Dongengeng Dongeng Ambu

Utun, nyebut Utun bae nya, Ambu teh. Enya Utun Inji. Bongan Ambu can nyaho naha hidep teh awewe atawa lalaki. Cenah sesebutan Utun Inji teh pikeun hidep, pibakaleun lalaki atawa awewe. Sanajan kitu, Sunan Ambu mah tetep nyebut Utun ka putrana, Guru Minda nu geus jadi bujang, tur nyebut Inji ka Pohaci Purbasari putri parawan Pasir Batang. Meusmeus Utun, meusmeus Inji, deudeuh naker sigana teh. Kitu nu kabaca ku Ambu tina carita pantun Loetoeng Kasaroeng kenging nyarungsum CM Pleyte. Lamun kitu mah meureun sesebutan keur hidep - Utun Inji - teh geus aya ti beh mula, meureun ti jaman Pajajaran keneh. Saha nu nyaho.

Dongengeng Dongeng Ambu

Aeh, Utun, meureun ayeuna mah hidep teh geus bisa ngarasakeun naon nu karasa ku Ambu. Geuning buktina, hidep sok embut-embutan ayeuna mah. Usik ka ditu malik ka dieu. Sereset ka katuhu, seredet ka kenca. Sakapeung deui nyerendul ka luhur, najan mimindengna mah enyut-enyutan dina parindikan Ambu. Komo lamun pareng Ambu cape pisan. Ih, ieu mah mani ajol-ajolan kawasna teh.

Saur Bu Bidan genep bulan mah hidep teh geus bisa ngarasakeun naon nu karasa ku Ambu. Nyeri hatena, peurih rasana, sedihna, tunggarana, rasa senangna, bungahna, jeung bagjana. Ari ceuk Ma Paraji mah, heueuh hidep teh geus usik malik. Meureun cangkeul nya, ngeluk bae atawa ngarengkol bae mah. Da Ambu oge, kolot, sok nyeri tonggong ngarengkol wae mah, komo hidep. Aeh, ketang kitu ge Utun, sakapeung Ambu teh sok ngarasa aral ku ayana hidep teh. Komo waktu umur sabulan, dua bulan, tilu bulan, nepi ka opat bulan mah. Aduuh, nyerina Ambu teh. Sagala karasa. Lain nyeri ku awak tapi nyeri ku rasa. Gering Ambu teh, gering psikis - saur guru Ambu mah. Gering nangtung ngalanglayung. Sangu asa catang bobo, cai asa tuak bari. Mandi kedul, sagala rupa embung. Leuleus asa teu nangan. Taya tangan pangawasa. Kahayang teh ngagoler bae bari neuteup lalangit kamar, ngaherang. Murel bae ongkoh, tungtungna luga jeung luga bae, Ambu teh, nepi ka kuru aking ngajangjawing.

Enya sakapeung mah matak aral aya hidep teh. Sakapeung hayang neundeun heula hidep di hiji tempat, nepi ka Ambu ngarasa genah, bagja, hampang. Engke, di mana Ambu geus jagjag deui, rek disampeur deui. Hi...hi...hi..., lucu, Tun, nya?!

Ceuk Ma Paraji mah, "Wayahna, Eneng, kapan ieu teh anugrah nu kedah ditebus ku pangorbanan hiji indung. Emh bagja temen kagungan putra teh. Tingali Ema, geus nulung mangratus-ratus jabang, tapi nepi ka nini-nini kieu teu saese-ese acan Ema mah. Teu dipaparin anak ku Nu Maha Kawasa," cenah daria.

Ti dinya bari ngurut hidep nu turun bae, gorolang Ma Paraji teh miwuruk. Cenah wayahna sagala karasa. Da memang kitu kuduna. Ku naon pangna dara nu kakandungan sok ripuh bae. Kapan cenah ngamimitian sagalana. Komo sabulan, dua bulan, tilu bulan mah. Disebutna oge keur wayah ngaherang, cenah. Namperkeun jati tina sagala rasa. Beureumna, bodasna, konengna, hideungna, atawa nu disebut nu opat kalima pancer atawa ceuk urang Jawa mah kiblat papat kalima pancer tea. Upama geus namper, mimiti cacai teh asup kana wayah ngalenggang atawa lumenggang. Kumaha we nu midang, eta cacai teh cenah nyedotan sagala sari tina awak urang, tina kadaharan jeung tina rasa urang, bagja, sedih, oge tina cahaya urang, jeung sajabana. Tah lamun geus cukup, cacai teh asup kana wayah gumulung. Di dinya cenah sagala sari nu geus dikumpulkeun teh dikocek, digalokeun, digumulungkeun.

