Manehna
Karasa pisan tiiseunana imah teh euweuh manehna mah. Tuman unggal wayah kieu kadenge ngagembrung musik pop Indonesia atawa pop Barat ti kamar hareup, sok jempena teh lamun geus ngong adan magrib. Geus dua poe eta kamar teh suwung. Nu ngeusianana keur ka kampus. Saminggu cenah ngadon ngendong di kampusna teh, jadi panitia opspek mahasiswa anyar.
Karasa pisan deuih leungiteunana hate teh, asa cuang-cieung karareueung. Padahal di imah teh kapan teu sorangan, aya Ibu jeung Bapa Haji, aya Bi Sari jeung Mang Undang. Tuda ngan manehna wungkul anu titen ka kuring mah. Euweuh deui. Cacak kuring teh ukur adi kukutna. Ceuk kasarna mah kuring teh anak badega indungna anu taun-taun dipihapekeun sina sagawe-gawe di imahna. Tapi kawasna manehna mah teu ieuh nganggap anak badega, nu karasa mah sikepna ka kuring teh teu beda ti lanceuk ka adi.
Lain hartina rek ngaleuleungit jasa kolotna anu geus haat ngampihan, ngurus, tuluy nyakolakeun kuring nepi ka lulusna SMA. Ngan karasa asa leuwih dominan pangaruh dirina kana hirup kuring teh. Kuring bisa nuluykeun sakola ge alatan usul manehna ka indung bapana. Malah sok era mun manehna geus protes ka kolotna ngeunaan diri kuring teh. Da teu hayang teusing dianggap tur diaku anak teges ku kolotna teh barina ge. Ku diampihan di imahna ge geus pirang-pirang untung keur kuring mah.
Bareto, basa keur pada-pada sakola di SMP kungsi manehna usul sangkan kamar tengah anu kosong teh eusian we cenah ku kuring, nu di tukang keur kamar tamu. Ceuk indungna teh, "Ah naha, adi maneh lain. Keun sina diajar meurih. Meujeuhna we si Aminah mah ditempatkeun di dinya. Piraku semah rek sina ngendong di kamar tukang mah."
Anu rada rongkah padungdengan mah bulan kamari, basa Bu Haji sawargi-wargi piknik ka Bali. Pedah kuring teu diajak, manehna protes deui wae. Padahal kuring mah teu hayang teusing milu. Arera teuing. Pakeukeuh-keukeuh antara nu teu purun ngajak jeung nu haat ngajak piknik. Pedah kuring teu kabawa, tungtungna manehna ge kajeun teu milu. Atuh Bu Haji teh jadi gudad-gadeudna ka kuring. Pokna ge, "Aa, naha mani bela keneh ka Si Ami batan ka indung! Kuat ka embung pukah. Tong sagala laporan barina ge Aminah, kawas ka lanceukna wae!"
Har..., na saha nu laporan, teu wararantun teuing. Tapi nyarita kitu teh ukur na hate. Kuriak dititah balik ka lembur wani nambalang mah. Mun nepi ka dipulangkeun teh bakal kacida bingungna. Di lembur kuring rek nyinaon geura, sakola geus tamat, paling ge ngariripuh kolot. Kapan matak dipihapekeun ti keur leutik keneh ge di ieu kulawarga teh, meureun kolot kuring bakat ku teu sanggup ngurus jeung maraban nu jadi anak.
Geus betah deui kuringna ge di imah ieu teh. Tara loba cicing, naon we sagawe-gawe ngabantuan Bi Sari. Can wani reureuh lamun aya keneh pigaweeun mah, mihapekeun maneh. Teu masalah dunungan awewe bahe carek mah. Geus apal adatna ieuh. Geus apal selahna. Sok cageur deui tur eureun ambekna teh ku cara diantep.
Duh, peuting ieu hate inget wae ka manehna. hese dibangbalerkeunana. Lain inget deui meureun pibasaeunana teh, tapi tibelat. Arang pisah tuda. Tuman wayah kieu teh kuring sok keur mencetan sukuna, da apal, pasti manehna keur cararangkeul suku balas ti beurangna resep ider-ideran leuleumpangan. Manehna mah tara nitah tur tara hayangeun dipencetan, ngan kuringna we sok hayang aya kahadean.
