Sapi Ngencar

"Geura jung atuh rek digadag mah, lain kalah ka ngalulungkut!"

"Mangke heula, sidik aing teh baruruten keneh. Abong biwir teu diwengku!"

"Kejo geus haneut, deungeunna geus diasakan, rek naon deui?"

"Aeh-aeh, na ka salaki teh, mani poporongos kitu!"

"Kaluman we nenjona. Hudang hees teh lain buru-buru ka tampian. Batur mah geus kamana boa!"

"Kakara oge jam genep."

Sapi ngencar

"Ngadagoan beurang mah kaburu hoream manten. Nu boga sawah ngadagoan meureun. Si Darmita mah rebun-rebun oge geus ngagiringkeun sapi!"

"Keun bae da Si Eta mah biasana oge sok nyubuh!"

"Enya, kuduna diturutan. Kade Kang, sapina paraban heula!"

"Apan jukutna oge geus beak. Kamari ku Si Darmita dieurihkeun kabeh kana pamakanan. Engke bae di sawah rek dibere jarami!"

"Karunya, Kang. Ti subuh keneh disada wae. Matak naon mun ngala heula daun cau dua ponggol mah."

"Beurang manten. Di mana kejo teh?"

"Naha kawas di imah batur bae, make tatanya sagala rupa. Sangu dina gayoran, deungeunna dituruban ayakan!"

"Ayakan urut nyair tea?"

"Nu mana deui atuh!"

"Beu, na ari Si Kenoh, hanyir temen atuh. Jariripen aing mah ngadaharna oge."

"Kade Kang, sibeungeut heula rek dahar teh!"

"Beu, ngahariwangkeun pisan. Geura indit ka dituh, gandeng!"

"Heueuh, da kami mah rek ka Posyandu, budak rada hareeng."

"Sabaraha poe deui, ngahuripan budak teh?"

"Kami ngajuru teh kakara 25 poe. Nya 15 poe deui meureun!"

"Euleuh, geuning lila keneh."

"Wayahna we atuh, Kang, puasa sakeudeung mah. Barina oge, kami mah hayang di-KB heula, ngarah teu rendey. Tuh, Si Narsih oge, sakitu ripuhna loba budak mah. Indit heula, Kang, bisi beurang manten!"

Kenoh ngaleos bari ngais budak. Rasta nguliat. Sarungna diudar, digawingkeun dina sasampayan nu manteng di tengah imah. Bus ka dapur, kurah-koreh kana sangu. Kakara oge rek am, pamajikanana geus datang deui.

"Aya nu tinggaleun? Masing tarapti atuh, tuh bedog dina bilik, dingkul deukeut hawu."

"Keur nanahaon bedog, da lain rek ka kebon. Kami mah rek papagah ka Akang!"

"Naha kawas ka budak bae."

"Kade Kang, mun balik mideur montong terus sumpang-simpang. Kamari oge aya bejana, Akang eureun lebah imah Mang Oji."

"Aeh-aeh, naha eureun-eureun bae mani jadi omong. Naha teu meunang aing reureuh?"

"Bejana Mang Oji teh boga anak awewe!"

"Keun bae atuh, anak batur ieuh!"

"Bejana mah geus jadi randa. Lenger naker deuih, teu kaop nenjo lalaki, sok alangah-elengeh. Randa ateul, Kang!"

"Baruk?"

"Tuh, nya, mani curinghak kitu. Mun wani-wani deui eureun di dinya, ku kami moal dipangejokeun. Tulak panto moal dilaan!"

"Jeun teuing, da aya panto dapur ieuh. Geura jung atuh rek ka Posyandu mah, ulah ngaganggu nu keur dahar!"

"Tarab-turub geus dahar teh, bisi aya ucing garong!"

"Ambuing, abong aya turunan cerewed sia mah!"

Kenoh ngaleos. Beres dahar, Rasta turun ka buruan. Kuliwed ka pipir. Palebah pongpok imah ngarandeg. Sajongjongan mah ngajanteng di dinya. Nyerangkeun kandang sapi anu siga parongpong.

"Cilaka, sapi aing ngencar!" pokna, gegerendengan sorangan. "Paingan teu kadenge sorana. Beu, na aya-aya bae, boa-boa aya nu maling."

