Tjarita Mantri Djero (Bagean 18, Djilid 1)

Isoekna oerang Nagara Tengah ladjoe deui loemampahna madjoe ngoelon-ngidoel, toeroen goenoeng oenggah goenoeng, mapaj lebak mipir pasir. Katjida doresana, kawantoe asoep leuweung kaloear leuweung.

Carita Nyambung

Maskoemambang

Katjatoerkeun noe loenta tilar nagari,
pada nandang soesah,
sedih kingkin djeung prihatin, njorang laoetan soengkawa.

Henteu njana bakal nandangan kasedih,
oeroet soeka boengah,
djaoeh karoedet karoengsing,
temahna djadi baroentak.

Dalem-istri henteu petot-petot nangis,
kawantoe kakara,
pinanggih reudjeung kasedih,
ngaraosan kalaraan.

Keur meudjeuhna panas poe mentrang-mentring,
teu aja panghalang,
baroedak ear noe tjeurik,
tjarape teu koeat leumpang.

Keur mah poe panasna kaliwat saking,
tambah roeroesoehan,
dikeprik ti barang indit,
ripoehna kabina-bina.

Wantoe-wantoe njingkahan bahjaning pati,
sabab moen kaoedag,
koe oerang Mataram nagri,
tanwande njawa paragat.

Anoe leumpang sasatna digiring-giring,
sabab moen leleda,
tinangtoe nemahan pati,
djaradi wadal barandal.

Bari leumpang sasambat marelas-melis,
Emh oerang Mataram,
naha kaniaja teuing,
njiksa teh taja rasrasan.

Henteu lila angkeub satoengkebing langit,
asal tjaang lenglang,
ngadingding lir indoeng peuting,
mega noe noeroenkeun hoedjan.

Ari ger teh hoedjan gede liwat saking,
teu aja saoerang,
anoe toehoer teu moetjitjid,
baseuh kabeh papakean.

Djalan djeblog wantoe mapaj aloer moending,
kira wantji asar,
geus datang ka sisi tjai,
waloengan ngaran Tjikembang.

Ti kadjaoehan keneh tjai waloengan kadengena ngagoeroeh, wantoe entas hoedjan gede. Tjaah rongkah moenggah oempalan. Tjaina ngabelegeder semoe hideung. Barang srog aleutan nepi ka sisi waloengan, reg ngarandeg, kapegat koe tjaah. Taja petana bisa kebat lantaran tjai sakitoe gedena.

Kangdjeng Dalem djeung rentjang-rentjangna noe ngariring, katjida bingoengna. Keueung patjampoer djeung sieun. Lengo deui, lengo deui ngaralieukan anoe geus kaliwatan, sieun djol, sieun djol moesoeh kaboeroe datang. Para istri rawah-riwih, para kapala teu paroegoeh polah, tinglalindjing teu ngeunah tjitjing, karenjeng ngadagoan tjai waloengan orot. Kabeh oge hatena mah geus aja di peuntas bae. Tapi ari tjai, batan ngorotan anggoer tambah beuki moedal, kawantoe hoedjan ti girangna keneh. Sarerea geus teu poegoeh rampa, meuntas teu wani, sieun tjatjap, sabab lamoen moesoeh datang harita teh kari njedekkeun bae kana tjai noe sakitoe ngaboelak-boelakna.

Eukeur sakitoe soesahna, ti tempat noe geus kaliwatan kadenge sada aja noe soesoerakan. Kabeh tjaroeringhak pada masangkeun tjeuli. Tetela sora noe soerak. Atoeh djerit bae awewe pating djarerit, boedak pating karotjeak, sasambat ka indoeng-bapa. Kabeh djelema pada goegoep, teu aja saoerang-saoerang atjan noe ngarep bisa hiroep, kawantoe moesoeh geus sakitoe deukeutna.

Djoeragan Panghoeloe djeung para oelama, bawaning koe samar polah toeloej ngaroempoel, ampar-ampar di noe rada rata, pek naretepan, neneda ka Noe Kawasa soepaja disalametkeun tina bahja maot. Bawaning koe tjengeng panedana, katambah teu atjan pastina nemahan pati, panedana djoeragan Panghoeloe djeung para oelama koe Goesti Jang Widi dikaboel.

Solojong aja tjatang palid ti girang, pandjang pisan. Koe tetendjoan saliwat mah siga tjatang kalapa. Aheng pisan. Barang nepi ka palebah anoe aja djelemaan, tjatang teh malang. Toengtoeng sabeulah ti dieu njangkol kana dapuran awi, toengtoeng peuntas ti ditoe katahan ku tangkal loa, ngadjapapang kawas tjoekang.

