Tong Mawa Karep Sorangan

Si Kondang teh anak siraru nu kakara mangkat rumaja. Abong sipat budak ngora sok sagala hayang nyaho, Si Kondang ge nya kitu, gawena ulin ngablu tara nyaho di waktu. Balik kana sayangna teh dimana geus meletek matapoe. Enya, pan siraru mah ulinna teh waktu peuting, lain ti beurang. Tangtu bae indungna si Kondang melangeun pisan sok sieun kumaonam. Ma’lum atuh sanajan si Kondang geus sawawa, tapi ari dina pangalaman jeung luang mah estu atah pisan. Nu matak mun balik ulin teh teu weleh digambreng ku indungna.

Tong Mawa Karep Sorangan

"Ulah sok jarambah teuing ulin teh, Kondang!" ceuk indungna hiji waktu.

"Atuh Ma, ngaranna ge budak ngora, kudu mangpang-meungpeung, geus kolot mah pimanaeun," tembal si Kondang.

"Enya, tapi sing inget ka purwadaksina. Tong kena-kena awak belekesentreng, urang kudu ati-ati sabab loba musuh. Musuh urang paling kejem, nyaeta cakcak. Nu matak mun papanggih jeung cakcak, gancang lumpat. Montong meleng, komo make jeung ngadeukeutan mah, kuriak diteureuy buleud!"

"Ari cakcak teh cicingna sok dimana, Ma?"

"Karesepna ngadaplok di bilik atawa imah manusa. Utamana deukeut lampu listrik. Tah omat ulah wani-wani ngadeukeutan lampu!"

"Ari Ema..., puguh nu pangresepna ulin mah deukuet lampu. Pan caang, bisa ningali alam dunya kalawan jelas. Jeung resep we deuih loba batur, reungit jeung rambetuk ge ngumpulna teh di dinya. Pokona resep pisan, Ma!"

"Heueuh, ngan masing ati-ati! Sabab cakcak sok ngadodoho ti nu poek. Mun meleng, sakali capluk ge baris jadi eusi peujitna. Pokona mah sing waspada. Samalah mun bisa mah meunggeus ulah ulin deui deukeut lampu!" ceuk indungna si Kondang mapatahan.

"Magga, Ma!" tembal si Kondang jiga nu heueuh. Padahal na jero hatena mah keun sia-keun sia.

"Puguh ulin pangresepna mah deukeut lampu. Ari ieu kalah dicarek. Ah dasar Ema mah kuper, moal...moal...dingenge...," kitu gerentes hate si Kondang.

Kocapkeun peuting eta si Kondang geus geleber deui kaluar tina sayangna. Maksudna, naon deui atuh ari lain dek ulin deukeut lampu mah. Sadatangna ka tempat ulin, kasampak babaturanana keur marijah. Silih berik suka bungah. Reungit silih uber tingareak, encan ti beh juru rambetuk sabubuhan keur ucing-ucingan. Kaayaan di sabudeureun lampu kawas di alun-alun kota, beuki peuting nu arulin beuki motah, asa dikariakeun.

"Kade, euy sing iatna aya cakcak!" ceuk gegedug reungit.

"Heueuh, euy, kudu aya spionase, bisi aya cakcak urang kabejaan jadi bisa lumpat," ceuk rambetuk ngengklokan.

"Alah..., anjeun mah bodas ceuli, nya! Ari ngarumasakeun leutik burih mah montong hayang ulin di dieu, euy!" ceuk si Kondang nambalang.

"Lain kitu, euy..., ari ati-ati mah dina perkara naon-noan ge kudu da keur kasalametan," tembal reungit semu teu ngeunah.

"Ah anjeun mah kawas indung kuring bae loba kasieun. Nu penting ayeuna mah bungah deuleu. Perkara cakcak tong dipikiran. Kari nyingcet. Jang naon atuh boga janjang ari ditarajang cakcak langsung kalegleg mah," si Kondang molotot.

Jep sarerea jarempe.

"Montong ditembalan bisi sarua gelona!" ceuk reungit ka rambetuk. "Keun bae antep tong dibaturan!"

Si Kondang beuki motah. Seug komo rambetuk jeung reungit teu narembalan mah. Manehna beuki ujub ngarasa ieu aing uyah kidul, asa pangwanianana. Papagah indung jeung babaturanana teu dipalire. Manehna jongjon joged ngurilingan lampu listrik. Teu ningali ka sisi ka gigir, atuh basa aya cakcak ngododoho teh, batur mah buriak bae lalumpatan pabuni-buni nyumput. Ari si Kondang mah kalah beuki mijah. Da ceuk pangrasana asa pangwanianana tea. Atuh teu kudu ngadagoan memenitan, si Kondang geus pindah tempat jogedna. Manehna adug adugan na jero beuteung cakcak nu kalaparan. (*)


Teh Sara

Tong Mawa Karep Sorangan Tong Mawa Karep Sorangan Reviewed by Rupa Sundapura on 13.16 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.