Rasta ngadeukeutan kandang sapi. Heg ditelek-telek. Enya bae, sapi nu ngan hiji-hijina teh geus euweuh ti kandangna. Ukur manggihan hayam we, keur ngorehan jarami garing sesa parab. Dina pamakanan lingih, euweuh jukut. Teg bae, boa sapina teh ngencar, pedah hayang baranghakan.

Rasta terus mariksa kandang. Katembong palangna aya nu rujad. Sigana mah disered ku tandukna. Malum palang tina awi ngora atuh, kurang weweg. Ongkoh henteu pati pageuh deuih nalianana, da apan sasarina oge tara nepi ka ngencar.

Basa aya nu ngaliwat nanggung carangka, ku Rasta digeroan.

"Kasim, henteu nenjo sapi?"

"Puguh we nenjo mah," cek nu nanggung carangka bari nyelang heula ngecagkeun babawaanana. "Tadi teh rebun-rebun geus digiringkeun ku Si Darmita. Teuing rek dibawa ka mana."

"Heueuh, da sapi nu manehna eta mah!"

"Ari kitu sapi nu mana?"

"Sapi kuring, Si Danten tea. Subuh mah aya keneh, da cek Si Kenoh kadenge sorana. Ari bieu diteang, geus euweuh buntut-buntutna acan!"

"Naha atuh, lain sasarina oge sok dibaturan sare?"

"Lain kalah ka ngabojeg, Sim. Ieu mah dines deuleu, sapi dewek leungit!"

"Teuing atuh!" walon Kasim bari nanggung deui carangka.

Puguh bae Rasta beuki geumpeur. Ari harga sapi tea, apan aya jutana. Mangkaning nu nitah mideur bakal geus ngadagoan. Mangkaning garu jeung wuluku rek dibawa ku manehna.

"Si Darmita deuih, mani euweuh neang. Kawas lain ka batur digawe bae!" Rasta kutuk gendeng.

Keur kitu, katembong rentang-rengtang aya nu ngadigleu. Lalaki jangkung gede, nyoren pasren, kumisna mani centang, beungeutna beureum siga nu keuheul.

"Bah Wirya! Rek kamana?" Rasta gegeroan.

"Rek ka silaing puguh!" cek Bah Wirya rada teugeug. "Sapi silaing kitu, anu ngencar teh?"

"Enya, Bah, di mana ayeuna?"

"Tuh, nya, teu jauh tina sangkaan. Paingan bangor naker, lenger, ari silaing nu gablegna mah!" kumis Bah Wirya beuki centang.

"Cik atuh, Bah, ari sapi mah tong disebut lenger. Enya eta oge, sapi kuring kakara beger, tapi asa pamohalan ari bogoheun ka Abah mah!"

"Nyao siah! Montong diangon bae atuh sapi teh, teu kaparaban meureun, nya?"

"Aeh-aeh, lain diangon, Bah. Kabur ti kandang!"

"Dewek mah teu hayang apal. Rek ngencar, rek kabur, kumaha karep. Ngan eta sapi geus ngaruksak pepelakan. Jagong kakara mongkok diranjah, dihakanan daunna. Dewek oge boga sapi aya tiluna, tara diabur kitu, tara sina ngencar!"

"Ngaranna oge sapi atuh, Bah. Teu boga pipikiran!"

"Heueuh ari sapi mah, ngan ngukutna we atuh, kudu boga cedo. Yeuh, Rasta, eta jagong teh geus dijual ka Mang Dohing. Duitna geus dipake meuli kampret jeung padudan. Kari-kari ayeuna jagongna diruksak sapi, aya bahan bolay jual-beuli teh. Gantian siah!"

"Naha bet nyalahkeun kuring, da teu rumasa ngaruksak jagong. Kuduna Abah teh nyarekan sapi!"

"Na ari sia, kawas ka nu burung bae," Bah Wirya ngagidir. Gap kana perah bedog.

"Sabar, Bah. Keun urusan jagong mah engke deui. Ari sapi kuring ayeuna di mana?"

"Dibuburak ku dewek!"

"Etah, kalah ka dibuburak, lain pangnewakeun atuh!"

"Sapi edan kitu kudu ditewak? Kuriak ngagadil!"

Keur kitu aya deui nu ngurunyung.

