Kelas 2 Kareta Ekspres Bandung-DJakarta

Bari rurusuhan, geblus kuring abus ka kelas 2. Teu alak-ilik heula, gek bae diuk sabada neundeun koper leutik di luhureun pangdiukan. Ari gek, ari leong kareta madju. Bis bae katinggaleun, mangkaning peutingna kudu biantara dina kongres Basa Sunda di Bandung. Mun seug katinggaleun kareta teh, leuh!

Carita Pondok

Modjang djeung nonoman tea bangun gumbira pisan ngawangkong, siga nu sakaresep. Ari ngaromongna, malum dina kareta api, sora teh rea nu ratjleng arasup kana tjeuli kuring. Rupa-rupa nu diomongkeun mah. Ari kuring, rumasa geus djadi aki, bisi nu ngarora "kagokeun" atawa eraeun, pura-pura nundutan bae, teu openan. Ti lebah Karawang, kadenge njaritakeun bab Kongres Basa Sunda djeung Kasusastraan, malah sidik pisan njabit-njabit ngaran kuring, M.A. Salmun, djeung buku kuring nu pangajarna "Gogoda Ka nu Ngora".

Modjang: "Hayang ka nu ngarangna, pantesna teh geus kolot, tjetuk huis."

Nonoman: "Ah, teu kolot teuing. Da kuring ge wawuh, malah loma. Kolot meueusan bae ti kuring mah. Kitu tah, umur 28-30 tahun."

Modjang: "Di mana papanggih?"

Nonoman: "Meh unggal poe di Djakarta, malah sering bareng laladjo. Karesepna teh kana film dangsa. Bangsaning Rita Hayworth, Esther Williams atawa Jane Russel djeung Marillyn Monroe tara diliwat. Kuring mah djeung Salmun teh sok, silaing-dewek bae ari njarita teh."

Modjang: "Tegep djelemana teh?"

Nonoman: "Ah teu teusing. Hideungna lestreng, sabrehan mah arek djiga Ambon, ngan ieu mah, asal urang bisa ngolona bae, menta naon-naon ge mo teu dibere."

Modjang: "Untung mun kuring wawuh djeung Salmun, rek menta dipapatahan ngarang. Ngan sugan engke peuting dina kongres bisa wawawuhan. Aeh, kelanan, aja kaperluan heula."

Modjang indit. Ari ditendjo bari meletet pura-pura lilir, bet ka kamar leutik. Aja kahajangna meureun.

Sidik modjang teu aja, kuring njaring enjaan bari ngadjak ngomong ka nonoman.

Kuring: "Arek ka mana silaing teh, eui?"

Nonoman (bangun ambek): "Ngomong ka saha andjeun teh? Siluang-silaing tjara ka nu geus loma?"

Kuring: "Entong pura-pura teu wawuh silaing ka dewek. Apan biasana ge urang sok silaing-dewek, sok bareng laladjo Rita Hayworth."

(Kuring ngodok pesak, nembongkeun kartu abodemen kereta api Bogor-Djakarta. Djaba ti tetela ditulis ngaran teh, potret oge nembrak, moal samar, jen kuring teh M.A Salmun).

Nonoman (raj pias bangun kasima): "Pangapunten bae atuh. Abdi teh kasamaran. Dikinten ku abdi mah Bapa teh babah."

Kuring: Entong leutik hate. Bapa ge ngora heula. Hidep teh meureun keur nembongkeun "pamor" ka istri nu tadi, nja. Kaharti ku bapa ge. Saha eta teh?"

Nonoman (kesang mana teh ngutjur): "Wiharti. Sangemna mah Sastrawati."

Kuring: "Euh, paingan magar rek ka Kongres Basa Sunda atuh. Ku hidep teh keur dipiloma meureun nja. Kuma karep, Bapa mah rek pura-pura teu kungsi njarita djeung hidep." (Kuring pura-pura nundutan deui. Wanita tea balik ti tjai diuk deui di tempatna).

