Satapak Di Kebon Awi (Bagean 2)

Da puguh poek, semet reyem-reyem bulan sapasi, enggoning leumpang diiringkeun ku Mang Sani teh panon ngancar ka kenca ka katuhu, caringcing bisi aya nu ngaraponan deui cara tadi.

Beda jeung diajak adu hareupan, nyanghareupan musuh demit mah ngadadak jadi borangan. Nyebut musuh soteh pedah itu nu tadi nandasa tea siga nu heueuh ngamusuh.

Carita Tilu Bagian

Datang ka imah Mang Sani nyampak bojona nyadiakeun cilebu beunang nuras.

"Tong teuing, da enggeus di ditu dibeas-cikur," cek Mang Sani. "Utama pisan malah, da nu ngurusna ge nya geulis nya denok."

"Eum, Emang mah," cek kuring ngabelehem. Dina hate mah aya resep digonjak teh, ngan hanjakal ituna geus aya nu boga.

Bojona Mang Sani katembong nyumputkeun imut. Hariweusweus nanya kumaha-kumaha bari nengetan sirah kuring. Diterangkeun saperluna ku salakina.

"Geuwat sangu ka dieukeun, geus lapar. Dikosongkeun ti beurang keneh, hayang marengan ponyo ka Asep."

Dahareun dipajang di tengah imah dina samak pandan perasan. Sangu beureum haneut keneh, pais bebeong beunang ngahaneutkeun sababaraha kali, nu disebut pais bari tea, sambel kelewek dicoel ku terong beunang nyiksikan. Ponyo kacida dahar teh, da ngahaja ti imah teu dahar heula, turug-turug geus heubeul teu manggih dahareun model kitu. Rada ari era tea mah meueusan dina enggeusan teh. Pais bebeong kari cucukna, coet lening. Bibilas cau raja ngan kaduga sapotong, da mani asa meteng beuteung teh.

"Kumaha ngawitanana tadi teh, Sep?" cek Mang Sani bari nyerebung udud.

Barabat ku kuring dicaritakeun deui gemet pisan, da tadi mah kakara saperluna bae.

"Teu kagungan pacengkadan sareng urang dieu?" cenah sanggeus ngahuleng sajongjongan.

"Henteu. Pacengkadan naon atuh?"

"Bilih wae Asep...eu...aya kitu-kitu sareng eta..."

"Sareng eta...saha?" cek kuring panasaran.

"Sareng...eta...eu...Neng Enok, putrana Pa Ulis."

"Ari kitu...?"

"Bilih wae, da Emang oge apal keneh ka nu mencenges mah. Kawuwuh sanes hiji-dua nu kantos ngaheroan teh. Boa disangka bade nganjang ka dinya Asep teh tadi."

"Bujeng-bujeng aya kitu-kieu, tepang ge nembe tadi di rorompok. Pan Emang ge terang, abdi mah ngumbara ti leuleutik. Mun teu aya kajadian tadi mah, wawuh ge moal," cek kuring ngaringeuh.

Asa sapagodos pangira Mang Sani teh jeung pikiran kuring tadi. Copna teh ka ditu ka pisalakieun Si Enok.

"Bade direndengkeun cenah sakedap deui..."

"Iraha cenah?"

"Engke ari tos tamat sakola. Duka sakola nanahaon, sakitu geus jelug teh hayoh wae. Pangpantaranana mah geus aya nu bulan alaeun, nya Emana?"

Bojona Mang Sani keur kurah-koreh kana wadah seupaheun. Ngarenjag ngadenge nu nanya teh.

"Naon tea?" cenah.

"Hih, sugan teh ngadengekeun!"

"Ari kitu naon tea?"

"Geus wae lah, hese kudu malikan deui mah. Sakieu areungapna. Dahar kateuhak."

"Ari taeun teh," cek bojona. Guriwel-guriwel nektek, wel dihuapkeun. Ngalimed nyeupah bangun ni’mat.

"Ka saha cenah, Mang?" cek kuring.

"Naon tea, Sep?"

"Itu...eu...direndengkeunana?"

"Euh...muhun..., ka Jang Sueb."

"Yeh, jelema kitu," cek bojona, ngosom ku seupaheun. Ngajebengan di dituna, tapi bari samutut.

"Ari kitu?" cek kuring panasaran.

"Baragajul," cenah rada diharewoskeun.

"Eum, sok gagabah, kuma mun kadengeeun ku cakcak," cek salakina.

"Cua tuda!"

"Saha Jang Sueb teh?" kuring beuki panasaran.

"Putra Pa Lurah," cek Mang Sani, jegroh batuk nonggoy, kabesekan haseup udud. "Walah, banget pisan bako teh!"

"Lain diasaan heula basa meuli teh?"

"Pamere Si Tarip ieu mah. Nya eta sarerea ge manghanjakalkeun..."

"Na atuh hayoh wae diudud?" ceuk bojona.

"Eum, sok saliwang ari ngomong teh. Lain manghanjakalkeun bako!"

