Basa Sunda jeung Pangarang Tuturut Munding

Ngolah basa jadi hiji tulisan anu bisa nimbulkeun pencerahan keur pamaca teh pancen para pangarang. Eta pancen teh kawilang hese, sabab dina proses kreatifna aya hal-hal anu kudu diperhatikeun tur dilaksanakeun. Salian ti kudu gugon kana aturan tulis-tinulis nu geus baku, hiji pangarang oge kudu maher tur parigel ngolah kecap, kalimah, jeung ungkara basa nepi ka jadi tulisan anu hirup sarta ngandung sugesti. Ku kituna dina nuliskeun gagasan-gagasanana kudu dibarung ku milihan kekecapan anu pangmerenahna pikeun ngawakilan kereteg batin jeung ide-idena.

Basa Sunda jeung Pangarang Tuturut Munding

Basa Sunda kawilang euyeub ku kecap jeung ungkara basa anu ngandung sugesti tea upama si pangarang bisa ngolahna. Basa Sunda kacida beungharna ku kecap-kecap anu bisa dipake ngagambarkeun atawa nerangkeun hiji hal kalawan jentre. Saperti dina ngagambarkeun gerakan leumpang hiji jalma, basa Sunda mibanda kecap-kecap: ngeteyep, ngalenghoy, ngagandeuang, ngiciprit, ngagidig, ngungkug, ngagegag, ngageang, ngalanggeor, nyuruntul, nepi ka ngabecirna. Atuh seuri oge dina basa Sunda mah rea rupana, aya imut, keom, nyerengeh, seserengehan, seuri koneng, seuri maur, nyikikik, nyakakak, ngabarakatak, ngaheheh, ngagikgik, akey-akeyan, cicirihilan, nyeleukeuteuk, ceuceuleukeuteukan, anu dina basa Indonesia mah ukur diwakilan ku kecap senyum, tersenyum simpul, tertawa, tertawa terkekeh-kekeh, tertawa terpingkal-pingkal, tertawa lebar jeung tertawa terbahak-bahak.

Ku lantaran basa Sunda teh beunghar tea, asa ku kacida kuuleunana lamun aya pangarang anu ukur bisa niron jeung nurutan kekecapan anu geus meunang nyusun babaturanana, hoream ngotektak ku sorangan ungkara basa lianna anu padahal mah ngaleuya jeung kawilang loba. Lain teu meunang nurutan da puguh basa mah milik sarerea, tapi cing atuh otak teh sing mencar, sing leuwih eksplor dina ngagali jeung ngolah basa teh ulah ngan wungkul nunutur bujur batur. Eta cenah bae teh teuing da basa mah teu meuli, justru ku lantaran teu meuli tea bakal kacida rugina mun kabisana ukur nyabetan kekecapan nu geus aya, mulungan ungkara basa meunang ngaracik batur tea. Nu kitu nu disebut pangarang kuuleun teh, mun ceuk basa legegna mah pangarang henteu kreatif.

Lamun batur geus nyieun judul tulisan ngagunakeun kecap Bumi misalna, sedengkeun urang oge sarua rek ngabahas masalah eta, poma ulah sarua pisan kekecapanana, ari embung disebut plagiator mah. Kajaba lamun memang urang can kungsi wawuh jeung can kungsi maca eta karya batur. Teangan deui kecap sejen anu ma’nana sarua jeung kecap bumi, saperti buana, dunya, alam fana, marcapada, buana pancatengah, jeung sajabana. Lamun batur geus nyokot judul laut dina karyana, teu kudu pipilueun make kecap eta dina karya urang nu sarua temana. Matak naon teangan deui kecap sejen anu leuwih sugestif, saperti sagara atawa jaladri. Loba pisan conto kecap anu ma’nana sarua tapi wangunna beda (sinonim) teh. Kapan kecap manusa ge sinonimna rea, bisa diganti ku jalma, insan, mahluk nu boga budaya, turunan Adam, umat, jeung sajabana. Ulah ieu mah unggal nyieun karya teu weleh nurutan sagala rupa anu geus ditulis ku babaturan. Naha teu hayang jadi pangarang anu boga ciri has? Naha teu hayang jadi pangarang anu boga gaya nulis nu mandiri? Naha teu hayang jadi pangarang anu nenggang?

Kapan geus kabuktian, yen karya orisinal leuwih luhur ajenna batan karya jiplakan. Najan ngajiplakna ukur saeutik, ukur palebah istilah atawa judul wungkul misalna, keukeuh we nu ngaranna niron mah bakal leungit unsur orisinalitasna, anu hartina eta hasil pagaweanana bisa dibere label karya tuturut munding! Eta teh kakara sarua palebah judul atawa istilah-istilah, komo upama ngahaja ampir sarua dina hal eusi, ngahaja sarua dina ngaran tokoh-tokoh carita, sarta ngahaja sarua dina palebah paguneman antar tokoh dina fiksi nu dikarangna, wah nu kitu mah geus meleg-meleg nurutan (niron) tur meujeuhna disebut pangarang kuuleun. Jeung anehna teh pangarang tuturut munding mah langka nu rumasaeun kana kalakuan gorengna, asa heueuh we eta karya teh karya tulen manehna, hasil tina proses kreatif dirina nu cenah leuwih ngalobakeun daya intuitif (ceuk pangakuanana).

Ayeuna naon rugina keur pangarang anu diturutan ku pangarang plagiator tea? Kawasna rugi sacara fisik sih henteu, tapi rugi sacara psikis pasti aya. Karya aslina asa cambal mun kudu dijentrekeun mah, sabab ungkara racikanana geus teu has deui, teu unik deui, teu arkhaik deui. Karyana geus mimiti belel, kliseu, jeung leungit daya sugestifna alatan didaur ulang ku pangarang tuturut munding tea. (*)


Popon Saadah

Basa Sunda jeung Pangarang Tuturut Munding Basa Sunda jeung Pangarang Tuturut Munding Reviewed by Rupa Sundapura on 01.00 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.