"Rasta! Upahan siah budak dewek!" cek Kang Obay. "Sapi silaing asup ka dapur, budak dewek nepi ka ngalenggerek."

Jol hiji deui.

"Lamun henteu digantian ayeuna keneh, kajeun galungan aing mah!" cek Mang Dohing. "Geura Bah, rek teu asa diteungteuingan kumaha. Kuring teh rek ngiangkeun daun kangkung ka pasar, ditunda diburuan, da kitu sasarina oge. Pira diselang heula madang, teu kanyahoan geus ludes dihakan sapi."

"Atuda loba gijina meunang kangkung mah, Jang!" cek Bah Wirya.

"Si Juhri deuih anu cilaka teh. Keur ngala gedang, tarajena didupak sapi. Atuh puguh, nepi ka ngajuralit kana kamalir. Sakeudeung deui oge mawa bedog geura!"

"Aya naon ieu teh, ujug-ujug narapsu bae?" Rasta katembong geumpeur.

"Na ari sia Rasta, can ngarti keneh? Sapi silaing ngencar, ngagujrudkeun urang lembur!" cek Bah Wirya satengah gogorowokan.

Cacak mun henteu buru-buru diriungkeun ku Pa RT mah, teuing kumaha kajadianana.

Buritna, sapi teh can kapanggih bae. Puguh atuh Kenoh nepi ka garo singsat.

"Gancang teangan, manehna! Bisi ngaruksak kebon batur!"

"Eudeuk atuh!"

"Etah geuning kalah ka diuk dina bangbarung, hayang nongtot jodo?"

"Kamana neanganana?"

"Teu nyaho kami mah. Papaykeun ka urang lembur!"

Sanggeus ngajewang sarung mah, leos Rasta indit. Tapi nepi ka tengah peuting can balik bae. Kenoh mani geus lengo deui-lengo deui. Tungtungna mah dug sare, najan bari hariwang oge.

Isukna, rebun-rebun keneh, basa Kenoh rek ka tampian, kadenge di buruan aya nu gegerendengan.

"Sing bageur, Danten, ulah ngider wae. Aing apan nu riweuhna mah. Enya, aing oge apal, sia teh keur beger. Tapi sabar we atuh, engke oge aya waktuna."

"Aeh-aeh, naha Kang Rasta bet ngomong jeung sapi. Kawas jelema sedeng bae!" Kenoh ngagerendeng. "Enya, sabar sakeudeung mah, pira oge 14 poe deui!"

Rasta ngalieuk.

"Naha mani sapeupeuting?" cek Kenoh.

"Euh..., apan kapanggihna oge bieu!"

"Ti mana?"

"Euh..., apan ti sawah. Sigana mah teu kuat hayang magawe."

"Sukur ari kapanggih mah. Geus diparaban?"

"Enggeus meureun..."

"Naha bet meureun, apan ku Akang kapanggihna oge, lin?"

Rasta teu nembalan. Sapi dicangcang di buruan. Bus ka imah, rap make kampret paranti ka sawah. Teu lila geus kaluar deui. Wuluku nu nyarande kana bilik dipanggul.

"Rek ka mana deui?" Kenoh kerung.

"Rek mideur. Apan kamari mah teu tulus!"

"Ke atuh, urang ngejo heula!"

"Apan..., eng..." nyaritana teu kebat.

"Enggeus di mana?"

"Di tukang surabi!"

Rasta terus nungtun sapi, indit bangun rurusuhan. Kenoh tibang gogodeg.

Datang ka sawah, kasampak Si Darmita keur diuk dina galeng bari udud. Mani curinghak basa nangenan Rasta ngiringkeun sapi teh.

"Sabaraha kotak deui pigaweeun teh? Bakal anggeus poe ieu?" cek Rasta. Wuluku diecagkeun, ari sapi sina nyatuan.

"Dua kotak deui. Anggeus poe ieu oge, mun loba nu maculna mah. Lain, kumaha lalakon sapi ngencar teh?"

"Heuheuy deuh, hayang seuri dewek mah!"

"Ulah waka seuri di dieu, naon pikaseurianana barina oge. Prak geura ngadongeng, meungpeung isuk keneh!"

"Silaing moal bebeja ka sasaha?"