"Matak luga wae, Eneng, temahna ka urang. Meusmeus borolo, meusmeus u-o. Tah kitu ceuk indung Ema baheula, jeung memang kitu ceuk pangalaman Ema nalangan nu kakandungan." Tuluy Ma Paraji nuluykeun papatahna. Cenah lamun geus opat bulan mah Si Utun Inji teh wayah mirupa. Kuduna mah ngupat cenah, soalna dina wayah mirupa Si Utun teh dibere kahirupan: nyawana, bagjana, rejekina, jodona, jeung patina ku Pangeran.

Leres Ema. Ambu teh ngaheueuhkeun dina hate, Utun. Da memang kaunggel dina al-Qur'an oge. Kitu pisan teu jauh sakumaha omongan Ma Paraji. Ngan sabab manehna mah make adat karuhun, jadi basa nu kakedalkeun teh kitu unina. Utun, mun hidep apal - engke baris apal ketang - adat-adat karuhun urang, urang Sunda, rea nu saluyu jeung ajaran agama Islam. Komo dina palasapahna mah. Tapi lamun gelarna dina paripolah geus beda tina palasapahna, eta mah dibeungharan bae ku maranehna minangka insan nu hirup jeung papadana. Minangka insan nu "berbudaya" tea, nu dipaparin budi akal ku Mantenna. Enya, sakapeung mah rea nu siga papalingpang. Tah di dinya, urang kudu atina-atina, Utun.

Utun, ayeuna hidep geus nincak wayah usik, wayah malik. Ambu teh ngarasa eungkeut-eungkeut deui, maju ka cageur. Ambu teh asa rada janglar deui, hudang deui, bear deui, getihan deui. Enya sok ngarasa bagja ayeuna mah. Kieu maksud teh, Utun. Baheula oge bagja Ambu teh, komo sanggeus nyaho aya kahirupan dina beuteung. Tapi kabagja harita kalindih ku "gering" tea. Nyiram ngelehkeun kabagjaan Ambu. Tah, ayeuna mah Ambu teh asa rek cageur deui. Tangtu kabagjaan Ambu manglipet-lipet deui.

-=oOo=-

Aeh, Utun, karasa teu ajrug-ajrugan? Ambu oge rada pepelengkingan, ieu teh, Ambu keur aya dina kareta ieu teh. Enya, tadina mah hayang genah kana kareta teh, da disawang bakal ngageleser dina erelna. Heueuh, kapan erel kareta mah moal aya garekgok nu nyababkeun ampul-ampulan gilinding kandaraanana. Tapi buktina? Sarua bae karasana ku Ambu mah, matak enek. Na hidep teh atuh rewel-rewel teuing? Sensitif pisan? Geus puguhing kana sakabeh babauan mah, ieu…kana renjulna jalan oge. Najan leutik, tapi matakna mawa pohara. Cing tulungan Ambu. Sing bageur, sing ngajurung kana laku, nya!

Dina kareta Ambu teh. Rek ka dayeuhkeun. Dayeuh gede. Kota nu pangramena di Indonesia, cenah. Ti Bandung teh subuh naker Ambu teh. Poek keneh, indung peuting masih ngalimpudan dayeuh Bandung. Ambu teh ngalamun dina kareta, da neuteup kaluar meredong keneh atuh. Lalamunan teh kieu..., kumaha lamun Ambu ngarang carita lalampahan dina kareta. Meureun resep temen. Enya, Ambu teh sok hayang ngarang carita ngeunaan kahirupan dina kareta. Tapi Ambu teh can apal lingkungan kareta, can apal bubuk leutikna kareta. Kakara apal gerbong, piluit, peron, perewis, nu karitu bae. Heuheuh lucu, nya?

Naha Ambu make hayang ngarang? Sualna, Ambu ngarasa salila lima bulan ieu Ambu gering, teu bisa ngumbar imajinasi. Teu bisa ngumbar angen-angen. Teu bisa ngararasakeun ni'matna hiji perjalanan. Ambu teh asa hayang baruntak, hayang ngabudalkeun sakabeh imajinasi nu katalikung tea.

