Nu Udud Di Hareupeun Gang

Fiksi Mini Basa Sunda

Poe mengok. Reg, angkot eureun di hareupeun. Ibu-ibu angkaribung turun. Seeeep....puuuuhhh. Haseup nyerebung. Lung, kuntung ka solokan.

"Ojeg, Bu?" Nu nembalan ukur gideg, jeung telepon keuweuk.

"A, jemput mamah, nya!"

Balik deui, muru jok.

"Eh, kari sabatang!"

Angin manggih deui batur ulin. Panon neuteup ka hareup. Ningali motor nu barelok asup gang. Beuki jauh.

"Kang, alhamdulilah si ujang UAN-na lulus. Taun hareup ka SMP. Jeung sigana si Nyai geus meujeuhna asup SD."

Beuki jauh. Kadenge denger si Bungsu.

"Susu beak, Kang. Mun balik meuli nya!"

Paneuteup balik. Serebung nu panungtung. Lung, kungtung asup solokan deui. Ngadeukeutan warung.

"Sun, jarum satengah!"

Salambar lima rebuan, sewa sakali-kalina, ninggalkeun pesak.


Diropea tina Grup Fikmin Basa Sunda di Facebook
Nu Udud Di Hareupeun Gang Nu Udud Di Hareupeun Gang Reviewed by Rupa Sundapura on 21.40 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.