Wiharti, modjang tea: "Njaritakeun naon. Tadi teh, nja. Euh, eta, taeun...Salmun, nja."

(Djuruladen kareta-makan njampeurkeun).

Nonoman: "Oranje-kreus, dua. Nu hidji mah sing rea es na."

Djuruladen: "Mangga!" (Terus indit bae).

Saterusna modjang djeung budjang teh ngawangkong, bab film, atletik, politik djeung kabeuki masing-masing. Unggal Wiharti arek ngagilek kana urusan Sastra djeung Basa, nonoman tea rikat mengkolkeunana. (Sabot kitu djuruladen njodorkeun inuman anu dipesen tea). Bari meletet ku kuring katendjo, jen nonoman tea pohara geumpeurna, sangkilang digojor ku oranje–kreus–es teh kesangna ngutjur bae.

Wiharti (harewos Bodjong ): "Itu babah ti barang tjlak di Setatsion Kota, nepi ka liwat Sasaksaat, ku tibra molor teh kawasna sapeupeuting tas tjekih."

Kuring meletet, katendjo nonoman tea njiku lalaunan ka modjang. Maksudna tangtu njaram ngomongkeun kuring. Tjikikik Wiharti kadenge seuri. Ari kuring kalah pura-pura gundam. Njaring bari kukuliatan.

Kuring: "Hajjjaaaah, tjialat, tji tjeng tun, boh kehkih."

Wiharti: "Hi...hi...hi...hi...hih...!"

Nonoman: "St...st...aeh, geus rek Padalarang geuning."

Di Padalarang kareta eureun. Dua modjang arunggah pairing-iring. Nu pandeuri ngareret ka lebah kuring.

Modjang I: "Aeh-aeh geuning bapa...!" (bari ngageroan baturna ti heula). "Jajah, Jajah, ka dieu geura! leu aja Pa Salmun!"

Modjang II (Rokajah) (bari njampeurkeun): "Aja Pa Salmun? Aeh, Bapa haturan!! Teu sareng adi Itjeu? Mana Ibu? Bade angkat ka mana Bapa teh?"

Kuring: "Baku Jajah mah, ari nanja teh ngaburudul, tara ngadago didjawab hidji-hidji. Ieu di dieu dariukna. Keun Bapa mah rek nangtung. Ti Djakarta keneh diuk bae, tjarangkeul. Tah, Nani di dieu, Jajah di dinja, Bapa hudang." (bari nantung).

Modjang I: "Sawios atuh, Pa. Mangga bae tjalik-tjalik."

Rokajah djeung Sunarni dariuk, kuring nantung, bari ngaluarkeun wadah roko pamere urut murid, mangkaning diaksaraan baradag pisan, "M.A Salmun", ditendjo sareret ge katara.

Wiharti anu diuk hareupeun kuring ret kana beungeut, ret kana ngaran anu diturih dina wadah roko, ret ka Rokajah djeung Sunarni, anu kadengeeun ngomong-ngomong. "Ti djaman ninggalkeun S.G.A kakara ajeuna papanggih deui". Ana burilak teh Wiharti ngadelek ka nonoman, bari kuraweud baeud, anu haseum tea bangun ambek.

Tjeg kana koper leutikna, djengket indit, bari sakali deui ngadelekan ka nonoman. Teu rea omong djaba ti kukulutus, "Si teuu Ujahan!"

Wiharti katjiri pisan, jen kaisinan ku kuring. Geus teu kaduga diuk leuwih lila di hareupeun. Pasosore pindah ka dareksi tukangeun nu eta. Ari nonoman tea? Puguh bae samar polah. Wiwirang di kolong tjatang. Tjeg bae deui kana koperna, pindah ka dareksi hareupeun dareksi kuring, misah ti Wiharti.

