Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Maling Cabe

Ayeuna mah rada lila pundungna Sakadang Monyet teh, aya kana tilu poena. Tapi ahirna, Sakadang Monyet datang deui nyampeurkeun ka Sakadang Kuya. Harita teh isuk-isuk keneh pisan.

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet

"Sakadang Kuyaaa!" Sakadang Monyet gegeroan bari nangtung dina batu lempar paranti moyan Sakadang Kuya. Sorana dialeu-aleu.

"Kuk!" aya anu nembalan di handap.

Sakadang Monyet luak-lieuk tapi euweuh sasaha.

"Sakadang Kuyaaa!"

"Kuk!" aya anu nembalan deui.

Sakadang Monyet culang-cileung, angger euweuh sasaha. Pok deui ngageroan.

"Sakadang Kuyaaa!"

"Kuk!"

Barang kadenge sora "kuk", jempol sukuna utek-utekan. Disangkana anu nembalan teh jempol suku manehna sorangan.

"Geuning maneh anu nembalan teh! Maneh ngaheureuykeun ka uing?" ceuk Sakadang Monyet ambek kana jempol sukuna. "Dipekprek sia ku aing!"

Sakadang Monyet nyokot batu sagede peureup, tuluy dipekprekkeun kana jempol sukuna. Atuh Sakadang Monyet teh jejerewetan nyerieun indung suku.

Gek Sakadang Monyet diuk dina batu bari ngusapan jempol sukuna anu rada ngabareuhan. Keur kitu, kurumuy Sakadang Kuya datang tina handapeun batu.

"Euleuh-euleuh, Sakadang Monyet. Ka mana bae atuh, meni kakara katingali?" ceuk Sakadang Kuya bari nyampeurkeun ka Sakadang Monyet.

"Nyaeta uing teh geus ulin ngurilingan leuweung di dieu, sugan aya hakaneun anu ngeunah," tembal Sakadang Monyet.

"Manggih henteu?"

"Manggih. Cabe meni bareureum teh."

"Cabe nya? Kabeneran atuh, puguh asa geus lila uing teh henteu ngadahar cabe. Di mana nu aya tangkal cabe teh?" Sakadang Kuya panasaran.

"Di kebon Pa Tani. Lamun Sakadang Kuya hayang, hayu urang ngala, da uing ge hayang."

"Ah, embung di kebon Pa Tani mah. Sieun ku Pa Tani. Komo Sakadang Monyet mah sok gandeng ari baranghakan teh."

"Moal, moal gandeng! Urang di sisina we ngalana oge, ulah ka tengah. Apan kebon Pa Tani teh lega."

"Embung ah, sieun!"

"Sumpah, uing mah moal gandeng. Jeung lamun kapanggih ku Pa Tani, urang lumpat, engke Sakadang Kuya digandong ku uing!" ceuk Sakadang Monyet ngayakinkeun Sakadang Kuya.

"Nyaan ieu teh?"

"Sumpah, piraku uing ngabohong ka kolot!"

"Hayu atuh ari kitu mah!"

Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet indit ka kebon Pa Tani.

Barang tepi ka kebon Pa Tani, enya bae katembong tangkal cabe sakebonan, cabena geus bareureum deuih.

Jleng Sakadang Monyet ngaluncatan pager, ari Sakadang Kuya moncor kana sela-sela pager anu carang. Geus kitu mah, der bae duanana ngahakanan cabe, meni ngaweswes. Sareuhah ladaeun, komo Sakadang Kuya mah tangka cirambay bakating ku lada. Tapi terus bae ngahakanan cabe. Lada oge lada ngeunah cenah. Kawantu kahakanan anu langka keur maranehna mah cabe teh.

Keur kitu, ana gorowok teh Sakadang Monyet ngagorowok, "Seuhah lata-lata," cenah. Maksudna mah ‘seuhah lada-lada’.

"Ssst, ulah gandeng atuh, bisi kadengeeun ku Pa Tani!" Sakadang Kuya nyaram. Tapi Sakadang Monyet teu beunang dicaram, angger bae gogorowokan.

"Seuhah lata-lata! Seuhah lata-lata!"

Harita Pa Tani keur ngareureuhkeun cape di saung. Barang ngadenge anu gandeng di tungtung kaler kebonna, tibuburanjat hudang. Moal salah, ceuk pikirna, aya anu ngaganggu kana pepelakanana. Ngarawel pangilang, awi sadeupa, tuluy ngagidig ka lebah anu gandeng tea.

Katenjoeun ku manehna aya monyet keur ngaweswes ngahakanan cabe.

"Tah, beunang siah anu sok malingan cabe aing teh!" ceuk Pa Tani bari ngudag Sakadang Monyet. Sakadang Monyet lumpat. Ditenggor ku pangilang, teu beunang. Terekel Sakadang Monyet naek kana tangkal asem, terus diuk dina dahan pangluhurna. Ari Sakadang Kuya mah teu bisaeun lumpat, nyumput kana dapuran cau.

Pa Tani nyampeurkeun ka lebah tangkal cabe anu diranjah ku Sakadang Monyet jeung Sakadang Kuya. Ari datang, breh katenjo Sakadang Kuya keur nyumput dina dapuran cau. Nyumputna teu buni. Kalah ka huluna we anu ngelok teh, ari awakna teu dibunian. Atuh puguh babari kapanggihna ku Pa Tani.

"Ieu geuning hiji deui anu sok ngaranjah kebon aing teh!" ceuk Pa Tani bari newak Sakadang Kuya. Sakadang Kuya ditalian, tuluy dibawa ka saung.

Sakadang Monyet nenjokeun Sakadang Kuya anu dibawa ku Pa Tani. Hatena mah seuri. "Puas siah, bongan sok hayang meunang sorangan!" ceuk Sakadang Monyet dina jero hatena. Manehna ngarasa bungah, pedah geus bisa males kanyeri hatena basa ngala nangka jeung cau tea. Sakadang Kuya dibawa ku Pa Tani ka imahna.

"Ambu, Ambu, ka dieu geura!" ceuk Pa Tani ka pamajikananana.

"Aya naon bapana, meni siga nu dines pisan?"

"Ieu geura tempo, uing meunang kuya!" ceuk Pa Tani.

Ambu Tani norojol.

"Euleuh-euleuh, enya bae mani gede kitu! Kuya ti mana bapana?"

"Ti kebon. Kapanggih keur ngaweswes we ngahakanan cabe. Ieu tayohna mah anu sok malingan cabe teh!"

"Ieu teh rek dikumahakeun?"

"Urang peuncit we, isukan. Urang asakan, moal teu gajih geura kuya sagede kieu mah. Ayeuna mah kurungan bae heula ku ranggap. Kade bisi leupas!"

Kuya dikurungan ku ranggap, luhurna dibeungbeuratan ku batu, bisa ngencar cenah.

"Atuh meureun kudu meuli samarana ka pasar ari rek dipeuncit mah," ceuk Ambu Tani.

"Enya, jung ka pasar meuli samarana meungpeung beurang keneh. Ajakan bae Si Nyai," ceuk Pa Tani. "Uing ge arek ka Ki Kerta heula sakeudeung, balikna engke meureun bada magrib."

Teu lila Ambu Tani jeung anakna anu awewe indit ka pasar. Bada asar Pa Tani kaluar ti imahna, arek ka imah Ki Kerta. (*)


Samemehna: Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Ngala Cau Saterusna: Sakadang Kuya Rek Dikawinkeun Ka Anak Pa Tani
Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Maling Cabe Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Maling Cabe Reviewed by Rupa Sundapura on 14.30 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.