Satapak Di Kebon Awi (Bagean 3)
Trong deui kohkol teh sawelas kali. Juringkang deui lebah nu tadi teh. Koloyong siga nu leumpang ka tonggohkeun, mapay jalan satapak tea. Ih geuning indit, cek hate teh. Nilik petana salila-lila ngadedempes di nu poek, kuring yakin, eta jelema teh keur intip-intipan cara kuring. Moal salah si eta nu neunggeul peuting kamari teh. Jadi eta atuh Si Su’eb teh? Ngarasa weleh meureun nu dipegatna teu embol-embol, indit waeh.
Ka mana? Ning siga ngajugjug ka Pasirawi? Rek muru ka imah Si Enok kitu? Kapalang geus ngahehero ti Magrib keneh, panasaran hayang nepi ka nungtung.
Keleyep lugay ti panyumputan, tuluy salungkar-salingker nuturkeun itu nu ngoloyong tadi tea. Dianggangan wae, bisi gamah deukeut teuing mah. Srog ka jalan karikil tea, noyod ngagidig itu teh. Rek muru ka imah Si Enok sakieu geus peutingna? Srog ka hareupeun imah Pa Ulis. Disangka rek nyimpang ka buruanana, luput teu ngalieuk-lieuk acan, nongtoyod wae tuluy. Aeh-aeh, na rek ka mendi atuh si bedul teh, cek hate. Beuki panasaran. Dituturkeun wae ti kajauhan, bari salungkar-salingker.
Heuleut saimah ti Mang Sani teh, sup ka buruan kalacat kana golodog tuluy gegeroan menta dipanglaankeun tulak. Sup waeh ka imah.
Aeh-aeh, kuring jadi hareugeueun. Geuning di dinya imah Si Su’eb? Lain di ditu di desa di imah kolotna. Jeung siga nu geus laki-rabi deuih. Rek dicandung kitu Si Enok teh? Asa teu kira-kira mun heueuh teh, mamaruan jeung tatangga pisan.
Weleh teu ngarti.Rek nanya, nanya ka saha. Buntu lalakon ngintip teh. Balik waeh.
Tapi hate keukeuh yakin, yen itu ge nu keur arah-araheun tea, can anggeus lalakonna teh. Da puguh gagal tadi teh, ngintip salila-lila. Nu ngunek-ngunek kitu atuh, moal make paler ku lapur sakali. Ku kira-kira peuting isuk teh moal teu ngintip deui can leupas mah napsuna.
Bari balik teh kuring gilig, peuting isuk rek ngahajakeun deui, kagok asong kapalang lengkah, cek hate teh, hayang nepi ka jucungna, sugan wae bisa melaan nu keur dikakalakeun. Moal sore teuing ti imah teh, muru jam salapan wae kira-kira, ambeh teu lila teuing jadi parab reungit.
Isukna bada lohor leos muru ka imah Mang Sani, api-pi nganjang, kabeneran aya di imah. Di tepas hareup ngawangkong teh.
"Kaleresan Asep ka dieu. Tas ngarabut sampeu Emang teh, ti Cigaru. Kieu tah," cenah bari ngacungkeun indung leungeun, "Ke geura raosan, moal aya di kota mah, sareng roti ge wanieun."
"Dibubuy, Mang?"
"Palay dibubuy mangga. Leuh, mun aya mantega mah, nyat dijait teh, dibeulah dua, wel mantega, lingkupkeun deui, ehoy...eh, naon geuning pikecapeunana teh..., pedo lah! Embina, mubuy sampeu haturan Asep!" cenah bari nempo tina lawang, "Aeh kumaha eta mastaka teh teu kateterasan?"
"Alhamdulillah, Mang, teu sawios-wios," cek kuring bari nyodorkeun roko sabungkus. "Teu banget teuing ieu mah geura."
"Jazakalloh, nuhun, Sep, lebaran atuh udud roko kieu mah."
Sanggeus ngawangkong ngenca katuhu Mang Sani nempo tina lawang, "Mana eta teh, Emana, can asak?"
"Ieu, kakara nyat," cek nu di dapur.
Teu lila jol bojona mairan cikopi jeung bubuy sampeu sagede-gede bitis budak dina piring liong. Gula beureum beunang ngurud dina piring leutik.
Teu diengkekeun deui awahing ku sono. Teu geseh sacarita Mang Sani teh. Jauh tangeh ti roti teh, ngeunah ieu.
"Ari itu imah saha, Mamang, nu dicet hejo?" cek kuring bari ngosom nuduhkeun urut nu asup tea peuting. Papeuntas-peuntas jalan jeung imah Mang Sani teh, nyerong heuleut saimah.
"Naha kitu, Sep?"
"Eta eu..., siga-siga potongan ka dayeuhkeun."
