Satapak Di Kebon Awi (Bagean 1)
Geus lila ninggalkeun lembur teh. Eta wae ti mimiti asup ka SMP, nuturkeun dulur di kota, nepi ka tamatna ti SMA. Tuluy atuh meunang pagawean.
Bareto-bareto sok bisa balik tepung libur, geus kieu mah jadi taun kali ngelol ka lembur teh, malah sakapeung mah dua lebaran ngampleng da kudu sembah-kuriling heula ari hayang diidinan cuti teh.
Jadi asa dipanganjangan di lembur sorangan teh. Urut batur ulin baheula, papada budak, najan warawuheun keneh oge siga teu caronggaheun ayeuna mah, nenjo kuring ganti bulu meureun.
Padahal asa teu rumasa pindah pileumpangan. Ngan itu, batur nu bangun karagokeun teh, diconggahan ge ku kuring siga nilam. Ngarambeuan meureun di dituna mah, pedah kuring kasebut geus jeneng.
Tapi henteu ari matak luput pibatureun mah. Sok asa keueung teh dina usum ka sawah ka kebon. Manggih deui batur teh pasosore usum reureuh.
Dina hiji poe wanci lohor, Mang Sani, panyawah bapa kuring, ngajangjian, engke peuting urang murak pais bebeong cenah, beunang neuleuman di Cibuni. Da palika ongkoh manehna teh. Meupeujeuhan pisan kawas nu kacida hayangeunana dianjangan teh.
"Pomi, Asep," cenah. "Ulah teu sumping. Hawatos ka Embina, tos ngundeur."
Keur budak sok remen dahar pais bebeong teh, da Bapa ge tukang resep ka walungan. Ngadenge nu nawaran pais teh mani asa karasa deui ngeunahna. Da di kota mah palias teu ngalaman manggih.
Leos atuh tas Isa teh, muru ka Pasir Awi, lembur Mang Sani tea. Teu jauh, ukur dua kilo cek kira-kira mah. Ngiciprit bae sorangan, da ngajak Si Epeng, majar kagiliran ngaronda, ngawakilan bapana.
Usum bulan sapasi harita teh. Sarung diharudumkeun, tiris hawa halodo. Lebah campaka pugur nyimpang mapay jalan satapak di kebon awi. Poek lebah dinya mah, da harianeun. Ukur wae reyem-reyem meueusan.
Kueuk...kueuk..., sada bueuk. Teu pupuguh bet muriding bulu punduk teh, asa kareueung. Padahal teu rumasa borangan ti keur budak oge. Perbawa jempling meureun jeung harieum. Kueuk deui tah si bedul teh, kawas nu ngahaja nyingsieunan.
Keresek...keresek..., sada nu ngeresek dina kalakay awi. Pangangguran direret. Siga nu ngabelegedeg hideung.Siak teh, asa kabur pangacian. Can kaburu sidik, kaburu aya nu ninggang kana sirah. Gedak..., les waeh. Inget-inget keur pada ngarubung-rubung dina dipan beunang ngasuran di jero imah. Caang ngagembrang, siga ngahaja nyeungeut lampu patromak.
Olohok wae meunang sajongjongan mah bari ngumpulkeun ingetan. Na di mana atuh ieu teh? Di imah saha? Cekeng. Da lain..., lain imah Mang Sani.
Sirah karasa nyeri nyanyautan. Buuk baseuh dirampa teh kawas urut nyeuceuhan. Teu lila cerecep deui asa aya kapas baseuh dikompreskeun. Ari direret..., sihoreng budak awewe nu boga gawe teh. Asa-asa geus papanggih. Cek hate teh, tapi teuing di mana. Teu sanggup nginget-ngingetna keur kieu mah. Semet kayungyun ku bumelana.
"Di mana ieu abdi teh...?" cekeng lalaunan ka awewe tengah tuwuh nu diuk dina tunjangeun.
"Pan di rorompok Embi di Pasirawi. Tah geuning Emangna palih dinya. Emut keneh sanes ka Pa Ulis Jaya? Pan keur alit mah sok digagandong."
Ret ka beulah kenca, Pa Ulis unggeuk bari imut.
"Geuning abdi aya di dieu," cek kuring bari ngarampa deui sirah.
"Nya eta...ku naon atuh Asep teh? Kapendak ku Emang ngudupung di kebon awi. Bantun weh ka dieu."
Cerecep deui karasa kapas pangompres teh. Direret deui nu boga gawena. Nu tadi keneh, nu asa-asa geus papanggih tea. Moal salah putra Pa Ulis, cek hate teh.
Bari ngararasakeun kanyeri teh make asa bagja meunang cilaka. Da mun teu kitu mah pimanaeun teuing pareng dirumpu-rampa sirah ku nu geulis. Digulanggaper sasatna. Teu pupuguh make hayang awet kanyeri teh.
