Sakadang Kuya Silih Duruk jeung Sakadang Maung

Dina hiji poe Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manehna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan.

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet

Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.

"Ha...ha...ha..., kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!" pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya.

Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa oge ketang, kateuteu ari, da angger bakal katewak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna.

"Ke heula, Sakadang Maung," ceuk Sakadang Kuya, neger-neger maneh.

"Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!" ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala. "Ti kamari aing can baranghakan. Lumayan kuya kolot oge!"

"Sabar, Sakadang Maung, sabar," ceuk Sakadang Kuya, ngomongna leuleuy, "Lamun memang geus waktuna jadi hakaneun anjeun, uing mah rido. Katambah uing sorangan geus kolot, geus bosen hirup. Ngan anjeun kudu nyaho, daging uing teh tiis jeung hampos. Lamun hayang ngeunah jeung gurih, euweuh deui carana, uing kudu diduruk heula."

"Diduruk heula? Kumaha carana?" ceuk Sakadang Maung.

"Gampang atuh. Awak uing bugbrugan ku suluh, tuluy duruk."

"Ari suluhna ti mana?"

"Ngala ka leuweung!"

"Ngala ka leuweung? Ha...ha...ha..., aing apal kana akal licik sia, dasar kuya! Waktu aing ka leuweung neangan suluh, sia rek kabur! Aing moal bisa katipu deuleu!" ceuk Sakadang Maung.

"Bisi anjeun teu percaya mah, pek tah talian awak uing, tuluy cangcang kana tangkal!" tembal Sakadang Kuya.

"Heug atuh ari kitu mah!" ceuk Sakadang Maung. Tuluy neangan areuy keur nalian kuya. Geus manggih, reketek awak Sakadang Kuya teh ditalian. Tungtung talina ditalikeun kana tangkal kalapa. Ngahaja talina dipanjangan, da kitu pamenta Sakadang Kuya teh. Sanggeus yakin talina pageuh, Sakadang Maung indit ka leuweung rek ngala suluh.

Sabot Sakadang Maung ka leuweung, buru-buru Sakadang Kuya nyieun liang dina keusik. Liangna kawilang jero oge, gedena sapaseun awakna. Tuluy manehna cicing dina luhureun eta liang, nepi ka henteu kaciri aya liang.

Jol Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak Sakadang Kuya. Gur bae sukuh teh diseungeut. Teu hese teurakna seuneu teh, kawantu suluh gararing. Sakeudeung oge seuneuna geus ngabebela, teu bina ti nu keur nyieun api unggun. Ari Sakadang Kuya, barang durukan hurung teh, terus bae mubus kana liang anu aya di handapeunana.

"Sakadang Kuya!" ceuk Sakadang Maung.

"Kuk!"

"Can paeh?"

"Encan, seuneuna kurang gede."

Suluhna ditambahan deui.

"Sakadang Kuya!"

"Kuk!"

"Can paeh keneh?"

"Encan, aneh di dieu mah seuneu teh bet haneut!" tembal Sakadang Kuya.

Suluhna ditambahan deui.

"Sakadang Kuya!"

Sakadang Kuya teu nembalan.

"Ah, jigana ayeuna mah geus paeh Sakadang Kuya teh."

Barang durukan geus pareum, Sakadang Maung kurah-koreh kana durukan, neangan daging kuya. Keur kitu, Sakadang Kuya ngurumuy tina jero lebu durukan. Awakna jadi bodas ku lebu.

"Sakadang Kuya, geuning sia hirup keneh?" ceul Sakadang Maung kacida kagetna.

"Puguh ceuk uing ge tadi, seuneuna teh jadi haneut di lebah dieu mah!" tembal Sakadang Kuya kalem.

"Baruk tiis nya?" ceuk Sakadang Maung deui bari nilik-nilik awak Sakadang Kuya. "Jeung deui awak silaing jadi bodas kitu? Asa leuwih kasep euy!"

Sakadang Kuya mesem. Pok ngomong, "Sakadang Maung hayang siga kuring?"

"Ih, puguh we, ti baheula aing teh hayang boga kulit bodas. Meureun bakal leuwih tegep, nya!"

"Tangtu we atuh. Komo Sakadang Maung mah, lamun boga kulit bodas teh, bakal leuwih gagah jeung kasep. Ayeuna oge cacakan coreleng geus tegep."

"Bisa kitu mun kulit uing hayang bodas kawas silaing ayeuna?" ceuk Sakadang Maung, rada sopan ayeuna ngomongna teh, teu uang-aing teuing.

"Nya bisa atuh, asal daek diduruk we siga uing tadi," ceuk Sakadang Kuya.

"Diduruk? Moal panas kitu?"

"Moal. Apan uing oge henteu nanaon, malah kulit jadi bodas," tembal Sakadang Kuya. "Lamun arek, jung atuh neangan suluhna heula!"

Teu loba tatanya deui, Sakadang Maung indit ka leuweung rek ngala suluh. Meunang sawatara lilana, Sakadang Maung datang bari manggul suluh gararing.

"Pek ngagoler di dinya, ku uing urang bugbrugan ku suluh!" ceuk Sakadang Kuya.

Sakadang Maung ngagoler, tuluy dibugbrugan ku suluh. Sut atuh suluh diseungeut. Jegur bae hurung, tangka ngabebela.

"Sakadang Maung!"

"Heuy!"

"Hirup keneh?"

"Hirup, euy, ngan panas geuning!"

"Panas soteh mimitina, engke mah moal geura."

Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.

"Sakadang Maung, hirup keneh?"

"Hirup euy, ngan panas," tembal Sakadang Maung, sorana ngalaunan.

Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.

"Sakadang Maung, hirup keneh?"

"Hiup, han hanas heuy...," Sakadang Maung nembal, sorana beuki teu kadenge bae.

Teu talangke, suluhna dibugbrugan deui. Sanggeus sawatara lilana, pok ditanya deui ku Sakadang Kuya.

"Sakadang Maung, hirup keneh euy?"

Sakadang Maung teu nembalan.

"Lah, kawasna mah geus paeh Si Belang teh," ceuk Sakadang Kuya.

Teu lila kadenge sora tingbeletuk tina durukan. Sirah jeung awak Sakadang Maung baritu. Kambeu deuih bau hangit daging jeung kulit anu kaduruk.

"Yakin geus paeh Si Belang teh. Keun, itung-itung wawalesna ka sato anu sok ngahakanan sato laleutik," ceuk Sakadang Kuya. (*)


Samemehna: Sakadang Monyet Nabeuh Goong Batara Guru Saterusna: Sakadang Kuya Boga Suling Tulang Maung
Sakadang Kuya Silih Duruk jeung Sakadang Maung Sakadang Kuya Silih Duruk jeung Sakadang Maung Reviewed by Rupa Sundapura on 09.21 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.