Sakadang Kuya Menta Tulung Ka Sakadang Keuyeup

Sakadang Kuya kacida hanjelueunana, lantaran sulingna dibawa kabur ku Sakadang Monyet. Taya peta bisa kapimilik deui. Tuluy leumpang ngadedod, karepna rek balik ka pamatuhanana di sisi walungan.

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet

Barang anjog ka sisi walungan, gok panggih jeung Sakadang Keuyeup.

"Ku naon Sakadang Kuya, bet jiga anu sedih kitu?" Sakadang Keuyeup nanya.

"Nyaeta, uing teh keur meunang kasusah," ceuk Sakadang Kuya.

"Kasusah naon?"

Barabat atuh Sakadang Kuya nyaritakeun lalampahanana, ti mimiti panggih jeung maung, boga suling tina tulang maung, nepi ka sulingna dibawa kabur ku Sakadang Monyet.

"Emh, nyaan taya rasrasan pisan Sakadang Monyet mah," ceuk Sakadang Keuyeup, "Jigana mah kudu diwarah."

"Enya, ngan kumaha carana?"

"Keun eta mah bagean uing. Ayeuna mah anteur bae uing ka tempat Sakadang Monyet!"

"Sukur atuh ari Sakadang Keuyeup bisa nulungan mah."

"Tapi, henteu haratis. Lamun suling beunang deui, rek mere naon Sakadang Kuya ka uing?"

"Naon atuh, nya?"

"Kieu we atuh, nya, uing teh geus lila hayang boga munding. Tah, kumaha lamun buruhna ku munding bae?" ceuk Sakadang Keuyeup.

"Jadi lah, ari munding mah uing ge boga sarakit. Pek nu jalu mah keur Sakadang Keuyeup, asal suling beunang deui."

"Heug ari kitu mah, kuring daek nulungan Sakadang Kuya."

Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Keuyeup indit ngadatangan Sakadang Monyet. Kasampak Sakadang Monyet keur nyuling dina dahan kai pangluhurna.

"Sakadang Monyet, kadieukeun suling teh!" ceuk Sakadang Kuya.

"Ceuk uing oge bawa ku sorangan ka dieu! Naek mun bisa mah!" tembal Sakadang Monyet bari ngarenyohan.

"Pokona lamun teu dibikeun deui, rasakeun siah!" ceuk Sakadang Kuya.

Ngadenge omong Sakadang Kuya kitu teh, Sakadang Monyet kalah nyeungseurikeun.

Waktu Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet parea-rea omong, Sakadang Keuyeup naek kana tangkal kai, ngadeukeutan ka Sakadang Monyet. Beuki deukeut, beuki deukeut bae. Terus Sakadang Keuyeup cicing palebah buntut Sakadang Monyet anu nyampay dina dahan.

"Rek dibikeun moal?" ceuk Sakadang Kuya.

"Moal!" tembal Sakadang Monyet.

Beres ngomong, ana gep teh buntut Sakadang Monyet dicapit satakerna ku Sakadang Keuyeup. Sakadang Monyet kacida reuwaseunana jeung nyerieun deuih.

"Oaduh, oaduuuh, oahahaha," Sakadang Monyet gogorowokan, lantaran buntutna karasa nyeri dicapit ku Sakadang Keuyeup nepi ka buntung. Ari sulingna tea ragrag, tuluy disanggap ku Sakadang Kuya.

Sanggeus sulingna beunang, Sakadang Kuya muruhan munding ka Sakadang Keuyeup. Munding jalu. Bari hahariringan, Sakadang Keuyeup balik kana liangna di sisi walungan bari nungtun munding. Ngan barang asup kana liang, awakna katincak ku munding. Anu matak, cenah, nepi ka ayeuna dina tonggong keuyeup aya anu dekok siga tapak suku munding.

Ari Sakadang Monyet mah terus kabur. Malah teu datang-datang deui ka dinya. Jigana mah eraeun, lantaran buntutna buntung dicapit ku keuyeup tea. Malah mah cenah turunanana oge areuweuh buntutan. Disebut bae "oa", lantaran lamun keur karasa nyeri sok humarurung, "Oahahaha, oahahaha." Nepi ka lila-lila mah sorana oge kitu deuih. (*)


Samemehna: Suling Sakadang Kuya Dibawa Kabur Ku Sakadang Monyet  

T A M A T

Sakadang Kuya Menta Tulung Ka Sakadang Keuyeup Sakadang Kuya Menta Tulung Ka Sakadang Keuyeup Reviewed by Rupa Sundapura on 09.15 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.