"Moal lepat, da nu gaduhna saba kota, pulang anting balanja, bubuhan tukang dagang."
"Saha tea?"
"Dasuki, rada beukah eta mah, gawena masar ka mana-mana. Sakapeung mah dua-tilu wengi kakara wangsul."
Geuning lain Su’eb cek hate teh. Tapi naha make intip-intipan jeung make nandasa ka aing najan bari kasalahan oge? Beuki hemeng. Atawa dikongkon kitu ku Su’eb, diinjeum leungeunna? Mun heueuh teh kitu, nyingciringik leutik burih tah si bedul teh, teu wani makalangan sorangan.
Tambah deui pikiraneun teh, katambahan ku Dasuki. Beuki matak panasaran.
Geus seubeuh ngawangkong, kuring amitan balik.
Peutingna jam salapan kuring indit deui muru pangintipan. Hate beuki nyongsrog panasaran. Aneh, pantar Dasuki, jelema jegud make daek dikangkan-kongkon, pipilueun kana urusan kitu. Dulurna kitu atawa barayana sugan, baraya Si Su’eb? Kaduhung kurang talete, teu dipaluruh nepi ka dinya tadi ka Mang Sani. Najan asa dina lalakon detektip ge, rumasa taya bakat.
Gog deui mopoek di tegal reungit. Asa kajurung harita mah, da teu kungsi lila ngadagoan teh. Trong kohkol sapuluh kali teh, juringkang..., juringkang di jalan satapak teh aya nu leumpang ngagidig ka tonggohkeun. Diarep-arep rek ngadon ngadedempes deui tukangeun dapuran awi cara kamari, palias, noyod wae.
Boa lain, cek hate. Tapi rek diantep teh beda srekna, asa heueuh. Ras deui, boa eta nu diarah-arahna, nu rek nepungan Si Enok tea. Beuki hatrol hate teh, hayang nyaho peta Si Enok tepung jeung beubeureuh demit. Ongkoh babakuna mah hayang ngabejaan lalakina sangkan caringcing bisi kabongohan.
Cara kamari deui wae nuturkeun teh bari salungkar-salingker. Da mun kaperego ku nu ngaronda mah moal teu disangka bangsat boa kuring teh.
Aneh, lebah imah Pa Ulis teh palias teu nyimpang, ukur ngalieuk noyod wae tuluy. Na di mana sok tepungna teh atuh? Kutan Si Enok sok wani rerencepan peuting-peuting nepungan lalaki di nu singkur.
Na atuh ari geblus teh ka buruan imah Dasuki deui wae. Ih geuning si eta keneh, cek hate. Gagal deui wae hese cape teh. Tapi..., eh...eh geuning nyalingker ka pipir ayeuna mah? Deg-deg-deg hate teh.
Ngajanteng jelema teh deukeut jandela. Na lain asup ti lawang cara peuting kamari? Boa lain Dasuki...?
Teu kadenge kitu-kieu, da rada jauh nyerangkeun teh. Bray jandela muka, breh samar-samar aya nu tembong ti jero. Kalacat si jelema nu tadi teh naek kana jandela, sup ka jero. Jandela nutup deui.
Yakin ayeuna mah, yen eta nu asup teh lain Dasuki. Da nanaonan asup ka imah sorangan tina jandela? Pan kamari ge ti lawang, lumrah jeung batur. Moal salah lalaki nu boga tekad goreng bari dilayanan ku pamajikan nu boga imah. Ras inget kana carita Mang Sani tadi ti beurang, pajar Dasuki sok remen ngancalang ninggal-ninggalkeun imah.
Teu mikir panjang deui, gidig waeh ka wetankeun muru garduh. Dikira-kira wae, pedah tadi anyar keneh sada ti beh ditu datangna sora kohkol teh.
Teu geseh, ti kajauhan keneh geus kadenge recok di garduh teh. Sarung diteregoskeun, sangkan ulah kaciri teuing beungeut. Kabeneran rada poek lebah kuring nangtung teh.
Pok hariweusweus, "Aya nu asup ka imah Dasuki!"
"Kumaha?" cek nu di garduh caruringhak. "Asup kumaha?"
"Tina jandela!"
"Ngabongkar?"
"Dipangmukakeun ku awewe ti jero!"
"Lakadalah..., beunang ayeuna mah jurig teh. Diintip-intip ti bareto nu sok ngaheureuyan pamajikan dulur dewek teh!" cek saurang bari luncat turun. Belesat lumpat ka girangkeun, dituturkeun ku batur-baturna.
Kagebah ku beja sigana, kaburu kaget, nepi ka taya nu tunyu-tanya deui ka kuring teh. Disarangka urang dinya we meureun.
Kuring ngiciprit pandeuri, muru ka imah Mang Sani. Gero-gero ti luar, bray panto muka, lol Mang Sani nempo.
