Suling Sakadang Kuya Dibawa Kabur Ku Sakadang Monyet

Sora suling teh kadengeeun ku Sakadang Monyet.

"Alah, aya ku ngeunah eta sora suling. Saha anu niupna nya?" gerentes Sakadang Monyet.

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet

Sakadang Monyet gagancangan neangan lebah datangna sora. Ari breh, gebeg, sihoreng Sakadang Kuya anu niup suling teh. Jorojoy aya niat hayang ngarebut eta suling.

Sanggeus ngahuleng sakedapan, tuluy nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.

"Sakadang Kuya! Sakadang Kuya!"

Sakadang Kuya teu eureun niup sulingna. Lain teu nyahoeun aya Sakadang Monyet, ngan api-api teu nyaho we.

"Sakadang Kuya, meni alus suling teh. Sorana ge meni genah kadengena," ceuk Sakadang Monyet.

Sakadang Kuya teu ngawaro.

"Cik ah, nginjeum sakeudeung we."

Sakadang Kuya eureun niup sulingna. Pok ngomong, "Nginjeum? Ih, ulah. Ieu mah lain suling samanea, dijieunna oge tina tulang maung."

"Sakeudeung we atuh."

"Ulah, ah, bisi dibawa kabur!"

"Maenya teu percaya ka uing, apan urang teh lain wawuh anyar-anyar."

"Anu matak teu dibikeun oge kitu, sabab uing apal ka Sakadang Monyet teh. Apal luar-jerona, lah."

Sakadang Monyet ngahuleng sakedapan.

"Kieu we atuh, salila uing niup suling, pek tah gegel buntut uing," ceuk Sakadang Monyet bari ngasongkeun buntutna.

"Heug atuh ari kitu mah," ceuk Sakadang Kuya bari mikeun suling ka Sakadang Monyet.

Sakadang Monyet diuk dina dahan anu handap, ari Sakadang Kuya ngegel buntut Sakadang Monyet.

Sakadang Monyet niup suling.

Tret-trot tret-trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot heong, torotot heong

"Sakadang Kuya, ulah lebah dinya ngegelna, di dinya mah urut borok. Cik handapan saeutik!" ceuk Sakadang Monyet.

Sakadang Kuya ngegelna pindah ka beh handap.

"Ih, di dinya mah nyeri, apan urut raheut tea."

Sakadang Kuya pindah deui ngegelna rada ka handap.

"Eta-eta, di dinya ge ulah, bisi teu nyaho mah lebah dinya teh bagean permatina!"

Kitu jeung kitu bae. Antukna Sakadang Kuya ngegel buntut Sakadang Monyet teh ditungtungna pisan.

"Tah, di dinya we!" ceuk Sakadang Monyet bari ngajleng. Atuh puguh we, Sakadang Kuya teh lesot ngegelna. Sakadang Monyet tuluy nerekel kana dahan anu pangluhurna. Gek diuk di dinya. Tuluy niup sulingna.

Tret-trot tret-trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot heong, torotot heong

"Sakadang Monyet, ka dieukeun suling uing!" ceuk Sakadang Kuya.

"Cokot ka dieu ari hayang mah!" tembal Sakadang Monyet, terus niup suling.

Sakadang Kuya ukur bisa olohok. Rek naek, teu bisa. (*)


Samemehna: Sakadang Kuya Boga Suling Tulang Maung Saterusna: Sakadang Kuya Menta Tulung Ka Sakadang Keuyeup
Suling Sakadang Kuya Dibawa Kabur Ku Sakadang Monyet Suling Sakadang Kuya Dibawa Kabur Ku Sakadang Monyet Reviewed by Rupa Sundapura on 20.07 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.