Ayeuna, wayah kieu manehna di kampus keur nyinaon nya? Mun teu keur pakepuk migawe tugas-tugas kuliahna, paling keur gigitaran bari lalaguan. Da sok kitu ari geus ngumpul jeung babaturanana teh. Eta mah kawas nu terus rasa, keur mikir kitu teh kring telepon ti manehna.
"Amiiii..., telepon ti Si Aa yeuh!" Ceuk Bu Haji bari ngadelek. Kuring teh atoh ongkoh era ongkoh. Atoh da puguh keur mah hayang panggih sagok-gokeun, era da apal pisan indungna mah kawas nu teu ridoeun anakna dalit jeung kuring teh.
"Mi, nuju naon...? Kade bantuan Ibu nya, ngarah teu ngagambreng wae. Pangberesankeun we kamar Aa, omat berkas-berkas nu dina meja mah ulah dirobah, bisi aya nu ical," ceuk manehna dina telepon.
"Pan unggal dinten ge sok diberesan kamar teh, iwal ti meja tulisna, mani teu percanten," cekeng.
"Bisi hilap, heheh..."
"Tos nya," ceuk manehna deui. Ih mani ngan sakikituna nyaritana teh, mani matak ganggarateun. Naha manehna bet teu nyaritakeun pangalaman tadi beurang di kampusna? Ngarah cacaritana rada panjang.
Atuh komo ngadenge sorana dina telepon, lain lipur kalah beuki manteng ingetna. Keur kitu mah mani hayang jadi manuk, tuluy hiber nyampeurkeun sarta euntreup na taktakna. Sanggeus sadar, seuri sorangan, ngalamun teh kabina-bina teuing. Komo jadi manuk meureun beuki we teu asup akal lamun kuring kumawani mikadeudeuh manehna teh.
Duh, tibelat teh horeng ni’mat. Pikiran ngumbar lamunan teu pegat-pegat, ngungkaban lambaran-lambaran pangalaman waktu babarengan. Kuring rek teu mikaresep manehna kumaha atuh, ongkoh manehna teh anak nunggal anu sagala dipupujuhkeun ku kolotna, tapi teu olo-olo. Contona we, sakitu disadiakeun motor, tapi mun indit ka mana wae ge teu weleh leumpang. Horeng karesepna ngukur jalan teh. Matak sakapeung mah mun pareng manehna ngajak indit-inditan, sok wegah, da pasti kana bakal lecet jeung rincugna suku teh. Breh lalakon basa aprak-aprakan neangan buku nu keur dipicangcam ku manehna ka pasar loak, neangan nu hargana leuwih murah. Breh deui lalakon basa ngadeugdeug pameran-pameran jeung lalajoaneun nepi ka jegjeg ceker. Tara kapok manehna ngajak deui-ngajak deui, sakitu mun balik ka imah teh pasti digeleneng ku indungna.
"Baku ari geus ngangajak nu loba gawe teh, Aa. Maneh deui atuh Aminah, daek wae diajak teh!" Ceuk indungna. Mun geus kitu, manehna sok geuwat ngahuit ka kuring, "Jempe tong nembal!" Cenah.
Hiji waktu manehna kungsi nanya kieu," Ari Ami tara inget ka Ema jeung ka Bapa di lembur?"
"Nya kantenan emut mah atuh. Ngan geuning meni tara ngalongokan ka dieu. Mana kitu ge Ema sareng Bapa teh teu aremuteun ka Ami," cekeng bari sedih. Da enya atuh boga kolot teh mani cul jeun. Kena-kena anakna cicing di nu jegud.
"Tapi kalah kumaha ge eta teh kolot urang. Jaga mun Ami aya milik ulah nepi ka joledar ka indung bapa!" Cenah, sok kawas kolot ari geus mamatahan teh.
