Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Ngala Cau

Sawatara bulan ti harita, pelak cau Sakadang Kuya teh geus baruahan, malah geus arasak. Mimiti kanyahoanana ku Sakadang Monyet. Atuh Sakadang Monyet teh hariweusweus nyaritakeun tangkal cau tea ka Sakadang Kuya.

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet

"Ieuh, geuning tangkal cau teh geus buahan. Buahna oge geus karoneng deuih," ceuk Sakadang Monyet.

"Piraku Sakadang Monyet?"

"Sumpah. Pan bieu uing ngaliwat ka dinya. Kudu buru-buru diala, bisi kaburu ku cocodot!"

"Heug, isukan mah urang ala."

"Keun uing anu ngalana mah, urang taekan. Sakadang Kuya mah cicing we di handap, da teu bisa naek. Ngan uing menta nya, apan uing anu ngalana, jeung uing deuih anu pangheulana nganyahoankeun geus asakna oge! Kuduna mah dibagi dua."

Sakadang Kuya ukur nyenghel ngadenge omongan Sakadang Monyet kitu teh. Teu nembal.

Peutingna, sore keneh Sakadang Monyet geus sare. Jigana mah capeeun, lantaran beurangna geus liar jauh. Ari Sakadang Kuya mah masih keneh nyileuk. Keur kitu kadenge Sakadang Monyet ngalindur, "Isukan uing rek ngala cau. Cauna rek dibawa kabur, Sakadang Kuya mah moal dibere. Bongan tuda, basa eta ge nangka dibeakkeun ku sorangan." Tayohna mah Sakadang Monyet teh neuteuli soal nangka tea, nepi ka kababawa ngalindur.

Ngadenge kitu, Sakadang Kuya ngahuleng. Mikiran kumaha carana sangkan isukan cauna henteu dibawa kabur ku Sakadang Monyet. Manehna manggih akal. Belenyeh seuri sorangan. Manehna nyokot koja. Tuluy eta koja teh dibolongan handapna. Anu bolongna teh dianyamkeun deui, tapi anyamanana padu nempel, nepi ka teu katingali geus dibolongan. Geus kitu mah, dug bae Sakadang Kuya sare.

Isukna, kira-kira wanci haneut moyan, Sakadang Monyet ngajak ngala cau tea ka Sakadang Kuya.

"Sakadang Kuya, hayu urang ngala cau tea!"

"Hayu. Tah, bawa atuh kojana ku Sakadang Monyet, keur wadahna. Pan anjeun anu rek ngalana oge, uing mah teu bisa naekna."

"Heueuh, ka dieu urang bawa ku uing," ceuk Sakadang Monyet. Koja teh disalindangkeun.

Duanana leumpang antare naker. Sakadang Monyet mah katenjona teh bungah pisan. Paromanna marahmay, malah make jeung hahariringan sagala. Boga rasa, manehna bakal meunang milik anu kacida lobana. Sakadang Kuya mah moal dibere.

Barang tepi ka nu dijugjug, enya bae cau teh geus arasak. Komo seuhangna mah, geus karoneng. Anu katenjo hejo keneh teh, butitina we.

Teu ngadagoan dititah heula, kalacat we Sakadang Monyet naek kana tangkal cau. Tuluy bae metikan cau anu geus arasakna. Sanggeus dipetik, terus diasupkeun kana koja. Atuh puguh we cau teh murag, lantaran handapna geus dibolongan tea ku Sakadang Kuya. Cau anu murag teh disanggap ku Sakadang Kuya. Sanggeus dibuka cangkangna, belewek bae didahar.

Sakadang Monyet mah tonggoy bae metikan cau. Petik, sup kana koja, pluk murag. Kitu jeung kitu bae. Sakadang Monyet teu nyahoeun, da teu rurat-reret ka handap. Bakating ku hayang buru-buru anggeus ngala cauna.

Bari ngaweswes ngadaharan cau, Sakadang Kuya api-api ngurihit menta cau ka Sakadang Monyet.

"Jang, cik atuh menta cau teh. Hijiii we. Uing mah meni hayang ngasaan!"

Sakadang Monyet teu nembalan. Malah teu ngalieuk-lieuk acan.

"Emh, Sakadang Monyet mah teu inget we ka uing teh!"

Sakadang Monyet hare-hare.

Barang cau anu arasakna geus beak, Sakadang Monyet tuturubun turun tina tangkal cau. Maksudna rek mawa kabur cau arasak, anu pangrasana mah aya dina kojana. Deregdeg bae lumpat, terekel naek kana tangkal anu jangkung. Cle diuk dina dahanna anu luhur. Leungeunna ngodok koja rek nyokot cau. Cauna euweuh. Barang eusina diilikan, Sakadang Monyet ngajerewet kaget, lantaran kojana kosong. Beuki kaget barang ningali koja teh handapna bolong.

Ret ka handap, katingali Sakadang Kuya keur nyarande kana tangkal cau bari nyekelan beuteung. Kamerekaan lantaran loba teuing ngadahar cau. Di sabudeureunana cangkang cau meni ngabayak.

Sakadang Monyet buru-buru turun tina tangkal, tuluy nyampeurkeun Sakadang Kuya.

"Sakadang Kuya, menta cauna atuh!"

"Tah, aya hiji deui!" ceuk Sakadang Kuya bari nuduhkeun kana cau anu ngagoler.

"Maenya ngan hiji!" ceuk Sakadang Monyet nyereng.

"Ih, apan anu naekna ge Sakadang Monyet, uing mah ngan mulungan anu maruragna wungkul," tembal Sakadang Kuya, bari angger ngusapan beuteungna anu mutiktrik.

Cau teh dicokot, tuluy didahar ku Sakadang Monyet. Puguh bae ngeunah, cau raja cere, asak dina tangkal deuih.

Sakadang Monyet kacida keuheuleunana ka Sakadang Kuya.

"Sakadang Kuya mah kawas lain jeung sobat bae!" pokna bari terus indit.

Sakadang Monyet pundung deui. Indit ka jero leuweung, ninggalkeun Sakadang Kuya. (*)


Samemehna: Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Melak Cau Saterusna: Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Maling Cabe
Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Ngala Cau Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Ngala Cau Reviewed by Rupa Sundapura on 09.00 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.