Oerang Nagara Tengah pada atoh nendjo aja tjatang malang, toeloej mareuntas sarta sarerea salamet. Sanggeus araja di peuntas ti ditoe, ret teh ngalieuk ka toekang. Di peuntas ti dieu, oeroet tadi maranehna beak pangharepan, geus nakleuk balad Mataram paheula-heula njaroekang bari ngabar-ngabar pedang. Barang noe njaroekang geus nepi ka tengah-tengah, oedjoeg-oedjoeg lep bae tjatang teh kalem. Leong djalma-djalmana paralid. Balad Mataram rea noe teu katoeloengan deui. Boel tjatang teh ngamboel deui, leong bae palid. Kawas pisan noe ngahadja eta tjatang malangna teh ngan pikeun meuntaskeun noe rek dibinasa koe moesoeh bae.

Oerang Mataram teh kandeg ngoedagna, sabab nadjan sakoemaha waranina oge, nendjo tjai noe sakitoe matak gilana mah, ngararogo, henteu waranieun meuntas, sabab noe ti heula oge paralid. Teu lila toeloej baralik bae, pada ngarereb di dajeuh kosong, ngararaso bari ngadagoan orotna tjai. Balad Mataram katjida arambekeunana barang njampak di nagara taja djalma saoerang-oerang atjan. Tjek wiwilanganana teu maranggihan toembila-toembila atjan teh saenjana, sabab sagala diringkid. Kadaharan djeung ingon-ingon taja anoe dikarikeun, djadi oerang Mataram teh ngan teu hese njieun pamondokan bae.

Kotjapkeun Kangdjeng Dalem Nagara Tengah geus soemping kana hidji pasir noe loba tatangkalanana. Di handapna ngagolendang beresih, lalening. Toeloej andjeunna ngaso, ngareureuhkeun palaj. Djeung koe lantaran katjida ripoehna, kersana rek teroes koelem di dinja bae.

Kakara harita sarerea pada ngarasa pililaeun hiroep, sabab beunang diseboetkeun ajeuna mah geus lesot tina bahja maot. Sanadjan oerang Mataram teroes ngabeledigna oge, tjeuk sareat mah moal kasoesoel, sabab geus katjida djaoehna, katambah-tambah ari oerang Djawa mah semah deui, moal tabah kana kaajaana tempat-tempat di Pasoendan. Kawoewoehan oerang Nagara Tengah njarokotna djalan anoe sakira moal disorang koe djelema Laleumpangna madjoe ngidoel ka pagoenoengan, henteu mapaj-mapaj noe rata, djadi sanadjan oerang Mataram teroes ngoedagna oge, kawasna moal kakoreh tapak.

Bar panakawan ngampar samak. Kandjeng Dalem djeung para menak gek tjaralik. Barang geus rada lila rentjang galehger, doemeh dampal soekoena pinoeh koe leuleueur. Ari diambeuan bet hanjir, saroepa koekoemoer loebang. Koe sabab eta sangkaanana, tjatang noe dipake njoekang tadi teh lain tangkal kalapa, tapi loebang. Kangdjeng Dalem oge sampeanana saroea bae pinoeh koe koekoemoer. Dawoehanana, "Kawas enja noe dipake njoekang koe oerang teh loebang. Meureun pitoeloeng Goesti Mahasoetji pikeun njalametkeun noe keur dioedag-oedag koe bahja!"

Bawaning koe tarima kana pitoeloeng Noe Kawasa, Kangdjeng Dalem djeung para oelama toeloej naretepan, nganoehoenkeun kana pangasihna, sarta koe sabab sarerea pada boga sangka, jen eta pitoeloeng teh dilantarankeunana koe loebang, Kangdjeng Dalem sarentjangna ngaragragkeun saoer, ti semet harita toedjoeh toeroenan tjadoe noeang loebang.

Isoekna oerang Nagara Tengah ladjoe deui loemampahna madjoe ngoelon-ngidoel, toeroen goenoeng oenggah goenoeng, mapaj lebak mipir pasir. Katjida doresana, kawantoe asoep leuweung kaloear leuweung. Rentjang-rentjang njaratjalan loba noe tinggaleun di djalan, bawaning koe teukoeat nahan katjapean djeung langlajeuseun, wantoening geus taja dahareun. Pikeun tamba lapar, sagala bae noe kapanggih didahar, kajaning boeboeahan, poepoetjoekan, djeung beubeutian.

