Lulun Samak

Ibur salelembur ear sadedesa. Di lembur Cihanjuang aya nu tilelep di walungan Cisadane. Sababaraha urang budak umur welasan taun nu keur anteng ngarojay, bet kudu aya nu cilaka. Si Salim nu katibanan ku papaitna. Manehna jadi wadal leuwi Cisadane.

Carita Misteri

Nu ngarojay teh barudak nu keur mareujeuhna balangor. Kabehanana salapan urang nu tos ngurek di sawah. Tengah poe ereng-erengan tuluy tarurun ka walungan. Hayang ngojay miceun kesang jeung pangpangna mah teu kuat ku moreretna poe.

Ku kolot-kolotna barudak teh geus diomat-omatan ulah wani-wani ngojay di walungan Cisadane nu kacida sangetna. Tapi bubuhan barudak leutik teu apal dikakolotan, teu ngagugu kana panyaram kolot. Kaayaan kacida bayeungyangna, ningali di lebakeun sawah aya walungan nu ngagenyas, teu mikir panjang deui.

Barudak nu keur aranteng ngarojay teu eungeuh yen si Salim geus leungit. Heureuy gerah di walungan, silih simbeuh jeung patinggorowok. Tempona balik, kakara maranehna engeuh aya nu leungit. Komo barang ningali aya baju sasetel ngalumbuk can aya nu make mah.

Mimitina mah teu nyangka si Salim leungit, meureun keur kahampangan di hilir. Tapi barang diaprak, boh ka hilir boh ka girang, weleh teu taya laratanana. Geus ditutungguan teu keneh balik mah, barudak langsung birat ka lembur ngabejaan kolot-kolot.

Lurah Abo nu dibejaan langsung mere intruksi ka RT pikeun ngumumkeun kana pangeras, sakabeh urang lembur kudu ngilu neangan si Salim nu leungit. Teu kudu ngadagoan lila, urang lembur tamplok kabeh ka leuwi Cisadane. Leuwi diteuleuman. Hilir jeung ka girang diaprak ku sarerea, tapi weleh si Sallim teu kapanggih laratanana.

"Ari barudak sok gagabah, puguh ieu leuwi teh disangetkeun, ku keukeuh wani-wani ngojayan! Kolot wae rerempodan mun pareng meuntas sasakna, ieu kalah diojayan." Lurah Abo semu kukulutus, bari tuluy gek dina batu nyinghareupan sasak Cisadane. Dina walunganana masih keneh katembong aya nu neuleuman leuwi piligenti neangan si Salim.

"Barudak lalenger wungkul da eta mah. Nya si Salim deui nu sok ngaluluguan teu benerna teh. Eta oge ceuk katerangan barudak basa ditalekan hiji-hiji, si Salim nu keukeuh ngajakan ngojay teh!" ceuk RT Seblu.

Teu lila jol Aki Ohan ti hilir, paromana siga nu kuciwa. Tuluy gek milu diuk deukeut Lurah Abo.

"Tah geuning aya Ki Ohan," ceuk RT Seblu. "Tah Pa Lurah, Ki Ohan nu apal kana sangetna ieu leuwi."

"Cing...cing Ki, hayang apal nu sacerewelna pangna ieu leuwi disangetkeun. Nya jurig naon nu ngageugeuhna?" ceuk Lurah Abo bari tuluy sidakep nyinghareup ka Ki Ohan.

"Baheula mun kawenehan, nu meuntas sasak Cisadane sok remen ningali samak ngampar dina batu damprak itu1" Kituna teh bari nuduhkeun kana batu damprak nu ayeuna diriung ku jelema nu keur nareuleuman neangan jasad si Salim. "Osok oge tembong dina sisi leuwi nu deet ngampar samak, bubuhan caina herang."

Lurah jeung RT Seblu tuluy ngised diukna ngadeukeutan Ki Ohan.

