Drama: Si Kabayan Jadi Dukun (Bagean 4)

Drama Opat Bagian

Si Kabayan Jadi Dukun

Drama Opat Bagian

Karangan: Moh. Ambri


Nu Ngalalakon

  1. Saikem
  2. Elu
  3. Utun
  4. Kabayan
  5. Salhiam
  6. Ki Silah
  7. Ki Salih
  8. Sudagar
  9. Nyi Nonoh
  10. Sujiah
  11. Jang Agus

Bagean 4

Di imah sudagar beunghar, sudagar diuk, andekak dina alketip. Dibendo, make jas tutup. Sarungna mah polekat biasa. Teu jauh ti dinya diuk mendeko Nyi Nonoh, diuk sideuha, baeud bari keuheul. Gigireunana, Nyi Sujiah pangasuh Nyi Nonoh, da indungna mah geus maot waktu Nonoh budak keneh. Nyi Sujiah keur nyieun seupaheun.

Sudagar: "Huuuuuh, beunghar ku beungharna, tapi ari anak ngadadak ngajubleg mah, kabeungharan teh euweuh hartina!"

Sujiah: "Da eta atuh Jang Haji mah ku tukuh, teu karunyaeun ka Si Nyai, keur anak ngan hiji-hijina teh!"

Sudagar: "Na kumaha kitu, Embok?"

Sujiah: "Eta pan Si Nyai teh mimitina ngajubleg basa rek prung dikawinkeun ka Haji Salim tea."

Sudagar: "Euh, maksud Embok teh, Si Nonoh kudu dikawinkeun ka Si Agus, jelema euweuh kabecus, euweuh kagableg, galandangan. Moal Embok, kuring mah moal daek ngawaliaanana oge."

(Sudagar kaciri ambek, diukna malik).

Sujiah: "Da kitu Jang Haji mah. Kumaha karep atuh ari teu nyaah ka nu jadi anak mah."

Sudagar: "Puguh awahing ku nyaah, Si Nonoh kudu kawin ka Haji Salim teh. Beh gedongna, beh sawahna, rendey mundingna. Dalah eta jadi nu ka opat, da diwenangkeun ieuh."

Sujiah: "Ari daekeun onaman mah ngawin nu pireu. Kuma karep!"

(Sujiah dekul deui nyieun seupaheun. Keur kitu torojol Silah jeung Salih nu ngagandong dukun datang..

Sudagar: "Geuning etah Silah jeung Salih. Hasil barang teangan teh, euy?"

Silah: "Hasil Juragan, malah ieu kabantun Eyangna oge."

(Kabayan diecagkeun, masih keneh dikurudung).

Sudagar: "Mangga Eyang linggih! Nuhun kersa sumping."

(Kabayan gek diuk. Kurudungna dibuka, sarungna disolendangkeun).

Kabayan: "Saha nu gering teh, jang?"

Sudagar (bari nunjuk): "Ieu pun anak, Nyi Nonoh."

Kabayan: "Euleuh-euleuh meni mongplo kitu. Bagja boga anak teh, Sudagar, mani bahenol nerkom."

(Kabayan bari nyidik-nyidik Nyi Nonoh. Nu disidik-sidik aluman-alimen, bareureum, tapi bari imut dumeh dipuji).

Sudagar: "Sumuhun, ari awakna mah cageur, ngan eta pun anak teh nuju udur."

Kabayan: "Pireu, nya?"

Sudagar: "Sumuhun. Geuning tah Eyang parantos uninga!"

(Nu sejen ting harewos bari terus ting arunggeuk. Salih ngacungkeun indung leungeunna).

Kabayan: "Teu bisaeun ngomong, nya?"

Sudagar: "Sumuhun, leres pisan kitu!"

Kabayan: "Gawena aa..uu, nya?"

Sudagar: "Leres, leres pisan kitu!"

Kabayan: "Mimiti pireuna basa rek dikawinkeun, nya?"

Sudagar: "Leres kitu pisan. Dupi saratna naon Eyang, nu kedah disayagikeun?"

Kabayan: "Biasa bae. Ari nu eungeus-eungeus kumaha?"

Sujiah: "Rampe, Eyang?"

Kabayan: "Tong loba teuing, teu ngeunah diseupan!"

Sujiah: "Minyak seungit, Eyang?"

Kabayan: "Heueuh minyak keletik, minyak lantung, minyak kayu putih, keur ubar asup angin!"

Sujiah: "Lemareun, Eyang?"

Kabayan: "Heug...! Surutu, keretek, roko bodas, bako tampang jeung molena, kade poho!"

Sujiah: "Beas bodas deuih, Eyang?"

Kabayan: "Heueuh, rada loba. Tambahan beas beureum!"

Sujiah: "Parukuyan, Eyang?"

Kabayan: "Ah entong, panas!"

Sujiah: "Kana cecempeh wadahna, Eyang!"

Kabayan: "Hese ngagembolna atuh. Bungkus ku lawon bodas!"

Sudagar: "Naon deui Eyang nu kedah disayagikeun?"

Kabayan: "Naon bae, kumaha ceuk kereteg hate Ujang. Upama geus pepek, heug bungkus ku samping kebat nu weuteuh!"