"Naon atuh...?"

"Eta eu...neng Enok, make rek diamprokkeun ka dinya. Lebar ku geulisna, ku bageurna. Bubuhan ka dunungan wae meureun Pa Ulis teh. Dipundut...haturkeun waeh!"

"Kutan," cek kuring bari unggeuk-unggeukan. Paingan cek hate teh, tadi Si Enok kitu ngomongna, "Lah...tuda Apa" cenah.

Ayeuna mah kaharti, geus ngadenge kitu mah ti Mang Sani.

Geus rada peuting, geus seubeuh ngawangkong, pok amitan rek balik.

"Kulem wae di dieu, Asep, melang Bibi mah bilih aya kitu-kieu deui," cek bojona Mang Sani.

"Nuhun, Bi, piraku sugan, da abdi mah teu gaduh maksad awon. Cenah itu keukeuh bade ngarah, asal ulah ngabongohan wae, da abdi ge lalaki," cek kuring. Lain takabur atawa suaban, ngan yakin teu boga pakuat-pakait panyerewedan jeung sasaha ge. Lian ti kitu teh ti budak ge teu rumasa bodas ceuli, da Bapa ge kaceluk ludeungan.

"Ke, rek dijajapkeun ku Emang," cek Mang Sani.

"Teu sawios, Mang, da ludeung."

"Hih, ari taeun teh. Ongkoh Emang resep keneh ngawangkong. Hoyong ngalantung wae ka tonggoh, ngalongsongkeun beuteung," cenah bari ngojengkang ka enggon ngaganti baju. Jolna deui teh dikampret bodas, leungeun gober, calana komprang hideung, nyoren bedog simpay barlen, siga sasorenan ari midang. Asa nyeueung "Oah Cibarusah"

Bring waeh. Tadi mah turun ti imah Pa Ulis teu rarat-reret. Sihoreng pangling kacida lembur Pasirawi teh, beda pisan jeung baheula basa kuring keur budak keneh. Jalan ngabulungbung dikikisik, turut sisina imah-imah ngaberes teu pasengsolan. Gedong ge iwal nu Pa Ulis teh aya deui. Rek srog ka kebon awi, jalan teh mengkol ngenca. Sihoreng jalan motong nu ka kebon awi mah, jalan urut baheula.

Nepi ka hareupeun Bale Desa Mang Sani teh jajapna.

"Dugi ka dieu wae Emang mah. Bade nyimpang ka warung ngagentos eusi dompet, banget teuing," cenah.

Datang ka imah. Sup ka enggon. Poek, da tadi basa rek indit dipareuman lampu teh. Kadak-kodok kana saku neangan kerekan, gorehel manggih kertas sacewir. Kertas nanahaon, da asa teu nyakuan, cek hate teh.

Geus nyeungeut lampu, dideukeutkeun kertas teh ka nu caang, dibaca. Aksarana paretot kawas lain beunang tukang nulis.

"Hapunten lepat alamat. Sanes saderek nu dimaksad teh. Mugi enggal damang."

Sakitu-kituna. Taya ngaran, taya tanda tangan. Asa dina dongeng cek hate teh. Kilang kitu, najan kasebutna surat anonim, kuring teu sak deui moal salah Su’eb nu boga gawe teh".

Baruk salah alamat? Na saha atuh saenyana nu rek diarah teh? Ras inget kana omong Si Enok jeung carita Mang Sani tadi. Majar pada mikahayang Si Enok teh. Kasambung pisan ku eusi surat. Beuki nyay-nyayan hate teh. Si Enok direremokeun ku bapana ka anak dunungan, anak Lurah bari jinisna teu sukaeun. Ngarasa rea nu ngaheroan, dilayanan waeh saurang, nu cop kana hatena. Itu Si Su’eb tea tangtuna ge asa dihihileudan, wajar, da sarerea ge moal teu kitu. Ngunek-ngunek tuluy timbul niat meupeus keuyang. Nyaho Si Itu, nu sok ngahihileudan tea remen nganjang ka bebenena, dipegat waeh. Nu matak dipegat di kebon awi teh ku lantaran kataksir Si Itu nu sok nganjang rerencepan tea moal milih jalan nu ngabulungbung, nyingkahan panyeueung deungeun.

"Moal teu kitu pangira kuring teh. Tapi saha atuh lalakina teh? Nilik galagatna tadi mah bangun teu atoh geus aya nu nyangcangan, kuring yakin, tangtu Si Enokna ngalayanan.

Panasaran hate teh hayang nyaho jelemana. Bari aya pikiran, hayang ngabejaan, yen keur diarah-arah, bisi itu, Si Su’eb tea, luluasan mergasa..., sahenteuna nu karerab hate.

Jadi tambah pikiraneun teh. Lebar ku nyawa batur. Nepi ka peuting pisan teu daek sare. Nyileuk wae reuwas. Ka tungtungnakeun ongkoh. Diwawaas mun itu nu majar kasalahan harita mata gelap nepi ka tega nyacag, mana teuing wae meureun. Kari ngaran boa ayeuna teh.

