Maling Cocoan Si Aki

Bari nyingsatkeun sampingna, Si Nini gura-giru muru ka imah Pa RT, rek laporan yen tadi peuting Si Nini tas kapalingan.

Barakatak

"Ni...naon nu kapalingan teh?" tanya Pa RT ka Si Nini.

"Untung Pa RT, nu kapalingan teh ngan ukur cocoan Si Aki, padahal di handapeun kasur emas batangan aya lima kilona, duit sapuluh gepok, surat-surat penting, saham-saham, jeung deposito anu gedena miliaran. Nini ge ngarasa aneh naha nu dicokot teh ngan ukur cocoan Si Aki!"

"Naon nu dimaksud cocoan Si Aki teh, Nini?" Pa RT teu ngartieun.

"Kieu geura dongengna. Biasana Si Aki mun hees sok dimana wae goledagna. Aya di hareupeun hawu, aya di hareupeun goah, malah kungsi di pakalangan domba. Tah harita kaparengan tas nongton pilem Baywatch. Sigana teu karasa, guher we Si Aki sare dihareupeun tipi. Nini ampih ka enggon. Kira-kira jam tilu peuting, di enggon aya nu gigilisiran. Ari sugan teh Si Aki ngajak "heureuy". Ku Nini teh dianteup we, ongkoh tiris deuih mun sorangan mah. Kira-kira geus satengah jam paguley, aya nu ngagorowok, wangsaaat...wangsaaaat...! Nini reuwas. Pas disidikkeun, sihoreng geuning nu ngagorowok teh Si Aki, reuwaseun meureun waktu ngalilir panto hareup nyampak muka. Nini oge beuki reuwas naha nu ngeukeupan Nini ieu saha. Teu antaparah deui, jelepuk ku Nini ditajong. Jengkang si wangsat teh ngajengkang, pas pisan kana jandela anu sorena poho can diselotkeun. Gubrag ngagebut kaluar, terus beretek lumpat. Tah kitu Pa RT dongengna teh...!"

"Jadi Nini teh tas...tas...?"

"Sssst...tong rea beja, bisi kadengeeun ku Si Aki. Gawat !" (*)

Maling Cocoan Si Aki Maling Cocoan Si Aki Reviewed by Rupa Sundapura on 21.00 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.