Aeh, enya asa kaingetan, puguh poe ieu teh kuring nampa surat ti lembur, eusina Bapa nitah kuring balik heula, aya badamikeuneun anu penting cenah. Teuing rek badami masalah naon tah kolot teh. Nu jadi pikiran teh, ceuk Si Ibu mah cenah boa kuring teh rek dijodokeun jeung urang ditu. Ngadenge kitu teu burung reuwas, da can siap kikituan atuh, komo bari jeung teu wawuh-wawuh acan jeung lalakina mah. Lah mun aya Si Aa mah rek langsung menta bongbolonganana. Mun enya teh bener caritaan Si Ibu, kuring rek dikawinkeun, kumaha nya pamanggih manehna? Mun tea mah Si Aa ge satuju kana karep kolot kuring, atuh kumaha? hartina kuring kudu sanggup pisah jeung manehna sapapanjangna? Teu kabayang, kakara pisah sababaraha poe ge geus sakieu ripuhna hayang gancang panggih deui.
Anu jadi kapanasaran kuring ahir-ahir ieu, naha sarua manehna ge sok boga rasa saperti anu mindeng karasa ku kuring ayeuna? Naha sarua manehna ge sok ngarasa tibelat ka kuring mun pareng paanggang cara ayeuna? Najan unggal poe sagulung-sagalang, najan taun-taun babarengan, enyaan, hate jelema mah pamohalan bisa diteuleuman.
Eta kabeh kapanasaran kuring teh kajawab poe ieu pisan. Manehna datang ti kampusna teu sorangan, tapi jeung hiji wanoja anu geulis rancunit pikayungyuneun. Pangaruhna langsung karasa ku hate kuring ayeuna keneh, heheaban!!
"Tah Rien, ieu Ami teh," ceuk Si Aa ngawanohkeun kuring ka nu disebut Rien.
"Nepangkeun, abdi rerencangan Jafar," ceuk Si Geulis, bari gumeulis. Satekah polah kuring nyumputkeun kamarudah hate ku api-api someah. Tuluy geuwat ngaleos, alesan mah hayang geura nyuguhan. Sedengkeun nu lelentaban na jero dada teu daekeun ngaleutikan.
Tetela kuring teh cau ambon dikorangan, da geuning manehna mah geus boga ceungceuman. Aya hadena manehna gancang ngawanohkeun bebenena ngarah kuring geuwat beunta tuluy sadar, yen saha ari kuring saha ari manehna. Ulah kalalanjoan ngagugulung harepan anu pamohalan kataekan. Ceuk paribasa tea mah kuring teh kawas anjing ngagogogan kalong, jogjog neureuy buah loa.
Rada lila oge maranehna ngobrol di teras hareup ngadon paduduaan, sorena Si Geulis kakara amitan. Tuh balikna ge Si Geulis teh mani dianteurkeun, make motor deuih, teu cara mun indit jeung kuring Si Aa mah, teu weleh ngajak badarat.
Tina hate reyang-reying bingung, naha jadi balik ka lembur atawa entong, robah niat teh jadi gilig. Isukan kudu balik! Moal kungsi ngumaha heula ka manehna. Da pasti kolot kuring ge geus nganti-nganti. Gancang meresan papakean dikana kantong gedekeun. Ah, engke we bebeja ka manehna mah lamun geus kari jung. Tangtu manehna moal kungsi ngahulag, malah boa ngajurung-jurung. Ngan ngadak-ngadak ieu hate jadi sumoreang, asa jararauh panineungan, pangpangna mah hate teh keur meujeuhna nyanyautan, nyanyautan dijieun ku sorangan, da yakin manehna mah moal apaleun yen hate kuring keur tatu parna sarta tatuna teh alatan dirina. Kutan kieu ari jadi cacah kuricakan, euweuh pandangeunana, naon anu bisa dipake kareueus tina diri keur ebrehkeuneun ka jajaka? Estuning teu aya!
Kawasna Ibu Haji teh bebeja perkara surat bapa kuring tea ka Si Aa, da manehna ngagurutak nyampeurkeun ka kamar basa kuring keur hulang-huleng juntang-janteng bari ngadagoan datangna pitunduheun teh.
"Naon cenah eusi surat ti Bapa teh, Mi?"
"Ami dipiwarang uih," cekeng.
"Naha teu ngobrol ka Aa atuh?"
Ku kuring dijawab ku seuri maur. Naha masih keneh perlu bebeja ka manehna?
"Keun enjing ku Aa dianteur, rek diantosan ngarah Ami na kabantun deui ka dieu!"