Bagja keneh semet diteunggeul mah. Ngan iraha mangkeluk teh ngasupkeunana surat kana saku? Ku pangira, diilikan meureun geus ngudupung teh, ngayakinkeun, geus puguh lain, buru-buru meureun nulis surat tea, sup waeh kana saku kuring. Nu matak paretot aksarana oge, da di nu poek tea. Kitu meureun, cek hate.

Nu jadi panasaran kacida teh hayang nyaho saha nu diarahna, nu ngahihileudan Si Enok bari siga dilayanan ku jinisna. Panasaran soteh, pedah sasat jelema eta nu ngalantarankeun kuring katideresa teh. Kilang kitu, palias, lain ngunek-ngunek, cek kuring ge hayang ngabejaan, lebar ku nyawana, bisi heueuh Si Su’eb luluasan.

Cek pangira, moal teu diintip deui can beunang mah tah jelema teh. Asa kukurayeun punduk teh, inget ka lalakon Si Edo bejana, nepi ka dicacag cara nyacag nangka ku maruna. Sieun nepi ka kitu ieu oge. Moal teu asa dosa saumur-umur, mun kuring tega teu ngabejaan teh.

Peutingna deui, bada Magrib, kencling kuring muru kebon awi tea. Teu ka jalan nu biasa, da hayang rerencepan. Lebah limus gede, tungtung kebon awi beulah dieu, hanjat kana gili, tuluy meuntas naekan pager. Gorobas..., gorobas we kukurubutan mapay parigi urut minggu tukang basa bebedil tea. Nepi ka urut bareto nyerangkeun nu ngajingjing teko tea, gog ngog diharudum sarung hideung. Campego wae bari ngawas-ngawas ka ditu ka lebah jalan satapak tea.

Jempling pisan da puguh di kebon awi. Ukur sora-sora gaang jeung jangkrik. Sakapeung-kapeungeun seahna daun awi katebak angin. Kesel jaba cangkeul lain meueus-meueus. Leuheung mun hade bari udud mah muput reungit nu nyarongcong. Tapi diintip-intipan ge lain bari kunyay-kunyay seuneu roko mah, cek hate. Mun lain keur kitu mah geus beak sabaraha boa roko teh.

Teuing geus sabaraha reana reungit nu paeh dileakkan dina bitis, da teu wani rek dipeupeuh mah sieun keplakna matak gareuwah. Ari geus baluncir mah lalindeuk reungit teh.

Trong sada kohkol ti kajauhan. Pangangguran dibilang. Salapan kali. Geus sabaraha jam atuh kuring di dinya teh? Bada Magrib indit ti imah teh. Jadi geus tilu jam meureun. Ari dipikir-pikir asa teu pupuguh ngadon nyiksa maneh, marabkeun awak ka reungit. Asa-asa mending balik taya gunana pipilueun kana urusan deungeun. Tapi hate keukeuh teu tega, melang ka jelema nu keur diarah-arah tea. Ras ka awak sorangan. Da mun nyaho mah ti kamari ge meureun geus ditepungan ka imahna, dibejaan sangkan caringcing. Ku teu nyaho tea saha atuh? Jaba ti kitu teh bari jeung resep ongkoh, asa keur ngalalakon cara dina pilem. Nya kieu meureun kalakuan para detektip oge.

Aya meureun sapanyeupahan mah ti tas kohkol salapan kali teh, siga-siga aya nu ngaringkang lebah nu keur diawaskeun teh. Teu pati sidik, ukur kawas kalangkang saliwat. Tapi tetela ari aya nu siga usik tea mah.

Deg-deg-deg hate teh. Lain sieun, da puguh heueuh eta pisan nu didagoan teh. Bari jeung nyumput ongkoh. Cek kolot oge, najan asrog jeung maung oge, mun urang heula mah nu nyaho, kalah ka itu Si Maung tea nu kasima. Angot itu mah nu ngajuringkang tea teu nyahoeun-nyahoeun acan aya nu ngintip.

Deg-degan soteh asa aya nu nyanggut mun keur nguseup tea mah. Panon waeh taya nanaon deui, nepi ka trong kohkol sapuluh kali. Ngaleak reungit dina bitis teuing geus sabaraha kali. Leungeun mani geus hanyir diambeuan teh ku getih reungit alias getih kuring-kuring keneh.

Si bedul ge, itu tea nu ngajuringkang tadi, moal teu keseleun cara kuring, bari jeung tambah ngagugudug meureun napsuna teh. Moal teu budal ambekna mun srog teh nu dipegatna datang.

Kuring mikir pilakueun engke mun si itu nu sok ngaheroan Si Enok rek dimangsa ku maruna. (*)

Sambungan ti Bagean 1 Nyambung ka Bagean 3

Ahmad Bakri
Satapak Di Kebon Awi (Bagean 2) Satapak Di Kebon Awi (Bagean 2) Reviewed by Rupa Sundapura on 08.59 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.