Gedong Peteng
Beledag. Pre. Ti rohang tengah. Uing nu kakara cat nincak teras rumenjag. Pamajikan ngagabrug. Senter kageuweungkeun. Pluk. Murag.
"Boa leres, Ang, sakumaha wartos tatangga?" pamajikan humarewos.
"Tahayul," cekeng, mulung senter. Hurung keneh. Ceklek. Mukakeun panto hareup. Rohangan poek mongkleng. Pamajikan beuki tipepereket.
Pelengseng. "Bau menyan, Ang," cenah.
Puriding bulu punduk ngandelan. Tara-tara. Cek hate. "Meleum sate sakalian!" cekeng keuheul.
Cikikik. Nu seuri nompok pisan. Semu ngirung.
Jih, naha pamajikan nyeungseurikeun. Awak nu nangkeup karasa tiis. Bau bangke nutupan angseu. Ngurel. Padahal tadi make minyak seungit.
Uing panasaran. Senter disebrotkeun ka lebah pamajikan. Breh. Renjag. Awak rampohpoy. Tuur noroktok. "Geu, geu, geuning..." Ngaleketey.
"Ang, dimana?" cek nu nyorowok ti buruan. (*)
Herdi Pamungkas