Rokajah: "Naha Pa, geuning eta duaan teh siga nu birat? Saha eta teh? Sanes rentjang bapa? Naha aja abdi parindah?"

Kuring: "Hidji-hidji atuh pertanjaan teh. Jajah mah biasa, ari barangtanja teh sok diborong." (Kuring diuk di urut Wiharti. Ari gek, bet aja nu kadiukan, barang diilikan, sihoreng loket leutik. Moal teu nu Wiharti, tadi tinggaleun, rusuh teuing "birat").

Kuring kalawan ringkes, njaritakeun pangalaman tadi ka urut murid-murid. (Maranehna tas ka ondangan ti Ratmini, urut murid kuring keneh, kamari nikahna). Sunarni mani sosongkolan mentjetan beuteung, bawaning ngeunah seuri ngadenge tjarita kuring. Ari Rokajah mah ngan tjalangap bae, geus teu soraan balas seuri.

Deukeut ka Tjimahi, si Djuruladen mupul gelas bari nagih bajaran. Bawaning bera djeung gugup, nonoman tadi djung bae indit, teu nolih babajar heula.

Djuruladen: "Dupi nu tjaralik di dieu teh lalungsur, kitu Pa?"

Kuring: "Parindah. Keun bae urut nginumna mah ku kuring dibajarna. Sabaraha? Sobat kuring ‘nu istimewa’ pamegetna mah."

Oranje-kreus ku kuring dibajar, bari diager-ager ku urut murid, pokna ge, "Nja diupat sataker kadaek, nja plok tombok."

Kuring njerengeh bae, teu nembalan. Sabot kitu Wiharti njampeurkeun. Moal teu njusul loketna anu tinggaleun modjang teh. Enja bae. Era-era ge nanjakeun.

Kuring: "Loket teh, jaktos katilar. Malah itu raksukan haneut sareng bongsang oleh-oleh ge teu katjandak. Entong ngalih atuh, raridu. Mangga tjalik deui bae di dieu."

Wiharti: "Itu koper di ditu da."

Kuring: "sawios, dibantun ku Bapa. Nomer sabaraha paragi tjalikna teh? Mangga Enden mah tjalik-tjalik bae di dieu."

Wiharti: "Teu emut nomerna mah. Tjaket panto gedengeun istri sepuh, da."

Kuring miheulaan, indit njokot koper. Atuh kapaksa Wiharti diuk deui dina urutna. Ari kuring balik deui, kasampak tilu modjang geus wawawuhan. Jajah katara mengkek piseurieun, pipina geus kembung-kembung bae. Ari kuring geus diuk deui, tjong teh Wiharti njodorkeun leungeun, ngadjak mundjungan, bari ngomong.

Wiharti: "Abdi teh njanggakeun samudaja kalepatan, mugi Bapa ngahapunten, tilas abdi tadi upat-sinuat. Teu nginten meueus-meueus atjan, wireh nu diupatna dipayuneun pisan abdi."

Kuring ngahelas tapi kapiasem, bisi eraeun. Didjawab teh, "Ih, naon tea? Da Bapa mah teu nguping naon-naon. Apan kauninga, ti barang tjlak ge mondok tibra pisan."

Kawasna ku Jajah katangen, jen kuring teh mereketkeun maneh nahan piseurieun. Geus karuhan Jajah mah ti tatadi ge pipina melendung, ajeuna teu kawawaeun, ngan barakatak bae seuri bari ngadjembel Sunarni kana pingpingna. Nu didjambel ngagurubug bari aduh tapi terusna ngabarakatak.

Dasar barudak bareuki seuri. Aeh...nepi weh ka Bandung. (*)


M.A Salmun (Madjalah Tjandra, 1954)
Kelas 2 Kareta Ekspres Bandung-DJakarta Kelas 2 Kareta Ekspres Bandung-DJakarta Reviewed by Rupa Sundapura on 21.34 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.