator: "Oh panginten eta teh jaringanana nuju sibuk."

Adul: "Naha kunaon meni sibuk kitu? Aya gotong-royong naon kitu di desa teh? Ari kitu mah gentos wae ku jaring lauk atuh, Bu!"

Operator (nepak tarang): "Lain eta maksudna Sadul...tapi jaringan komunikasi nuju padat alias rame!"

Adul: "Haarrr...ari Ibu meni oon pisan. Teu boga ide. Lamun padat mah atuh pindahkeun wae jalurna ka jalan tol. Terus eta geuning meni rame kitu. Saha nu nuju hajatan? Nanggap naon hiburanana, Bu...?"

Operator (mimiti nguntab ka ubun-ubun bari pepeta nununjuk kana komputer): "Saddduul...! Sateh weureu naon...?! Bodo bin belegug teh dikukut ku sorangan. Maksud uing teh yeuh akses data pinuh, jadi sinyal teh beurat. Borokokok...!"

Adul: "Heuheuheu sroodot...! Piraku si data kudu mamawa askes (asuransi kesehatan). Lamun sinyal beurat, bantuan atuh pang gotongkeun, Bu! Tong cicing wae gawe teh...!"

Operator (naek ka meja): "Sateh..sateh...! Wani mah hayu gelut jeung aink...!!!" (*)

Adul jeung Operator Adul jeung Operator Reviewed by Rupa Sundapura on 22.56 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.