Kodok Bangkong

Mang Juned poe eta kadatangan tamu dulurna, Pa Kosim ti Jakarta. Kabeneran manehna jeung Pa Kosim boga budak saumuran kira-kira 5 taunan.

Barakatak

Basa Mang Juned keur ngobrol jeung Pa Kosim di teras imah, anakna keur uplek maen koleci jeung anak Pa Kosim. Keur anteng maen koleci, ujug-ujug gejlo weh aya bangkong luncat ka deukeut barudak nu keur maen koleci, atuh barudak teh rareuwaseun.

Anak Mang Juned: "Ih, awas aya bangkong, aya bangkong!"
Anak Pa Kosim: "Idih, ada kodok, ada kodok!"
Anak Mang Juned: "Yeeh, tong di kodok, geuleuh!"

Atuh Mang Juned jeung Pa Kosim nu ngadengekeun sing cakakak. (*)

Kodok Bangkong Kodok Bangkong Reviewed by Rupa Sundapura on 21.43 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.