Prabu Siliwangi

Prabu Siliwangi ngarupakeun hiji tokoh anu kamashur dina kasusastran Sunda, nujul ka tokoh sajarah anu gelarna Sri Baduga Maharaja (sakumaha dina prasasti Batutulis) atawa Jayadewata (dina Carita Parahyangan), ti karaton Pakuan Pajajaran, puseur pamarentahan karajaan Sunda.

Rohang Kalam

Sumber sajarah pangbuhunna nu nyabit-nyabit kecap "Siliwangi" nyaeta naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian (1518 M) nu maksudnya nyebutkeun hiji lalakon pantun, eta oge lalakonna mah teu dicaritakeun. Nu kadua nyaeta Carita Purwaka Caruban Nagari (1720 M) nu ditulis ku Pangeran Arya Cirebon, nu ngadadarkeun yen Prabu Siliwangi teh putra Prabu Anggalarang ti Galuh, nu kungsi matuh di karaton Surawisesa, Parahyangan Wetan. Prabu Siliwangi ngadeg nalendra di Pakuan Pajajaran nganggo jenengan Prabu Dewatawisesa, linggih di kadaton Pakuan nu ngaranna "Sri Bhima". Prabu Siliwangi jeneng ratu di Pakuan teu lila satutasna nikah ka Subanglarang di Singapura (1422 M), dina jaman Prabu Niskala Wastu Kancana mingpin keneh karajaan Sunda ti Kawali (1371-1475 M). Lian ti Subanglarang, Prabu Siliwangi oge nikah ka Ambetkasih. Numutkeun naskah ieu keneh, nalika Prabu Siliwangi ngalih ka Pakuan teh, agama Islam geus sumebar di masarakat.

Dina naskah Carita Ratu Pakuan (Kr. 410, ditulis kira ahir abad ka-17 atawa awal abad ka-18), Prabu Siliwangi teh nujul ka Ratu Pakuan, nu gaduh istri Ambetkasih jeung Subanglarang. Katerangan ieu cocog jeung eusi naskah Cirebon nu kasebut tadi, sahingga eces yen Ratu Pakuan teh Prabu Siliwangi alias Sri Baduga Maharaja.

Dina prasasti Batutulis disebutkeun yen Jayadewata teh diistrenan dua kali: "Prabu Guru Dewataprana" (kira taun 1420-an ahir atawa awal 1430-an) jeung "Sri Baduga Maharaja Ratu Haji di Pakuan Pajajaran Sri Sang Ratu Dewata" (1482 M). Anu munggaran, diistrenan kalawan jenengan "Prabu Guru Dewataprana" teh sigana ku Prabu Susuktunggal raja Sunda, ramana, nu ngadegkeun kadaton Sri Bhima Punta Narayana Madura Suradipati. Sedengkeun anu kadua, nyaeta nalika ngaganti Ningrat Kancana (nu gelarna "Prabu Dewa Niskala" di Galuh) sakaligus ngahijikeun (deui) kakawasaan Sunda-Galuh.

Catetan ti Portugis (Summa Oriental karya Tome Pires) nyebutkeun yen Karajaan Sunda teh diparentah kalawan adil, jalmana jalujur. Kagiatan dagang Sunda jeung Malaka teh nepi ka Maladewa. Produksi pedesna (cenah kualitasna leuwih hade batan produksi India) nepi ka 1000 bahar (1 bahar = 3 karung) per taun, malah asemna mah bisa minuhan 1000 kapal, nu dimuat di palabuan Banten, Kalapa, Cimanuk, Tangerang, Pomdam (?), jeung Cigede. Komoditas lianna di antarana emas murni, kaen, daging (bagong, domba, embe, sapi), sayuran, jeung bubuahan. Oge ngeunaan kaayaan Pakuan, nu disebutkeun pangeusina aya 50 rebu urang, sedengkeun angkatan nu siap perangna aya 100 rebu urang, nu dirojong ku 4000 kuda ti Pariaman jeung 40 gajah.

Prabu Siliwangi mingpin karajaan Sunda di Pakuan Pajajaran salila 39 taun (1482-1521 M), dikurebkeun di Rancamaya (wewengkon nu kiwari mangrupa padumukan mewah Rancamaya, deukeut Ciawi, Bogor), sedengkeun pamarentahan Sunda salajengna diteruskeun ku Surawisesa. (*)

Prabu Siliwangi Prabu Siliwangi Reviewed by Rupa Sundapura on 21.11 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.