Jurig Pesbuk

Teu pira ukur dua kecap. Kasigeung ku pamolah kuring. Bener ceuk paribasa mah teu tulangan. Lisan leuwih nyelekit kana hate batan maut hinis. Alatan status pesbuk minggu kamari, dumadakan kuring diputuskeun ku Neng Ani.

Carita Pondok

Aeh, geuning pesbuk lain lisan, tapi ku tulisan. Bener dawuhan Sayidina Ali bin Abu Tholib, cenah tulisan ge sarua leuwih bahaya tibatan congo pedang. Teu pira ukur dua kecap, geus ngaburantakkeun sumanget hirup kahareupna.

Kakara kaharti ku kuring, geuning maen pesbuk teh loba mudorotna batan maslahatna. Alatan pesbuk, loba jalma taya hojah, gawena ngan carindekul nyoro'o hape. Ti isuk jegur nepi ka sore jeput anteng dipepende ku dunia maya anu geus jadi simbol manusa modern tea. Teu di buruan, di sakola, di mol, atawa di angkutan kota, malah teu sirikna di dapur, loba jalma anu sibuk sorangan, malah sakapeung mah katara siga nu owah. Ngomong jeung sura-seuri sorangan, tara ieuh nolih ka batur sagigirna.

Da eta, mangsa baheula mah ari ngobrol teh ukur di golodog bari nyiar kutu. Mun teu ngabudalkeun bangbaluh hirup minangka curhat, paling ngagosip ngomongkeun batur. Atuh bapa-bapana, bari maen kartu di pos ronda naon deui atuh ari lain ngadurenyomkeun randa bengsrat di kampung sabeulah. Sigana eta pasipatan masarakat teh diulik kalayan geten ku pausahaan pesbuk. Heueuh, kreatip pisan tah nu nyieun pesbuk. Ngigelan jalma anu puwadaksina resep ngobrol atawa gibah. Ukur mencet hape, bisa ngobrol naon wae, ti ngabahas kasus Gayus Tambunan, gosip artis Anang-Krisdayanti atawa obrolan maen bal di mancanegara. Malah obrolan pulitik oge ayeuna mah teu didingdir kelir deui, nembrak. Teu menak teu cacah bisa ilubiung ngabahas sual pulitik anu haneut, anu baheula cadu dipedar.

Lamun geus ancrub jadi pesbuker, landian keur komunitas nuboga pesbuk, bobolokot sok poho sagala-gala. Nu rajin sok kabawa males. Nu sipatna males, beuki komo deui tambah males. Poho kana pancen gawe, malah sok poho solat, da kagok jawabna. Nu watir mah, loba nu mentingkeun meuli pulsa batan meuli beas. Heueuh keur maraban juragan pesbuk nu teu weleh nelegan pulsa. Unggal poe kudu seba pulsa ngarah bisa OL, lamun teu dipulsaan mah juragan pesbuk teh sok olo-olo alias mogok. Kapaksa pesbukerna kokotetengan neang waragad pikeun meuli pulsa keur ngadeuheus juraganana.

Nyaeta, ti saprak minggu kamari kuring jadi ceuceub pisan ka nu ngaranna pesbuk teh. Cua, teu hayang deui OL atawa muka status. Paduli teuing babaturan kaleungitan ge, nu saacanna teu weleh ngaganteng unggal bada Magrib, kukurusukan di jagat maya. Jurig pesbuk dilandina oge ku kuring ayeuna mah. Ukur nelegan pulsa, teu kolot teu budak. Nu untung mah pausahaan pulsa we, jadi beunghar. Pinter maranehna mah, tara angkaribung ngunjal jeung teu beurat mamawa pulsa.

Bebene kuring anu dipikaasih beurang peuting, Neng Ani ngejat ninggalkeun kuring alatan pesbuk. Teu pira ukur nulis dua kecap. Dua kecap anu meunggaskeun duriat kuring ka manehna. Neng Ani anu teu weleh ngancik dina jero hate, geus paheut rek sapapait samamanis, nyeri hate ku eusi status kuring dina pesbuk. Padahal sumpahna ge lain, lain keur anjeun, Neng Ani! Di pesbuk mah ocon atawa heureuy teh biasa, tong serius teuing. Kuring atawa sohib sok rajeun nempel poto atawa tulisan, oge nyieun status nu mahiwal teh, ngarah panasaran sohib-sohib sejen. Lamun meunang komentar leuwih ti sapuluh, hartina status pesbuk kuring laku, bakal rame, kana rating bakal naek, kuring jadi popular. Eta matak reueus pikeun pesbuker teh, da ari honor kikituan teu aya, eleh ku barakatak Mangle.