"Abdi teh bade ka bumi Mang Sani," cek kuring ka Pa Ulis. "Leresan nu poek asa aya nu neunggeul. Les waeh teu emut."
"Tabuh sabaraha kinten-kinten harita teh?" cek Pa Ulis.
"Duka! Mios ti rorompok mah tabuh dalapan."
"Kinten-kinten satengah salapan atuh panginten. Kapendak ku Emang tabuh salapan. Baruk bade ka Ki Arsani?"
"Muhun..."
"Ke atuh urang susulan, da caket, kahalangan lima rorompok," cenah bari ngaleos.
Bi Ulis jeung awewe saurang deui nu tadi milu ngarubung cengkat muru ka dapur. Kari tukang ngompres nu can tembong indit teh. Barang rek ngarampa deui sirah, kabeneran meh bareng jeung leungeun nu rek nganganti kompres, rada heula itu saeutik. Atuh numpang leungeun kuring teh kana leungeun manehna. Dicekel weh, itung-itung sasalaman, cek hate teh, nganuhunkeun awahing ku tumarima ka nu geten mulasara.
Lindeuk wae leungeun itu teh, boro-boro ngepeskeun. Sakitu-kituna, da taya pamrih nanaon. Sot deui weh dilesotkeun.
Sanggeus leungit lanjung, kuring cengkat lalaunan. Tangginas pisan itu teh mantuan bangun ngarasakeun pisan ka nu boga kanyeri. Gek diuk ucang-ucang dina sisi dipan. Ret ka manehna, nu ngajanteng hareupeun.
Keukeuh ingetan teh asa geus papanggih, tapi iraha, di mana, cek hate teh, weleh can kainget.
"Enok teh putra Pa Ulis?"
"Muhun...," cenah lalaunan bari tungkul. Tembong imut meueusan.
Dipikiran deui bari diteuteup disidik-sidik. Da heueuh geulis-geulisna ge kitu, cek hate teh keukeuh. Diteuteup kitu teh kawas nu kasima. Leungeunna nu kenca nyoo liontin bangun nu samar polah. Breh tembong ali meneng dina jarijina. Siga geus dipapacangankeun, cek hate teh. Enya kitu eta teh atawa ali papaes biasa wae? Da tara aya adat tukeur cingcin baheula mah di lembur teh. Tapi boa ketah ayeuna mah, kabawa ku usum, nurutan urang kota.
"Sakola keneh?"
"Muhun."
"Kelas sabaraha?"
"Kelas tilu..."
"SMP?"
"SMEA..."
"Ayeuna nuju libur?"
Unggeuk.
"Tamat ti SMEA, nikah waeh nya?"
"Geuning..., eu...uninga...?"
"Pan eta..." cek kuring nunjuk kana ali dina jarijina.
Leungeun nu keur nyoo liontin teh dikejatkeun, disumputkeun kana tonggongna.
"Lah, tuda Apa..." cenah bari gura-giru ngaleos ka dapur.
Nenjo nyoloyongna, nyeueung tonggongna jeung pundukna, ras wae ayeuna mah inget. Tadina mah weleh. Tas kabur pangacian, jadi pondok ingetan teh Sihoreng nu kapanggih minggu tukang ngajingjing teko di jalan satapak di kebon awi, diiringkeun ku awewe tengah tuwuh nyuhun boboko ka sawahkeun, siga-siga rek nganteuran. Make sarung batik lalayu sekar, leungeun kabaya digilingkeun handapeun siku. Najan kitu teu siga bulu kampung jeung..., mencenges wae ongkoh.
Nu nambahan matak kayungyun teh eta ku buburuhunna, make daek nganteuran ka sawah. Najan enya ge meureun bari ulin, pan budak sejen mah nu geus ngambeu kahirupan kota, rea nu sangeuk.
Keur ngintip manuk kuring teh harita di nu rada singkur. Nu matak rada laluasa nyerangkeun teh. Hanjakal taya tanyaeun hayang nyaho saha-sahana teh.
Ayeuna pareng pajongok tur padeukeut pisan. Eces sagala-galana, katut panonna nu cureuleuk, malah kusi tembong imutna sakali. Enya geulisna teh, lain beja ieu ge, da tadi diselok teh siga nu ngaku. Teu pupuguh make ngarahuh. Pedah naon?
Pikiran teh tuluy ngacacang, balik ka lalakon bareto keur sakola di SMA. Hate cop ka batur sakelas, Wati urang Dayeuhkolot. Saules jeung Si Enok nu tadi geten ngompres. Diakukeun wae lah tah si urang Dayeuhkolot teh. Kilang kitu rerencepan wae, teu wani kedal, hariwang sieun kumaonam. Semet ngala bogo di sagara, ngukuy belut di basisir.
