Sakadang Monyet Nabeuh Goong Batara Guru

Sakadang Monyet beuki ambek bae ka Sakadang Kuya. Sanggeus reureuh sakeudeung, terus bae indit. Maksudna rek neangan Sakadang Kuya. Ceuk pikirna, Sakadang Kuya teh geus kaleuleuwihi. "Teu bisa diantep, enya-enya kudu diwarah ayeuna mah! Rasakeun siah Kuya, ku aing disasaak!" Sakadang Monyet ngomong sorangan.

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet

Diteangan ka ditu ka dieu, weleh teu kapanggih. Handapeun batu paranti nyumputna dirojokan ku awi, teu embol-embol. Na ka mana atuh Sakadang Kuya teh? Sakadang Monyet ampir putus asa. Terus leumpang ka jero leuweung. Sugan aya di leuweung keur neangan hakaneun.

Enya bae, Sakadang Kuya keur diuk mendeko handapeun tangkal nangka.

"Tah, kapanggih ayeuna mah mangkeluk anu julig teh," ceuk Sakadang Monyet. "Hayoh siah rek lumpat ka mana? Beunang ayeuna mah!"

"Ssst, ulah geruh! Na teu nyaho uing teh keur nungguan goong Batara Guru?" ceuk Sakadang Kuya, ngomongna laun.

"Naon? Goong Batara Guru?" ceuk Sakadang Monyet, ngomongna angger bedas.

"Ssst, ceuk uing ge ulah geruh! Daek anjeun kabendon ku Batara Guru?" ceuk Sakadang Kuya deui.

"Mana goong Batara Guru teh?" ceuk Sakadang Monyet. Ayeuna mah ngomongna halon.

"Tuh, tenjo atuh di luhur!" ceuk Sakadang Kuya bari nunjuk kana sayang odeng, ampir sagede nangka bakating ku gede.

Sakadang Monyet teu ngomong. Gek diuk gigireun Sakadang Kuya bari panonna anteng neuteup goong Batara Guru.

"Sakadang Kuya, meunang henteu mun uing ngajaran nakol goong?" ceuk Sakadang Monyet.

"His, ulah atuh! Uing mah sieun kabendon ku Batara Guru. Tong boroning nakol, ngadeukeutan oge uing mah teu wani!" tembal Sakadang Kuya.

"Sakali we Sakadang Kuya!"

"Teu bisa!"

"Lalaunan ieu mah nakolna oge, hayang ngadenge sorana!"

"Rek lalaunan rek tarik, pokona mah teu bisa! Sabab uing diwanti-wanti pisan kudu enya-enya ngajaga ieu goong. "Jadi, hampura we Sakadang Monyet."

Tapi Sakadang Monyet keukeuh maksa.

"Sakadang Kuya mah kawas lain ka sobat bae," ceuk Sakadang Monyet semu ngageuri.

Ahirna Sakadang Kuya nyarita, "Nya ari hayang-hayang teuing mah, sok bae atuh. Ieu mah pedah ka sobat we, mun ka batur mah moal diidinan, sanajan sakumaha maksana oge. Tapi samemehna uing kudu ingkah heula ti dieu. Ari sababna, uing sieun dicarekan ku Batara Guru. Sieun disupata. Ke lamun uing geus jauh ti dieu, pek bae takol."

Sakadang Monyet kacida atohna ngadenge omongan Sakadang Kuya kitu teh. Ari Sakadang Kuya mah terus bae ngaleos. Ngadedod indit ka leuwi.

Sanggeus Sakadang Kuya jauh, terekel Sakadang Monyet naek kana tangkal nangka bari mawa pangpung. Gek diuk dina dahan handapeun sayang odeng tea.

"Cing ah urang takol goong Batara Guru teh," ceuk Sakadang Monyet. Tuluy ditakol lalaunan ku pangpung.

Keplok, nguuungngng.

"Alah, ngeunah sorana oge, meni bangbaraan," ceuk Sakadang Monyet bari seuri. "Sakali deui ah!"

Keplok, nguuungngng.

Sakadang Monyet tangka ngalenggak-lenggak bae bakating ku nimat ngadengekeun sora goong Batara Guru.

Keplok, nguuungngng.

"Cacakan ditakolna lalaunan, sorana geus agem kitu. Komo lamun tarik meureun, pasti sorana handaruan," ceuk Sakadang Monyet dina jero hatena.

Sakadang Monyet ngawahan. Belatak sayang odeng anu disangka goong Batara Guru teh ditakol sataker tanaga nepi ka bencar. Odengna kalaluar, kabeh napuk ka Sakadang Monyet. Nyareureud. Sakang Monyet tuturubun tina tangkal nangka, terus lumpat bari jejerewetan.

"Tuluuung! Alah ieung, tulung. Tuluuungngng!" Awakna beak diseureud ku odeng. Lumpat ka mana bae oge, terus diudag-udag ku odeng anu kacida lobana. Gebrus wae atuh manehna ngagejeburkeun maneh ka leuwi. Terus teuleum bari nahan kanyeri. Awakna, sirahna, leungeunna, sukuna, irungna, ceulina..., ah, kabeh euweuh nu kaliwat, barareuh diseureud ku odeng.

Sanggeus rada lila aya di leuwi, odengna geus euweuh, Sakadang Monyet kakara wani hanjat. Tuluy cinutrung dina batu. Kabulusan. Hatena mah kacida ambekna ka Sakadang Kuya.

"Nyaan, Sakadang Kuya mah teu beunang dipisobat! Geus ti ayeuna mah aing moal daek deui sosobatan jeung Si Kuya teh. Dasar kuya kolot ku maneh!" ceuk Sakadang Monyet ngomong sorangan, nyarekan bebeakan ka Sakadang Kuya.

Ti harita Sakadang Monyet tara datang-datang deui nyampeurkeun ka Sakadang Kuya. Tapi ari cicingna mah angger bae di dinya, henteu ingkah ti leuweung sisi muara. Ari hatena mah angger bae ngunek-ngunek, hayang males kanyeri ka Sakadang Kuya. (*)


Samemehna: Sakadang Kuya Rek Dikawinkeun Ka Anak Pa Tani Saterusna: Sakadang Kuya Silih Duruk jeung Sakadang Maung
Sakadang Monyet Nabeuh Goong Batara Guru Sakadang Monyet Nabeuh Goong Batara Guru Reviewed by Rupa Sundapura on 20.38 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.