Harita mah heureuy kuring neunggeul pisan hate Neng Ani anu asa dileleceh harkat jeung martabat dirina jeung kulawargana. Sabalikna, pikeun kuring oge lir guludug dina panas poe ereng-erengan, teu hujan teu angin, Neng Ani ujug-ujug males status kacida kuciwana ku polah kuring. Lain ku nanaon, Neng Ani estuning mojang aktip tur pinter. Keur geulis rupa, parigel kana sagala widang. Aktip di Karang Taruna di lemburna, anu euyeub ku prestasi, saprak dipupuhuan ku Neng Ani. Dumadakan sohor sakabupaten mah. Pangpangna sohor teh, kapan sukses dina ngokolakeun program pamarentah kabupaten dina miara lingkungan "go green" tea. Karang Tarunana boga ajen dina miara kembang hias, ti ngabibitkeun, nyieun pupuk organik, nepi ka sukses masarkeunana. Teu hemeng, loba instansi pamarentah jeung organisasi pamuda sejen ti luar ngahaja studi banding ka Karang Taruna nu dipingpin Neng Ani.

Ceuk batur kuring, bagja temen kuring meunangkeun Neng Ani mah. Neng Ani mah wanoja singer, supel, tur darehdeh. Tangginas dina gawe oge leubeut ku pangarti.

Eta dina biantara ge, meni capetang pertentang teh nyaan, abong manukna dina miara kembang teh, ma'lum kapan masih keneh tolab elmu di Fakultas Pertanian. Atuh dina ngajak masarakat, pinter pisan ngirutna, kalayan sukarela masarakat milu aktip ngarojong program ieu milu miara kembang hias di buruan sewang-sewangan. Munasabah atuh komplek parumahan teh asri jeung resik.

Ayeuna karasa kosong hate teh. Ngangres, tunggara, balangsak. Sok nineung, biasana maju peuting teh haneuteun najan ukur ceting dina pesbuk. Ayeuna mah estuning jempling rehe. Ukur lalangit kamar kos nu pulas bodas dipapaes ku sakadang cakcak anu ngadodoho reungit pikeun mangsana. Pangacian nyawang mangsa endah jeung Neng Ani, minangka adi angkatan di kampus beda fakultas. Kuring rajeun mantuan tugas-tugas mahasiswa anyar dina mangsa ospek, nu ahirna jadi cukang lantaran kacangreud ati meungkeut katresna.

Geus saminggu, kuring teu muka pesbuk deui, baluas keneh ku komentar Neng Ani anu mangrupa komentar panungtungan. Saeutik mantak nyentug, majar kuring teh "sakola tapi teu nyakola" anu dipungkas ku komentar nutup panto hatena pikeun kuring. Senjata makan tuan siah, kitu ceuk si Omen tea mun apaleun mah. Nu matak hirup mah kudu asak timbangan ceuk kolot baheula mah.

Dunia selebriti dina layar kaca nu sok ngagosip bintang pilem atawa pajabat milu mangaruhan tabeat pamirsana, kaasup kuring. Paduli teuing nu jadi objekna nu diadurenyomkeun, nu penting mah rating beritana naek, nu masang iklan loba. Eta mah tipi, ari ieu mah status pesbuk. Jigana paduli teuing nu jadi bukur caturna mah, nu penting sohib sugema, aing gumbira titik. Eta pisan nu karandapan ku kuring.

Eta atuh pirajeuneun nempelkeun poto doger monyet nu keur euyeub di unggal parapatan lampu merah dina status pesbuk kuring, teu pira ukur ditulisan dua kecap "Sarimin Berkacamata" anu diigelan ku sohib-sohib kuring ku komentar-komentarna matak beureum ceuli, jauh tina tata etika, arasal engab, ma'lum barudak atah didikan.

Horeng Pa Sar, nu sok disungkeman ari nganjang ka Neng Ani, sugan teh Pa Basar, ari horeng teh geuningan Mang Sarimin, bapana Neng Ani. Hampura, Neng!

Gara-gara jurig pesbuk, halik siah nyingkah! (*)


Dadan Wahyudin - Majalah Isma, Cianjur, Edisi 112 Tahun XII 23 Nov-22 Des 2011
Jurig Pesbuk Jurig Pesbuk Reviewed by Rupa Sundapura on 21.29 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.