"Geuning Asep wengi-wengi, aya naon?" cenah bangun kaget kabina-bina.
Bari unggah ka tepas teh kuring hariweusweus nyarita. Bangun anu teu kageteun ngadenge carita kuring teh. Semet mesem. Jadi kuring nu kaget teh nyeueung petana kitu. Jol bojona rungah-ringeuh, pok deui dibejaan.
"Keun sina dibaroro, tuman!" cenah bari neuteup beungeut salakina. "Meujeuhna dipalodaran oge jelema kitu mah!"
"Eum, ari ngomong teh dapon bae. Pamali teh!" cek salakina.
"Cua tuda!"
"Ari kitu saha lalakina teh?" cek kuring.
"Ke ge uninga geura," tembal Mang Sani.
Kadenge walihweuh di buruan Dasuki, sada nu keur moro careuh. Gorowok sada nu tulung-tulungan, ampun-ampunan. Goak deui sora awewe. Beunang cek hate teh. Teu lila leut nu tas ngepung teh, ngabebeyeng jelema.
"Aya naon eta teh barudak?" cek Mang Sani tina golodog.
"Bangsat, Mang, beunang ngepung!"
"Ti mana? Rek dibawa ka mana?"
"Lah ke wae di bumi Pa Ulis!" cek nu ditanya bari taruluy.
Kuring nuturkeun jeung Mang Sani. Kasampak geus ngariung di tengah imah. Nu dibeyeng tadi ngajelenggut wae pada ngarubung. Beungeutna balancunur urut pada nalipuk tadi. Irungna getihan. Di gigireunana andeprok pamajikan Dasuki, ceurik eueuriheun. Teu lila jol Tua Kampung beunang nyusulan.
"Tah, nyerenkeun bangsat nu sok ngaronom pamajikan dulur kuring!" cek dulur Dasuki, sorana ngadegdeg awahing ku ambek.
Tua kampung ngahuleng wae, sajongjongan neuteup ka nu keur pada ngarubung-rubung.
"Teu suka mun rek dipandang-pinding teh! Hayang diuruskeun!"
Tua Kampung ngarenjag. "Naha maneh make ngomong kitu?"
"Bisi we ngarasa kagok, pedah ka anak dunungan."
"Hih, dewek mah moal cueut ka nu hideung ponteng ka nu koneng, deuleu!" cek Tua Kampung nyereng. "Kumahakeun ieu teh Pa Ulis?"
"Bawa ka Bale Desa, sina ditarungguan di ditu, isuk urang uruskeun! Ke heula. Ka dieu, Enok! Porosotkeun tah ali teh! Kop tah. Su’eb, rawatan deui! Geus tong ngaharep deui anak kami, moal..., moal dibikeun ka nu kitu!" cek Pa Ulis bari ngalungkeun ali kana lahunan Su’eb.
"Euh Su’eb tea eta teh?" cek kuring ngaharewos ka Mang Sani.
"Muhun," tembalna. Bari unggeuk, tuluy nompokeun sungutna kana ceuli kuring. "Geus terang ti beh ditu keneh Mamang mah, ngan teu cekcok wae. Pangangguran sigana teh celenan-celenun ka nu batur sabot ngadagoan neng Enok. Puas lah!"
Bring Su’eb jeung awewena digiringkeun ka Bale Desa.
"Ke-ke-ke, geuning Asep kaleresan aya di dieu?" cek Pa Ulis.
"Ngahaja wae abdi teh ulin ka Mang Sani, ngaheroan"..., eu...pais bebeong", cek kuring ngabohong. Teu betus tas ngintip jurig mah.
"Tuda tara aya sagawayah pais bebeong mah, Sep. Keun urang nyiar deui sugan pageto," cek Mang Sani. "Ayeuna mah saaya-aya wae sugan, mundut ka Neng Enok" cenah deui bari nyikikik.
"Aeh asa diingetan. Nyayagikeun leueuteun, Nok, haturan Kang Asep," cek Bi Ulis.
"Keur Mamang deui, Neng Enok, ulah dipilih kasihkeun," cek Mang Sani ngabanyolan.
"Yey, Mang Sani mah sok aya-aya wae," cek Si Enok bari gura-giru ka tukang.
Teu lila geus jol deui mairan susuguh. Daekeun geuning ayeuna mah, teu cara kamari ieu. Malah tuluy milu diuk gigireun indungna dina dipan.
Ti harita mah beuki remen kuring teh ka imah Mang Sani, resep dina disimpangkeunana ku Bi Ulis. Lila-lila mah jadi conggah. Si Enokna deuih, ari diajak ngawangkong paduduaan di tepas teh siga nu betah.
Ti jalan satapak di kebon awi teh asa molongpong jalan ka gedong. (*)
Sambungan ti Bagean 2 |
T A M A T
Ahmad Bakri