Ngagosip

Barakatak

Tante Genjreng di komplekna katelah ratu gosip. Unggal poe teu eureun ngomongkeun batur. Tapi saprak bulan puasa kabiasaan eta mimiti ngurangan lantaran lamun rek ngagosip cenah sok inget kapiwurukna Ustad Jali, ulah sok ngomongkeun batur, pamali cenah jeung deui bakal ruksak pahala puasana.

Enya we, basa aya acara arisan di imahna Ibu Edoh, manehna teu ngomongkeun batur, tapi kalahka ngomong kieu.

"Eh ibu-ibu...tos tarerang teu acan? Bejana genderewo kaperegok bobogohan jeung kuntilanak nepi ka subuh, malahan cenah ayeuna kuntilanak teh geus ngandeg tilu bulan, padahal genderewo teh kanyahoan geus buntutan. Karunya nya kuntilanak diculeoskeun!" (*)

Ngagosip Ngagosip Reviewed by Rupa Sundapura on 20.11 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.