Sakadang Kuya Boga Suling Tulang Maung

Sanggeus durukan teh pareum, Sakadang Kuya kurah-koreh. Manggih tulang anu panjang, jigana mah tulang pingping tukang Sakadang Maung. Tulang teh dicokot, tuluy diberesihan.

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet

"Alus yeuh lamun dijieun suling. Ngan kumaha molongoanana?" ceuk Sakadang Kuya. Ras inget ka Sakadang Caladi. "Aeh, enya, sina ditroktrokan bae ku Sakadang Caladi."

Sakadang Kuya ngadatangan Sakadang Caladi anu keur noktrokan tangkal kalapa.

"Sakadang Caladi, turun heula sakeudeung, Emang tulungan!" ceuk Sakadang Kuya.

"Aya naon, Mang?" ceuk Sakadang Caladi bari nyampeurkeun.

"Cing, pangnoktrokkeun tulang, keur suling!"

Tulang teh ditroktorak ku caladi.

"Nuhun Lo!" ceuk Sakadang Kuya

Tuluy suling teh ditiup ku Sakadang Kuya.

Tret-trot tret trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi

"Alah, teu ngeunaheun. Jigana mah kudu diliangan heula," ceuk Sakadang Kuya. Ras manehna inget ka Sakadang Bangbara.

Sakadang Kuya neangan Sakadang Bangbara. Kapanggih keur ngaliang dina tangkal anu keur ngarangrangan.

"Sakadang Bangbara, ka dieu Jang, tulungan Ua sakeudeung!" ceuk Sakadang Kuya.

"Tulungan naon, Wa?" ceuk Sakadang Bangbara.

"Cing, pangaliangankeun suling Ua, ieu teu ngeunaheun ditiupna."

Tuluy atuh suling teh diliangan ku Sakadang Bangbara. Sanggeus nganuhunkeun ka Sakadang Bangbara, suling teh ditiup deui ku Sakadang Kuya.

Tret-trot tret trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara

"Ah, can ngeunaheun keneh bae. Jigana mah kudu dipasieup heula," ceuk Sakadang Kuya.

Keur kitu, geleber aya Sakadang Sireupeun ngaliwat.

"Tah, kabeneran aya Sakadang Sireupeun. Ka dieu heula, Jang, tulungan Aki," ceuk Sakadang Kuya.

"Aya naon, Ki? Meni rareuwas," ceuk Sakadang Sireupeun.

"Ieu Aki teh boga suling, tapi masih keneh silung. Cing, pangmasieupkeun sakeudeung mah."

Tuluy atuh suling teh dipasieup ku Sakadang Sireupeun. Rada lila, da cenah masieup suling teh henteu gampang. Tapi teu burung anggeus oge.

"Nuhun Jang."

"Sami-sami, Ki."

Tuluy atuh suling teh ditiup deui ku Sakadang Kuya.

Tret-trot tret trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot heong, torotot heong

"Tah, ngeunah ayeuna mah sora suling teh. Nuhun ah, Jang," ceuk Sakadang Kuya bari indit.

Sajajalan Sakadang Kuya nyuling teu eureun-eureun. Sorana matak kelar. Sato-sato oge anu biasana garandeng, jep bae jarempe, ngadedengekeun sora suling Sakadang Kuya. Atuda lain suling samanea. (*)


Samemehna: Sakadang Kuya Silih Duruk jeung Sakadang Maung Saterusna: Suling Sakadang Kuya Dibawa Kabur Ku Sakadang Monyet
Sakadang Kuya Boga Suling Tulang Maung Sakadang Kuya Boga Suling Tulang Maung Reviewed by Rupa Sundapura on 19.14 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.