"Teu kedah, da bade teras di ditu. Moal ka dieu deui!" Ngan wasa sakitu nyarita teh, sabab na tikoro geus nyelek piceurikeun. Panon tipepereket nahan sangkan ulah nepikeun ka ngaragragkeun cimata. Manehna ngadeukeutan kuring nu keur ngajanteng nyanghareup ka manehna. Awak teh ku manehna ujug-ujug dirangkul sarta tuluy ditangkeup, kawas nu keur nangkeup guguling. Pageuh. Nepi ka renghap jeung keteg jajantungna ge karasa pisan ku awak sorangan. Enyaan kuring teu nyangka manehna bakal kikieuan. Biasana ge paling copel ngan ukur ngaleng taktak atawa ngusapan sirah.
"Aya naon Ami? Naha asa beda ti sasari?" Nyarita kituna teh ditompokeun kana ceuli, kawas nu sieuneun teu kadenge ku kuring. Bari ngararasakeun haneutna tangkeupan manehna, satekah polah kuring nyieuhkeun kasedih sangkan bisa nembalan pananyana, "Sedih, ku Bapa dipiwarang uih, moal ka dieu deui," cekeng.
"Naha...?"
"Ami geus seueur ngarepotkeun kulawarga di dieu. Tos waktosna kedah motekar sorangan." Dikitukeun mah manehna jempe, teu nanya deui. Teuing keur mikir naon, ku jero atuh ari hate jelema. Karasa tangkeupanana beuki pageuh wae. Hanjakal teu lila, sabab kagareuwahkeun ku indungna anu gegeroan, ngagentraan manehna.
Nu nganteurkeun ka lembur teh duaan, Mang Undang supir pribadi Pa Haji jeung manehna. Da Si Ibu mah keur rariweuh cenah, geus kagok rek ngayakeun acara pangajian di imah engke peuting.
Manehna nuturkeun kuring diuk bareng dina jok tukang. Sajajalan leungeunna teu lesot ngaleng taktak kuring, sanajan eta mah hal biasa, tapi aneh karasana poe ieu mah asa teu biasa, antukna ka kuringna ge asa galaleumpeur kalalaweur. Bahan piobroleun ngadak-ngadak hese diteangan. Jigana manehna ge sarua kitu. Da didagoan sina nanya ti heula teh teu pok wae. Ari supir deuih jalma nu boga watek carang takol. Atuh dina mobil teh kabeh ngadon ngaharephep, kawas nu pada-pada teu wawuh. Geus satengah perjalanan kakara manehna daek ngamimitian nyarita.
"Enyaan Ami, moal ka Bandung deui?" Betus oge geuning tah kereteg hatena teh.
"Bade naon di Bandung oge, da tos teu aya nu butuheun." Kuring asa dibere kasempetan keur malik-malikkeun caritaanana.
"Naha bet nyarios kitu...? Memang naon salah Aa ka Ami teh?" Nanya kituna teh bari neuteup seukeut kana beungeut. Ti batan nembalan, kuring kalah babalieuran, teu wani malik neuteup beungeutna, serab...serab ku sorot panonna. Antep, teu hayang mere jawaban, keun sina panasaran.
"Atuh moal aya nu mencetan mun Ami uih mah, moal aya nu ngabaturan jalan-jalan, moal aya nu...," kaburu ditempas ku kuring, "Pan ayeuna mah aya Rien!"
"Yee..., naha miwarang Rien? Moal kersaeun da manehna mah tuman dikaulaan. Jeung teu sabumi mah sesah pendakna atuh," cenah. Barang ngadenge eta kekecapan, aya nu ngajeletit kana hate. Rien mah tuman dikaulaan cenah, hartina sabalikna ti kuring. Geus jelas geuning jajawaban manehna teh, yen salila ieu tetela manehna nganggap kuring badega, kawas indung kuring baheula. Kuring teh teu leuwih ti ngan ukur tukang ngaulaan Juragan Jafar. Teu...teu nganggap kuring adina, jajauheun nganggap kuring bebene kameumeutna.