Lila Ambu ngahuleng. Horeng di luar geus rada caang. Cahaya panonpoe paselang jeung sesa reumis nu haliber, mawa metapora nu kacida endahna. Borelak-borelak panonpoe nyaangan kareta. Cahayana keuna kana beungeut Ambu. Haneut temen, Utun. Sapanjang liliwatan nu katingal teh ukur 'bujur dayeuh', enya pasisianana. Kapan kitu kareta mah. Tara ngaliwatan puseurna, mipir we, nyisir ka pasisian, ka padesaan, ka pagunungan. Meuntas sasak beusi nu kacida panjangna. Ngaliwatan bedeng-bedeng butut, makam-makam, jarian, leuweung leutik, kebon sampeu, sawah, jeung walungan-walungan nu geus kalimpudan polusi.

Meureun Utun nanya, naha kareta mah jalanna ka nu kararitu, Ambu? Heueuh, Ambu oge teu ngarti. Ngan lamun dipatalikeun jeung sajarah ieu nagri mah, utamana di pulo Jawa sigana aya korelasina, hubunganana. Kapan cenah kompeni muka erel kareta teh, guna utamana mah pikeun ngangkut palawija jeung hasil kebon (enteh, karet, kina, pare, gula, jsb) nu baris diangkut ku lori atawa kareta basajan. Diangkut ku Si Sepak Sengok atawa ku Si Kuik tea ngaliwatan bubulak, mipir pasir mapay jungkrang. Da kitu kapan, ari ngaranna pakebonan mah tara aya di tengah dayeuh.

Diakutan pakaya nagri teh, Utun, teuing dibawa ka mana, ka Batavia meureun, laju dibawa ka Sunda Kalapa, diakut ti palabuan ka nagrina. Teungteuingeun, nya. Najan enya ayeuna aya gunana jeung mangpaatna oge, kasang tukang sajarah nu hideung mah, angger bakal tuluy ngahihileudan kana jiwa rahayatna. Kitu deui kasang tukang kahirupan hiji jalma oge, Utun. Bakal tuluy ngahihileudan kana jiwana nu teu bisa merdeka. Muga Utun mah sing bagja. Lamun Gusti marengkeun, Ambu jeung Ayah hayang mere kabagjaan jiwa keur Utun Inji, sangkan jiwa hidep bebas merdeka teu katalikung ku hideungna kasang tukang mangsa bocah.

Utun, sigana kareta geus mimiti asup ka sisi dayeuh tea. Tuh sawahna nu makplak satungtung deuleu karoneng buahna. Tereh panen sigana mah. Tuh, enya bae beulah ditu mah keur ngagebot sigana teh. Leuh mani loba jalma nu mantuanana. Ti iraha maranehna gawena? Ti subuh mula meureun, nya Utun. Memang kitu patani mah. Hudang subuh balik burit. Kadang mondok di sawah nunggu pare atawa neang cai.

Cape? Tangtu utun. Hirup mah cape. Tapi tina cape urang bakal ngarasa bagja. Bingung, nya Utun? Tangtu bingung deuih. Da atuh boro-boro ngarti, medal oge acan kapan. Engke oge, lamun Utun medal, hirup waras, hurip walagri nepi ka wayah ngarti, sawawa, bakal surti kumaha ari hirup saestuna. Heueuh salah Ambu, siga ka nu hideng bae, cacarita teh. Tapi keun bae, ieu mah itung-itung ngawahan sangkan panalar jeung pangaweruh hidep dina waktuna jembar jeung guna pikeun manusa sejenna.

Tah beulah dieu mah sawahna ancal-ancalan, diwates ku benteng. Pabrik meureun. Tuh, da enya, katingal pisan cai limbahna dipiceun ka walungan. Emh, teungteuingeun deui bae. Paingan sawah nu deukeut pabrik mah goreng kitu jadina. Ngaranggas, Utun. Sigana dua tilu taun nu bakal datang mah, sisi dayeuh nu tadi oge bakal keuna ku industrialisasi.

Naha nya, Ambu mah teu ngarti, pamarentah daerah kalah mere idin ka pangusaha pikeun ngadegkeun pabrikna di wewengkon nu subur jeung lendo, cocog pikeun pasawahan pakebonan? Naha kalah mere idin teh di tanah nu kitu. Lain di ditu, di tegalan, di wewengkon nu jauh jeung daerah agraria masarakat.