Sudagar: "Embok, geura sadiakeun pamundut Eyang! Kade aya nu kaliwat!"

(Sujiah jung asup).

Kabayan: "Ayeuna daragoan di dieu. Eyang rek kaluar heula, rek maca langit ngejah mega, neangan piubareun Nyi Nonoh. Omat ulah aya nu nyusulan, nya!"

Sudagar: "Mangga, Eyang! Mangga...!"

(Kabayan leos ka luar, nangtung dina golodog. Keur kitu torojol aya lalaki nu diharudum sarung, nyampeurkeun. Mimiti Kabayan nyureng bari gigideug. Tapi barang nu diharudum tea mere duit lambaran, Kabayang seuri bari terus memener harudum jelema eta tea ambeh beuki buni. Duanana asup ka jero, gek diuk. Kabeh mencrong ka jelema nu anyar tea).

Kabayan: "Bagja, Sudagar! Dasar Sudagar keur gede milik. Bieu teh ceuk beja bawaning kilat, Nyi Nonoh teh cageurna kudu ditiup ceulina ku seureu nahun. Ari nu niupna kudu jelema nu pangheulana panggih jeung Eyang, nya ieu jelemana nu pangheulana panggih teh. Leutikan cemporna! Sor Nyai, maju! Lain hayang cageur Nyai teh? Sok jang kainyah geura tompokeun kana ceuli Si Nyai. Kade jampena poho!"

Jajaka: "Naon jampena teh, Eyang?"

Kabayan: "Alah...eta jampe pamepes hate, pamatri asih tea!"

Jajaka tea ngagulung-gulung kertas terus dipake ngaharewos kana ceuli Nyi Nonoh. Bari ngabejaan yen manehna teh Agus, kabogohna Nyi Nonoh. Teu lila nyi nonoh seuri.

Nyi Nonoh: "Ehem...! Ehem...! Aaahh, kuring cageur deui."

Sujiah (bari ngarangkul): "Alah ieu Si Nyai cageur deui. Nuhun Gusti, nuhun. Nuhun Eyang, nuhun!"

(Si Kabayan imut).

Sudagar: "Sukur Nyai. Tulus isuk dikawinkeun ka Haji Salim teh."

Nyi Nonoh: "Embung Abah, embung! Kajeun dipaehan bae, Abah!"

Sudagar: "Bangkawarah, teu nurut ka kolot. Na sia teh keukeuh hayang kawin ka Si Agus, si jelema sangsara! Naon kagablegna jelema miskin kitu. Teu edeuk aing mah."

(Nyi Nonoh ngagupay ka Sujiah pek ngaharewos).

Sujiah: "Kieu, Jang Haji! Kumaha upama wae Si Agus ngadadak jadi beunghar. Daek mulung minantu?"

Sudagar: "Beunghar ti mana horeng Si Agus?"

Sujiah: "Teu kitu Jang Haji, upama wae meunang warisan gede."

Sudagar: "Ke...ke ...! Kudu dipikiran heula atuh. Boa-boa Jang Agusna ge ngan ukur saulineun ka Si Nyaina teh."

Sujiah: "Da ayeuna ge aya Jang Agusna."

Sudagar: "Saha...? Mana Jang Agus? Aeh Cep Agus! Aeh Den Agus."

Sujiah: "Enya, Jang Agus! Sor Jang, kahareup!"

(Jajaka tea sor ka hareup, lalaunan harudumna dibuka).

Agus: "Kieu Abah! Leres kuring teh kenging warisan ti pun Uwa, Haji Hasan, margi anjeunna nembe saminggu tilar dunya. Teu gaduh putra, nya warisanana ragrag ka abdi."

Sudagar: "Inna lillahi wainna ilaihi roji'un...! Kutan Kang Haji Hasan teh geus mulih ka jati mulang ka asal. Deudeuh teuing, Gus. Tapi teu kudu sedih da aya Abah. Jeung Silah, isukan teang juragan naib, urang ngawinkeun Si Nyai...!"

Nyi Nonoh: "Ka saha bah? Ka Haji Salim? Embung kuring mah!"

Sudagar: "Enya, Haji Salim ka Sujiah. Ari Nyai ka Jang Agus. Aeh...ka Den Agus."

Sujiah: "Sok banyol Haji mah. Nyaan eta teh?"

Sudagar: "Puguh bae. Lain daek Embok ge ka Haji Salim?"

(Sujiah tungkul bari memeres sampingna, malik ka Kabayan).

Sujiah: "Nuhun Eyang, kana pitulung Eyang."

Kabayan: "Sami-sami Sudagar. Ngan kade poho duit bebedolanana, da Eyang oge meunang ngabedol kapan."

Sudagar: "Is kantenan. Tah ieu tanda katumarimaan. Sujiah, geus sadia sarat-sarat teh? Bawa ka dieu!"

(Sujiah nyodorkeun buntelan ka Kabayan. Ku Kabayan ditampanan). (*)

Sambungan ti Bagean 3

Moh. Ambri

T A M A T

Drama: Si Kabayan Jadi Dukun (Bagean 4) Drama: Si Kabayan Jadi Dukun (Bagean 4) Reviewed by Rupa Sundapura on 21.40 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.