Kelas hiji...kelas dua...kelas tilu. Kuring jeung batur tiluan remen ngadon ngapalkeun babarengan di imah Wati. Nyeueung bubudenna ka kuring, harepan teh beuki gede.
Waktu piknik ka Cileunca, Wati tijalikeuh. Sukuna pateuh. Ka kuring menta diurutna teh. Najan tara ge arat-urut, ngabisa-bisa maneh wae, awahing ku..., nya kitu tea. Saterusna ka ditu ka dieu teh ditutuyun ku kuring bari ngingkud. Duka enya nyeri keneh, duka jijieunan wae.
Nyeueung kitu teh kabeh babaturan ngagaronjak. Wati bangun resep digaronjak teh, geus puguh ari kuring mah. Gilig waeh hate teh, ke geus reres ujian rek lahlahan balaka, mahekeun hate.
Tilu bulan deui kana ujian, Wati nyarita hariweusweus. Engke peuting ka imah cenah jeung si anu-si anu-si anu, nu biasa sok diajar babarengan.
"Ngapalkeun...? Pan malem Minggu engke mah," cek kuring.
"Ema rek hajat sukuran," cenah.
"Jadi lah!" cek kuring bari ngaleos ngabejaan babaturan nu kaajak.
Peutingna bring ka ditu, nyampak tatangga-tatanggana geus karumpul. Sihoreng simanahoreng Wati tukeur cingcin jeung anak tatanggana nu digawe di Kantor Kabupaten.
Ngarenjag nyeueung Bi Ulis ti dapur teh.
"Tah geuning geus gugah. Ngalih calikna Asep, kana korsi!" Cenah bari nempo deui ka lawang dapur.
"Bawa ka dieu leueuteunana, Enok! Kumaha...? Tah enya heug, ku Bi Ami wae atuh."
Nilik omongan Bi Ulis nu panungtung, Si Enok teh siga nu teu puruneun ka jero deui. Naha..., cek kuring dina hate. Keuheuleun kitu pedah kanyahoan tereh dikawinkeun? Paingan kawas nu ngajengkat tadi teh inditna oge. Rada kaduhung make digareuwah.
Bari ngahuleng teh hayoh wae mikiran manehna, padahal geus nyaho pipamajikaneun batur. Nepi ka poho mikiran awak sorangan mah, teu pupuguh aya nu nandasa. Weleh teu kapikir da teu rumasa boga pacengkadan jeung sasaha ge. Rek nyangka nu niat ngabegal, da teu coceng nanaon eusi pesak teh. Erloji nya kitu, napel keneh.
Ras deui ka Si Enok nu tadi bangun kacida bumelana. Nepi ka kusi tadi mah boga pikiran hayang rada lila gering teh, ni’mat ngararasakeun pangropeana. Nyay weh pikiran teh meueusan.
Boa pisalakieunana timburuan. Nyeueung nu ngagidig ka Pasirawi teh disangka nu rek ngaheroan meureun. Na saha atuh pisalakieunana teh?
Bray panto hareup muka ngageblag. Gebeg waeh..., keur mikiran si saha boa, nu meureun timburuan tea, sangkaan teh boa tuluy ngontrog, dumeh kuring aya di imah pipamajikaneunana. Asa kabur pangacian. Kasieun teh bisi kaguyurkeun, pajar kuring aya niat ngarebut bebene batur. Mana teuing wirangna.
Sup mang Ulis diiringkeun ku Mang Sani, plong waeh hate teh.
"Na ku naon atuh Asep teh? Aya wartos kitu-kitu...," cek Mang Sani bangun reuwas. Gek diuk hareupeun.
Can nembal, semet seuri koneng kuring teh.
"Teu kua-kieu eta mastaka teh?" Srog ngadeukeutan, ngawas-ngawas nu benjol dina sirah.
"Teu sawios-wios, Mang.Jamak wae sakieu mah. Tos dikompres ongkoh ku...ku..." Teu dituluykeun nyarita teh, semet ngalieuk ka lawang dapur.
"Na kumaha atuh ngawitanana...?"
"Nya eta abdi ge teu terang. Keur jongjong leumpang di nu poek, keresek...juringkang waeh tembong meueusan. Sabot reuwas, gedak waeh. Emut-emut deui di dieu. Hemeng abdi teh, da asa teu gaduh dosa raraosan mah," cek kuring bari ngarampa deui sirah.
Tuluyna mah ngawangkong wae tiluan, kaopat Bi Ulis nu milu mairan tina dipan. Si Enok mah di mana boa. Nepi ka kuring indit nuturkeun Mang Sani teu tembong deui. Asa aya nu tinggaleun indit ti dinya teh. Katutuluyan kitu keuheuleunana teh? Hanjakal tadi make digareuwah. (*)
Nyambung ka Bagean 2 |
Ahmad Bakri