"Tapi Aki mah ngalaman pisan. Aki sorangan ampir-ampiran jadi wadal di leuwi. Harita Aki keur ngarit. Lantaran ngelod balik, pasosore. Pas ngaliwat sasak Cisadane, dina batu damprak kaciri aya samak. Aki lir dipohokeun kana kasangetan ieu leuwi. Komo barang ningali samak ngampar dina batu damprak mah, kabita wae nu aya. Eukeur mah di imah teh samak geus ruksak. Dina pikiran teh meureun samak nu keur dipoe kabawa palid ti girang. Langsung tuturubun bari ngecagkeun karung jukut. Ngan barang antel kana samak, kaciri samak teh siga nu hirup jeung rek ngabulen leungeun. Nyaho kitu mah geus teu mikir panjang deui, langsung ngaberengbeng lumpat, cul karung jukut, ngabingbrit ka lemburkeun. Nepi di lembur langsung teu inget di bumi alam."

"Terus kumaha Aki?" ceuk Lurah Abo siga nu panasaraneun.

"Saterusna mah ieu leuwi beuki sanget. Tapi teu saeutik oge urang lembur nu nyebutkeun majarkeun Aki gede wadul, jijieunan. Tapi da Aki mah teu nginjeum ceuli teu nginjeum panon, estu kaalaman ku sorangan kalawan ampir-ampiran jadi korbanna. Meureun mun Aki kaleled mah ieu leuwi teh dingaranan Leuwi Ohan." Kituna teh bari ditungtungan ku seuri.

"Cenah mah mun nu geus kabawa kana cai mah sarua geus teu nyawaan. Aya nu nyebutkeun dibawa kana liangna nu ngajalur ka laut. Jasad jelema nu beunang kaleled ku lulun samak teh tuluy dibawa ka laut pikeun disebakeun ka nu ngageugeuh laut kidul." Aki Ohan nuluykeun caritana.

"Terus kumaha, Aki?" Lurah jeung RT meh bareng.

"Ayeuna mah tong waka loba ngobrol, urang kudu buru-buru neangan. Saha nu wani neuleuman ieu leuwi engke peuting sosoranganan?" ceuk Ki Ohan bari ngareret Lurah jeung RT.

Nu direret ukur silih pelong. Tina paromanna oge geus kateguh euweuh nu daek.

"Naha bet kudu ti peuting Aki? Jeung naha deui bet kudu neuleuman sosorangana? Kuriak nu niat rek neangan jasad teh kalah jadi wadal oge." RT Seblu bangun nu panasaran.

"Hus...tong sok sompral!" Ki Ohan ngagebes. "Ari urusan jeung nu kitu mah kudu ditarekahanna ti peuting, mangsa alam sepi jempling. Pameulina memang kitu ari hayang jasadna kabawa deui mah."

Beres kitu mah tuluy wae Lurah Abo neangan pijalmaeun nu daek neuleuman leuwi engke peuting. Loba nu teu sanggup, bararaid teuing cenah kudu teuleum sosoranganan di leuwi nu geus puguh aya jurigan, aya lulun samak nu ti beurangna geus ngala wadal.

Tapi ari disaliksik ka unggal lembur mah teu burung aya nu sanggup. Jang Ahmad putra Ustad Wawan teureuh palika nu daek teh. Jang Ahmad tuluy ngajak Lurah jeung Ki Ohan sangkan nganteur, kalawan dipapadonan tong ngaguruh, malah inditna oge kudu mopoek cenah. Sanepina dina sasak, tuluy Jang Ahmad papadon ka Lurah Abo jeung Ki Ohan.

"Keun tong harariwang, mun salila opat puluh menit kuring teu mucunghul deui hartina kuring geus sasab di ieu leuwi kabawa ka laut atawa alam siluman. Tong dijieun ibur, isuk-isuk teangan wae jasad kuring di ieu leuwi. Mun teu kapanggih oge tong ibur, kuring pasti balik deui." Kitu papadonna.

Rada ngagebeg oge Lurah Abo jeung Ki Ohan ngadenge nu papadon kitu mah. Tapi teu bisa majar kumaha, duanana ukur bisa ngaheueuhkeun ku unggeuk.

