Sakadang Kuya Rek Dikawinkeun Ka Anak Pa Tani

Nenjo di imah Pa Tani euweuh sasaha, kira-kira wanci sareupna, Sakadang Monyet turun tina tangkal asem. Tuluy nyampeurkeun ka Sakadang Kuya anu keur dikurungan ku ranggap. Maksudna mah arek mupuas ka Sakadang Kuya.

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet

Tapi, barang tepi ka buruan imah Pa Tani, Sakadang Monyet kacida kagetna. Ari sababna, Sakadang Kuya teh katembong jiga anu bungah pisan. Malah make jeung hahariringan sagala. Teu tulus arek mupuas teh.

"Aya naon Sakadang Kuya, katembongna teh bet bungah-bungah teuing?" Sakadang Monyet nanya.

"Ih, atuda rek teu bungah kumaha. Isukan teh uing rek dikawinkeun ka anakna Pa Tani?"

"Rek dikawinkeun?"

"Enya, rek dikawinkeun!"

"Ka anakna Pa Tani?"

"Enya, ka anakna Pa Tani anu geulis tea geuning. Awakna lenjang, buukna panjang, deuh..., sugan mah," ceuk Sakadang Kuya bari pepeta, metakeun awewe geulis.

Sakadang Monyet ngahuleng teu percaya.

"Ah, piraku?"

"Maenya teu percaya keneh bae, sakitu jelas tanda-tandana. Ayeuna teh Ambu Tani jeung anakna keur ka pasar, rek balanja keur olah-olah hajat isukan. Ari Pa Tani keur neang lebe," ceuk Sakadang Kuya, kalem.

"Paingan atuh tadi arindit," ceuk Sakadang Monyet. "Alus milik Sakadang Kuya mah."

Sakadang Kuya teu nembal, kalah terus hahariringan.

Sanggeus ngahuleng salila-lila, pok Sakadang Monyet nyarita lemah-lembut, "Kieu Sakadang Kuya, urang teh asa lain sapoe dua poe sosobatan teh, nya."

"Enya, ari kitu?"

"Kumaha upama urang hilian bae. Uing anu dikurungan, Sakadang Kuya di luar. Hartina Sakadang Kuya bisa bebas, rek balik ka imah heug, atuh rek cicing bae di dieu teu nanaon," ceuk Sakadang Monyet.

"Upama kitu mah anu dikawinkeunana ge meureun anjeun, nya? Ih, embung teuing ari kitu mah! Anak Pa Tani tea, keur geulis teh bageur deuih," tembal Sakadang Kuya.

"Emh, Sakadang Kuya mah kawas lain ka sobat bae. Uing oge hayang atuh ngarasakeun kabagjaan saperti anjeun ayeuna," ceuk Sakadang Monyet ngarenghik.

Sakadang Kuya keukeuh embung, Sakadang Monyet keukeuh hayang. Lila pakeukeuh-keukeuh. Antukna mah Sakadang Kuya teh ngomong, "Nya atuh ari hayang-hayang teuing mah, Sakadang Monyet, heug bae. Ngan samemeh anjeun asup kana ranggap, alungkeun heula uing ka leuwi. Lain ku nanaon, bisi anakna Pa Tani kuciwa, da geuning katenjona mah bogoheun pisan ka uing teh. Emh, pileuleuyan, Nyai, lain Akang teu bogoh, ngan ieu mah bakating ku bela ka nu jadi sobat we."

Ngadenge omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyet kacida bungahna. Teu talangke deui, Sakadang Kuya dikaluarkeun tina ranggap, tuluy dipanggul, rigidig dibawa lumpat ka leuwi. Nepi ka leuwi, lung bae Sakadang Kuya dialungkeun. Manehna gura-giru balik deui ka imah Pa Tani. Sup kana ranggap, ngurungan maneh di pipir imah Pa Tani.

Bada magrib anu geus ti pasar teh kakara baralik. Teu lila, Pa Tani oge datang. Langsung arasup ka imah, teu ulak-ilik heula kana ranggap, anu eusina geus lain Sakadang Kuya, tapi Sakadang Monyet.

Isukna, isuk-isuk pisan Pa Tani geus kaluar ti imahna.

"Nyai, pangmawakeun bedog ka dieu, urang meuncit kuya tea!" ceuk Pa Tani ka anakna.

Gebeg, Sakadang Monyet kacida kagetna ngadenge omongan Pa Tani kitu teh. Geuning Sakadang Kuya teh rek dipeuncit, lain rek dikawinkeun, boro ku aing digentenan, ceuk pikirna.

"Bisi mintul mah asah heula bapana," ceuk Ambu Tani.

"Heug, kadieukeun atuh batu asahanana!"

Teu lila gesruk-gesruk kadenge anu ngasah bedog. Karasana ku Sakadang Monyet mah meni geus asa geresel-geresel bae eta bedog teh kana beuheungna. Manehna manggih akal, tuluy bae papaehan. Awakna dijegerkeun.

Torojol anak Pa Tani ka dinya. Ngilikan ranggap, ngilikan eusina. Kaget, pedah eusina lain kuya, tapi monyet.

"Bapa, geuning kuya teh euweuh!" anak Pa Tani ngagorowok.

"Naon Nyai, kuya euweuh?" ceuk Pa Tani bari nyampeurkeun.

"Aya oge monyet, geus paeh deuih. Tuh, awakna oge mani jeger!"

"Heueuh geuning!" ceuk Pa Tani bari mukakeun ranggap. Monyet dicokot. Tuluy dibalangkeun sataker tanaga. Barang keuna kana taneuh, Sakadang Monyet hudang, berebet lumpat tarik pisan, asup ka jero leuweung. Kalacat bae naek kana tangkal anu jangkung. (*)

Pa Tani jeung anakna ngan ukur bisa olohok.


Samemehna: Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Maling Cabe Saterusna: Sakadang Monyet Nabeuh Goong Batara Guru
Sakadang Kuya Rek Dikawinkeun Ka Anak Pa Tani Sakadang Kuya Rek Dikawinkeun Ka Anak Pa Tani Reviewed by Rupa Sundapura on 08.48 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.