Toenda Dalem Nagara Tengah djeung sarentjangna noe keur asroek-asroekan. Kotjapkeun balad Mataram teroes njoesoelna, malah geus mareuntas di Tjikembang. Sakoemaha sangkaanana oerang Nagara Tengah henteu njalahan, perdjoerit Mataram teroes madjoe ngoelon ka Galoenggoeng, ngaliwat Indihiang. Djalanna mapaj Tjitandoej bae. Di palebah Pagerageung, prok perdjoerit Djawa amprok djeung oerang Soekakerta, der perang. Malah oerang Pagerageung djeung oerang Soeniawenang oge marantoean, tapi balad Mataram teu katahan. Kawas badak bajangan bae, sagala didoepak sarta sakoer noe karoempak rarebah. Balad Soekakerta, Soeniawenang, djeung Pagerageung paboerisat, maboer katawoeran. Lemboer-Iemboer loba anoe ditinggalkeun, atoeh sakama-kama balad Mataram ngarandjahna radjakaja priboemi teh.

Ari balad Galoeh lain rek moendoer ka Tjihaoer?

Noeroetkeun tjarita, balad Galoeh henteu koengsi moendoer djaoeh. Saperkara perdjoerit Mataram kapegat koe waloengan Tjidjolang, katambah oerang Galoeh katjida tohtohanana ngalawanna. Roepana batan moendoer kadjeun adjoer. Balad Mataram loba noe maot kasamboet, bangkena paralid di waloengan, kitoe deui oerang Galoeh loba noe djadi babatang. Sabot wadya balad perang rame di sisi Tjidjolang, Kangdjeng Boepati Galoeh miwarang ngadamel koeta taneuh dina bobodjong, deukeut moehara Tjimoentoer, tohaga pisan, njaeta soepaja perdjoerit Mataram, nadjan bisa meuntasan Tjidjolang oge, bisa kapegat di Tjimoentoer.

Taroengna balad Mataram djeung pamoek-pamoek ti Galoeh, rame pisan sarta teu woedoe lila. Tapi sanadjan sakoemaha koeatna noe ngajonan, wantoening moesoeh keur noedjoe oenggoel djeung leuwih loba, balad Mataram teu boeroeng bae bisa meuntas di Tjidjolang. Tapi barang datang ka Tjimoentoer, balad Mataram teh kandeg deui bae, malah Tjimoentoer mah leuwih hese dipeuntasanana batan Tjidjolang, lantaran aja benteng tea. Tapi dasar gegedoeg-gegedoeg Mataram lalegok tapakna, garenteng kadekna dina bab perang, henteu kakoerangan akal, teu boeroeng barisaeun meuntas. Barang geus amprok, der perang tjampoeh, rame pisan, moesoeh-lawan saroea waranina. Bangke patoelajah lir babadan patjing, malah Tjimoentoer teh tjaina geus beureum kawas getih bae.

Kangdjeng Boepati Galoeh, noe kawangikeun djoedjoeloekna Adipati Panaekan, moendoer ka koelon, mapaj sisi Tjitandoej, malah nelah nepi ka ajeuna, eta lemboer diseboetna Panjingkiran. Hadena bae, balad Mataram anoe ngabedah Galoeh mah henteu sakoemaha lobana, sabab rereana mah njaeta anoe harandjat di Pamotan tea, lantaran tadina oge maksoed oerang Mataram teh, perdjoerit noe dikirimkeun ka Galoeh mah itoeng-itoeng mitjeun salasah bae, soepaja oerang Kawasen, Nagara Tengah, djeung Soekakerta balangah.

Balad Mataram noe geus ngoebrak-ngabrik nagara-nagata Priangan beulah wetan, neroeskeun perdjalanannana ladjoe ngoelon. Sakoer nagara noe kasorang roentag. Dajeuh-dajeuh noe geus didjabel, koe oerang Mataram teh henteu ditaringgalkeun, tapi ditaroenggoean koe sababaraha perdjoerit. Djadi ti Kawasen nepi ka Batoelajang teh, geus katjekel koe oerang Mataram kabeh. Boepati-boepati anoe henteu kadjorag nagarana, loba noe serah bongkokan bae, sabab nadjan ngalawan oge taja oentoepan pikoeateun. (*)

Samboengan ti Bagean 17 Bagean #1 tos rengse. Antosan bagean #2

R. Memed Sastrahadiprawira (Bale Poestaka; Weltevreden)

T A M A T

Tjarita Mantri Djero (Bagean 18, Djilid 1) Tjarita Mantri Djero (Bagean 18, Djilid 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 21.35 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.