Kalangenan Ngala Sasatoan
Dina taun 70-an mah tacan rea kaulinan barudak cara ayeuna. Kangaraning momobilan tina plastik ge teu sirikna pada ngaeuleuh-euleuh, matak helok jeung pada nganggap minangka hal nu model pisan. Estuning jajauheun pisan kana kaulinan nu make remote control cara ayeuna, atawa maen playstation.

Kaharti, upama barudak jaman harita sok ngarasa sugema ku kaulinan momobilan nu ngahaja meunang nyieun tina kai. Atawa ngadu pangal jeung ngadu kaleci. Sed ti dinya ulin peperangan jeung pepedangan. Atawa gatrik jeung boy-boyan di buruan. Dina mangsana bulan purnama mah make jeung kungsi ulin huhuian atawa galah sagala rupa. Resep bae. Bisa jadi dumeh taya kaulinan sejen deui bae, atawa memang harita nya kaulinan eta pisan nu populer di mamana teh.
Di pilemburan, di wewengkon Wanayasa Purwakarta, lian ti ulin nu cara tadi teh, make jeung aya kaulinan ngala sasatoan sagala rupa. Lain, lain nguseup atawa ngurek ieu mah, tapi ngala papatong, lege, langir, jeung bewok. Duka kumaha, ku ulin ngala sasatoan kitu teh, barudak bangun nu kaeunteupan ku rasa suka anu pohara atawa rasa sugema anu nataku.
Ngala Papatong
Nu disebut papatong teh aya opat rupa. Nu kahiji papatong biasa (nu mindeng kapanggih cara ayeuna, aya nu hejo belang, aya nu beureum, aya nu koneng atawa gading, aya oge nu pulas paul), ukuranana meh sarua jeung cingir jelema dewasa. Ngapungna paling luhur aya kana tujuh meterna.

Nu kadua aya nu disebut papatong galabag, eta mah papatong gede. Ukuranana sagede jempol jelema dewasa. Wangun jeung rupana mah sarua bae cara papatong biasa. Pulasna ukur pulas paul bae. Ngapungna bisa leuwih luhur batan papatong biasa, atawa kira lima belas meteran. Eta bae, upama keur ngala cengkeh, sok katangen bae aya papatong galabag keur manting, sosoloyongan ka ditu ka dieu.
Nu katilu papatong leutik. Wangun jeung rupana sarua deuih cara papatong biasa jeung papatong galabag. Ngan ukuranana bae leuwih leutik ti papatong biasa, meh sagede panitih. Pulasna rupa-rupa, cara papatong biasa, aya anu pulas paul, beureum, koneng, gading, jeung hejo semu belang.
Ari nu kaopat, sok disebut papatong jarum bae. Dumeh awakna rancunit sagede jarum. Gede lebah dadana jeung huluna bae. Nu disebut gede meh saukuran jeung siki beas. Ngapungna tara luhur-luhur. Ketang rek luhur kumaha, da papatong jarum mah ilah bisa kapanggih ngapung dina beungeut cai. Sosoloyongan cara engkang-engkang. Bedana jeung engkang-engkang, papatong jarum mah henteu sosoloyongan dina cai.
Tah, ari nu sok diaala keur kaulinan mah nyaeta papatong biasa. Ngalana make nyere nu lebah congona ditaheunan geutah nangka nu aya dina congo nyere teh sina antel kana buntut papatong. Bari neneangan papatong teh sok bari dihariringan:
Tukincur tukung
papatong galabag
mere cau sapotong
mun embung dicokot deui
Mun geus beunang papatongna, buntutna sok terus ditalian make benang. Tara disina nanaon iwal di sina ngapung bae. Resep ku kitu teh, nyekelan benang ku tungtungna ditalikeun kana buntut papatong. Atuh papatong anu hiber teh teu bisa jauh. Pareng urangna lumpat mah, eta papatong teh siga nu enya keur mamawa urang.
Ngala Langir
Ceuk sasaha ge langir teh sato galak, nu upama sakali nyoco sok matak bareuh. Kalajengking ceuk nu sejen mah, atawa scorpion ceuk nu resep kana gambar salah sahiji grup musik ti nagara deungeun mah. Eta sato galak teh sok dijadikeun sato pangulinan. Ngala langir disebutna oge.