Barang geus aya di imah Ema jeung Bapa, kalah tumamu deuih. Kuring jeung Si Aa tinghariul, asa keur nganjang ka batur, tumarumpang asa lain di imah kolot sorangan. Atuh jeung pangeusi imahna asa jeung deungeun-deungeun deuih, da puguh geus lawas pisan teu amprokna ge. Eta we pisah jeung kolot teh ti keur umur kuring lima taun, panggih-panggih deui ayeuna. Padahal Ema jeung Bapa mah kurang kumaha gepyakna ngabageakeun kuring jeung Si Aa teh, make jeung ngajamu deuih ku kadaharan anu ceuk ukuran urang dinya mah sagala aya, kawas nu ngahaja diaya-ayakeun.
Sorena manehna keukeuh ngajak kuring sangkan daek diajak deui ka Bandung. Pajar teh karunya Si Ibu ripuheun cenah. Kuring mugen. Teuing ku naon katugenah hate teh bet teu bisa diupahan, nepi ka hayang pundung balik ka indung. Ahirna manehna balik deui ka Bandung teu jeung kuring. Samemeh ngaleos manehna nawaran, yen mun kuring hayang dipapagkeun mah rek isukan rek pageto, kari nelepon, moal burung dipapagkeun ka dieu cenah. Ceuk hate teh, "Alaaah, manehna maksa ngajak ka Bandung deui teh pedah we butuh ku tanaga kuring wungkul. Teu leuwih ti kitu!"
Dumasar kana gerentes hate nu eta, peutingna basa kulawarga kuring keur ngariung, tuluy kuring ditalek daek heunteuna direremokeun jeung hiji nonoman anu aya karep mileuleuheungkeun diri anu sakieu buktina. Hareupeun Ema jeung Bapa kuring langsung ngajawab kalawan tatag, "Insya Allah abdi kersa!" Sabab kapikir, aya rencana kitu teh pasti kolot kuring ge meunang milih jeung mikir, moal sagawayah ngajodokeun anakna jeung jelema saliwat. Asa piraku kolot tega nyilakakeun nu jadi anak. Kapan meureun kahayang unggal kolot mah sarua, teu weleh miharep kahirupan anakna teh aya dina kabagjaan. Tapi basa diamprokkeun jeung jinisna, hate mah can bisa narima, da puguh nu kapibeungeut na kongkolak panon mah hantem beungeut Si Aa.
Saminggu ti harita, Bapa kuring ngahaja ka Bandung ngondang manehna sakulawarga, sangkan bisa ngaluuhan walimahan kuring jeung pisalakieun anu baris dilaksanakeun dua minggu deui. Torojol teh Bapa sorena geus datang deui bari mawa surat keur kuring ti manehna. Dibaca teh horeng eusina nganaha-naha, naha kuring bet daek diamprokkeun jeung lalaki sejen nu can puguh satiana cenah. Teu sangka cenah tega nganyenyeri manehna, anu taun-taun nyabar-nyabar maneh miharep susuganan hate kuring surti sarta leah daek narima kadeudeuh jeung kaasihna. Tuluy cenah manehna inget, basa dina mobil ka lemburkeun, kuring nyabit-nyabit ngaran Rien, manehna kakara eungeuh, boa kuring teh timburu ka eta baturna. Teu kudu timburu, cenah, da Rien mah teu leuwih ti batur kuliah. Basa Rien nganjang ka imah tea, eta teh badami nyieun laporan hasil kagiatan opspek.
Beres maca surat ti manehna, kuring ngahuleng salila-lila. Aya rasa hanjelu, hanjelu beh ditueun hanjelu, hanjelu bet teu surti kana sikepna salila babarengan taun-taun jeung manehna. Tapi, kuring geus kagok milih jalan hirup nu rek disorang ka hareupna, sabab dibereg kudu buru-buru nangtukeun pilihan, narima atawa nolak panglamar lalaki pangreremo indung bapa.
Beunang sawatara poe mah uteuk teh baluweng lain meumeueusan, teu eureun-eureun mikiran sabatae gudawangna raheut hate manehna, jeung kudu kumaha cara ngupahan jeung ngubaranana, da puguh sorangan ge keur sarua tunggarana. Leungit-leungit soteh kabingung jeung kahanjelu sanggeus boga kayakinan, yen jodo pati bagja cilaka lain urang nu ngaturna. Lian ti eta, kapikir deuih, kulawarga pihak manehna ge can puguh ridoeun lamun manehna tulus milih kuring keur pipamajikaneun teh. Keun we atuh Aa, teu ayeuna sugan jaga! (*)
Mangle No. 2054