"Aeh-aeh, kawas rusiah bae. Apan salembur geus guyur, geus pada apal kana kajadianana."

"Enya moal bebeja ka sasaha?"

"Enya atuh!"

"Ka Si Kenoh moal dibejakeun?"

"Moal!"

"Kieu, euy..." Rasta luak-lieuk heula. "Tina kajadian sapi ngencar teh, dewek mah make ngalaman sare di imah randa!"

"Kutan?"

"Enya, Nyi Lilis budak Mang Oji tea. Silaing apal meureun?"

"Puguh bae apal mah. Apan Bah Wirya oge unggal sore ngaheroan, sakitu geus boga incu teh. Sebel aing mah!"

"Ke, ke, ulah waka ambek ka Bah Wirya!"

"Teu ngeunah atuda, mani teu ngagehan budak ngora. Aeh, apan basa mangkukna urang eureun lebah imah Mang Oji, Nyi Randa teh siga kulat-kelet geuning!"

"Taktage. Kieu lalakonna mah. Sanggeus diuruskeun ku Pa RT, buritna dewek neangan sapi. Jam tujuh peuting kakara kapanggih raratanana. Manahoreng diampihan ku Mang Oji. Karunya cenah ka nu bogana, bisi neangan. Sapi teh sina meuting, da kabeneran Mang Oji boga kandang kosong."

"Terus kumaha?"

"Teu panggih jeung Mang Oji mah, da bada magrib oge geus indit, rek mondok di nu gering, di lembur Ciseureuh. Tadina kuring rek nganuhunkeun, cacak mun teu dirawatan ku manehna mah, geus ka mana boa. Kapaksa bae dewek nepungan Nyi Lilis. Naha atuh, tina rek nyokot sapi teh kalah ka uplek ngobrol nepi ka peuting. Basa rek balik, ku Nyi Lilis dicaram, magarkeun teh keueung euweuh batur. Apal sorangan meureun, Nyi Lilis mah borangan pisan. Nya kapaksa we dewek teh, ngadon heuheuy...sare. Isukna rebun-rebun geus disampakkeun kejo haneut jeung deungeunna. Puguh atuh, sapi kabawa, beuteung seubeuh, sare tibra."

"Nu bener, Rasta?"

"Naha iraha dewek ngabohong. Tanyakeun we ka jinisna teu percaya mah. Ngan omat, ieu beja ulah nepi ka Si Kenoh. Aya bahan moal dipangejokeun Si Eta apaleun mah!"

Sakedapan Darmita ngahuleng, siga aya nu dipikiran.

Dua poe ti harita. Pabuburit, Rasta geus ngajanteng deukeut kandang Si Danten. Ceg kana palang kandang, talina dilaan.

"Sia apal keneh jalanna, Danten?" pokna, kawas ka jelema bae.

Tapi kakara oge rek nyekelan tambang, ti lebah jalan kadenge sora nu patinggorowok. Berebet Rasta ka buruan.

"Aya naon euy?"

"Sapi Si Darmita ngencar!" cek anu di jalan.

"Iraha?"

"Cikeneh. Lain nu Si Darmita wungkul ketang, bejana nu Bah Wirya jeung nu Si Obay oge areuweuh ti kandang. Kade ati-ati Rasta, sigana ayeuna mah keur usum bangsat sapi!"

"Naha bet ngalencar, nya?" Rasta kerung.

"Kateuing atuh, teu apal dewek mah!"

Keur kitu, Aki Dasmin nyampeurkeun, kundang iteuk, leumpangna rarampeolan.

"Sujang, henteu nenjo sapi aki?"

"Baruk? Sapi Aki oge ngencar?"

"Puguh bae atuh, da di..., aeh... ngencar. Mudah-mudahan we leosna ka kidulkeun, da cenah alamatna di beulah kidul!"

Rasta ngahuleng.

"Aya naon, Kang?" Kenoh ngelol ti lawang, bari ngais orok.

"Sapi Si Darmita ngencar!"

"Boa nu urang oge ngencar deui?"

Rasta asa kaingetan. Berebet ka pipir. Enya bae, Si Danten teh geus euweuh di kandangna. (*)


Dadan Sutisna

Sapi Ngencar Sapi Ngencar Reviewed by Rupa Sundapura on 15.53 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.