Nu disebut ngala langir teh nyaeta ngala langir make nyere kawung nu ditungtungna ditali-logorkeun (simpul hidup ceuk dina pramuka mah). Ngalana tina liang mirupa guha leutik. Liangna henteu buleud, tapi gepeng ka gigir (horizontal), rubakna ukur satampah. Jadi upama dina gawir kamalir (di lembur mah sisi jalan teh ditetenggeran ku kamalir. Eta kamalir tangtu aya gawirna, tara laluhur ieuh, ukur satengah meter bae aya liang gepeng sagede tampah, eta teh bisa dipastikeun liang langir.
Cara ngalana, congo nyere kawung geus meunang nalikeun tea teh kari ngasupkeun kana eta liang. Sok karasa upama dina eta liang aya langiran teh, ngerenyed kana nyerena. Tah, upama geus ngerenyed kitu teh gancang bae kenyedkeun, tuluy betot lalaunan. Upama karasa aya nu nyangked, eta teh ciciren sakadang langir geus katalian ku nyere kawung tea. Geus kitu mah kari metot bae.
Biasana nu sok katalian ku nyere kawung tea teh buntutna. Upama henteu buntutna nya sukuna. Geus beunang kitu mah kari panting bae nyerena. Tuluy urangna nutur-nutur ka mana eta sakadang langir leumpangna. Upama aya nu nangenan tea mah, kalah siga urangna nu keur ditungtun ku langir.
Teu model teu sing saenyana mah. Tapi ku kitu teh barudak harita teu burung matak resepeun.
Ngala lege
Lege mah eunteupna sok dina tangkal buah. Ninggang dina tangkal buah nu bisa dieundeuk-eundeuk keneh mah, ngala lege teh tampolana cukup ku ngeundeuk-ngeundeuk tangkal buah bae. Sok ragragan jeung maruragan. Mun niba kana lemah, rata-rata neundeutna sok terus nangkarak. Mun geus kitu kari mulungan bae.

Lege teh kaasup sabangsaning insekta. Saukuran jeung cucunguk, ngan rada busekel. Pulasna ge kitu deuih semu-semu kopi. Tapi lege mah "bajuna" leuwih teuas. Ari ngulinkeunana meh sarua bae jeung papatong, ditalian. Nalianana lain dina buntutna, tapi dina sukuna.
Geus meunang nalian kitu mah, lege teh henteu disina ngapung cara kana papatong. Tapi digoweng cara muterkeun bandring (bandul). Ngagowengna ka luhur. Talina cukup ku benang sadeupa bae. Mun geus diulinkeun kitu teh sok kadenge bae ngahiung cara kapal udara.
Ngala Tonggeret
Tonggeret mah ilaharna sok kadenge raeng disarada, banen naker, kasorenakeun. Komo mun tas kakara raat hujan, tonggeret teh bangun nu dikariakeun pisan, sora nu ti landeuh jeung nu ti tonggoh teh teu sirikna siga nu patembalan bae.

Kaasup susah ngala tonggeret mah, kawantu pulas awakna meh saru jeung pulas tangkal. Ngadaraplokna teh sok dina tangkal nu aya di pakarangan imah deuih, naha dina tangkal kopi, manggu, pisitan, kokosan, nangka, jambu, jeruk, atawa nu sejenna.
Mun geus beunang tara ditalian cara kana papatong atawa lege. Dicecekel bae. Kalan-kalan dirungkupan ku dua dampal leungeun. Sorana sok semu ngosom mun pareng dirungkup kitu teh. Pareng dibuka, hegar jeung bear bae sorana. Kitu jeung kitu we ngulinkeunana teh. Enya sok bangun nu manggih karesep barudak mah. Da sok matak nyaring tepi ka peuting ari dibaturan ku tonggeret teh. Eureun-eureun teh mun budakna geus teu inget di bumi alam alatan kerek. (*)
Dang (Mangle No. 2192)