Jang Ahmad tuluy rerencepan turun tina sasak mapay batu. Nepi dina batu damprak tuluy katembong ngajengjen salila-lila, tayohna mah keur mapatkeun doa atawa meureun jampe pamake palika. Da sidik akina teh baheula palika kawentar. Geus kitu mah lep wae teuleum. Can oge 20 menit, Jang Ahmad geus kaciri hanjat. Tuluy muru ka nu nungguan.

"Kumaha, Jang?" ceuk Lurah Abo hariweusweus.

"Wayahna Aki atawa Lurah, kudu balik ka lembur. Menta panitih. Aya budak teh, katembong sukuna wungkul. Geus dikenyang teu bisa. Kudu bari ditojos ku panitih hayang kabawa deui mah. Abi hilap teu mawa, padahal pun Aki teh baheula kungsi papadon tong leupas tina panitih tukang teuleum mah," pokna.

Lurah Abo jeung Ki Ohan teu loba tatanya, tuluy uyap-ayap kana calana jeung bajuna. Gap Ki Ohan kana kancing bajuna nu kamari lesot, untung kamari teh langsung dipanitihan.

"Alah Jang, teu kudu ka lembur ka jauh-jauh. Ieu kabeneran di Aki aya panitih mah."

Can oge Ki Ohan jeung Lurah Abo sempet nanya keur naon-keur naonna, Jang Ahmad geus kaburu turun manten. Tuluy lep deui cara tadi kalawan teu jajampean ayeuna mah. Teu lila, kira-kira limawelas menitan aya nu ngaburial tarik naker. Selang sababaraha menit, ti cai nu ngaburukbuk motah, pucunghul Jang Ahmad bari nyekelan layon si Salim.

"Ieu bantuan mawa!" ceuk Jang Ahmad bari tuluy hanjat mayang layon. Nu digeroan turun mantuan bari dugdag-degdeg, reuwas jeung kasima.

"Hayu geuwat urang tinggalkeun ieu leuwi!" pokna deui bari tuluy haranjat mawa layon. Katembong sareretan ku Lurah jeung Ki Ohan, cai leuwi siga nu ngamuk motah, tapi teu hayang nengetan papanjangan, nu puguh mah hayang geura balik nepi ka lembur. Sieun lulun samakna hanjat ka darat.

Sabada beres mulasarah layon, beres ngurebkeun peuting harita keneh, sawareh karumpul di imah Lurah Abo. Sanggeus rineh mah Jang Ahmad ngobrolkeun nu kaalamanana. Pas diteuleuman ku Jang Ahmad, kaciri deukeut liang di dasar leuwi suku si Salim. Dibetot ku leungeunna kalah beak tanaga, jeung tembong leled samakna siga rek malikan ka nu ngagangguna. Keur kitu tuluy Jang Ahmad inget kana papagah akina. Mun hayang leupas tina jiretan leled samak, kudu ditojos ku jarum, kakara bakal leupas. Kulantaran eta cenah palika mah wajib mawa panitih. Salian ti keur ngungkulan nu kitu, oge keur ngararasakeun lamun pareng keur teuleum disasabkeun ka laut ka dunya siluman, tojoskeun eta panitih kana awak sorangan. Lamun teu karasa nanaon jeung euweuh getihan, eta geus dipastikeun aya dina alam siluman. Sedeng lamun nyeri jeung kaluar getih, eta tandana geus aya deui di dunya nyata.

Ti saprak kajadian eta, leuwi Cisadane robah ngaranna jadi leuwi Salim. Urang lembur percaya, mun leuwi dingaranan korban, eta leuwi teu moal menta deui wadal manusa. Salian ti eta oge pikeun pangeling-ngeling ka nu lain yen di eta tempat kungsi aya kajadian rajapati, nu taya lian ti Si Salim. Kahareupna tangtu kudu ati-ati lamun nincak ka eta tempat. (*)


Taufik Rahayu
Lulun Samak Lulun Samak Reviewed by Rupa Sundapura on 22.03 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.