Ieu mah industrialisasi dipaksa teh saenyana. Antukna sagala teu nincak kana lebahna. Tatanan kahirupan masarakat barobah kapaksa. Kapan ruksakna fisik mawa akibat kana ruksakna psikis. Mental masarakat robah, kapaksa jeung dipaksa. Antukna Indonesia teu mangrupa da robahna teu alamiah tea. Lamun nu hudang tea mah lain dililirkeun, diusap, diguyah-guyah. Tapi kalah dibanjur, digebug, disentak, disepak, digentak. Antukna sawan, ilang pangacian. Nu ngari, olohok molohok, lulungu. Ninggang di sadar, ambek ngagugunung. Ambek nyedek tanaga midek. Lila-lila baruntak, anarkis tea antukna.

Ah nya eta, Utun. Kudu kumaha jeung ti mana ngamimitian deuina, sagalana geus hese dirobahna. Urang tengetan bae, bari hojah sabisa-bisa. Da euweuh guam pisan mah, arca meureun disebutna. Kapan urang manusa, Utun. Nu nyababkeun budaya jeung nyiptakeun budaya. Utun ge, bakal kitu, jaga.

Aeh-aeh, geus nepi ka biwir dayeuh geuning, Utun. Naon cing cirina? Meureun Utun pansaran. Itu tuh, tingal pagaliwota jeung patali marga kahirupan mani paciweuh kitu. Sibuk tea. Jam sabaraha nya? Paingan, jam satengah dalapan leuwih saeutik geuning. Keur meumeujeuhna manusa teh ngudag pakasabanana ka unggal pongpok angin. Ciri sejenna naon cing, Tun? Tuh runtah jeung limbah tingtalambru di unggal juru. Kahirupan kucel, cakueum, kusam. Beda bae jeung di pasisian mah, nu caang, bengras, taya polusi nu ngalimpudan rohang dada manusa-manusana.

Utun geus karasa nya? Tangtu. Ambu oge geus lapar ieu teh. Eeh, peujit koreseun geuning Utun teh. Heueuh lain Utun meureun, Ambu. Da geus nincak wayah sasarap atuh, Tun. Ceuk Wa Edi tea mah di Nagrak Sukabumi; wanci mumuluk euy! Tutug uyah sagede peureup kolot, dibuleud-buleud, dibungkusna ku daun cau manggala meunang ngaleumpeuh. Di luhureun tutug, sangray sirinding jeung sambel tarasi medok kenging Ema. Uyut nyebutna hidep mah meureun. Haduh ni'matna, Tun. Seuhah tapi col deui col deui kana sambel. Ngariung saanak incu Ema. Tara unggal usik mah, tapi mimindengna kitu. Kitu Utun, Ambu mah baheula. Hareupeun hawu eta teh, samemeh miang tolab elmu ka sakola dasar. Teu wudu hurip walagri geuning, Utun, malah ayeuna bisa ngakandung Utun.

Ambu mah turun di setasion kahiji ieu teh. Kapan rek ka dinya, ka Jalan Salemba. Jalan nu pinuh ku momentum perjuangan pisik nepi ka jaman reformasi, Utun. Loba pisan dongeng Ambu teh. Engke deui urang guar hihi-hiji. Engke lamun utun geus jadi budak.

Jam dalapan kurang saparapat, ayeuna teh. Piluit tanda eureun di setasion Jatinegara geus disada tah. Ke sakeudeung, Ambu beberes heula, bisi aya nu tinggaleun atawa mik-ap teu matut, era temen engke Ambu. Geus puguheun beuteung mah mendeyang, bentelu ku Utun, atuh beungeut-beungeut teu camerong.

Da geulis mah henteu Ambu teh, ngan manis wungkul meureun, heuheuh. Tapi cenah Tun, manis mah sok geulis, sedeng geulis mah can tangtu manis. Matak lain Ayah hidep wungkul baheula nu ehem teh. Ngan nu wani jeung tanggung jawabna, wungkul manehna. Nu sejen mah aringgiseun. Duka ku naon. Ceuk kolot nu kungsi diwawancara disungsi elmuna ku Ambu mah kieu omonganana teh.

"Neneng mah beurat ajina. Pameget-pameget serabeun ku Neneng. Seueur pisan nu palayeun, namung arisineun. Anu jodo sareng Neneng mah, waja sorotna." Aneh nya Tun. Kapan nu nyorot mah cahaya atawa mun nu ngaborelak tea mah inten jeung emas. Bolongkotan. Emas nu ayeuna hargana apung-apungan, tapi da Ambu ge resep. He...he...he...

Ieu teh kalah ngadongeng ka mana-mana. Heup heula, nya, Tun. Kareta geus eureun ayeuna mah. Bismillah Ambu ngucap du'a, muga dipaparin kasalametan ku Gusti Alloh di dayeuh Jakarta. Babadagna lelembutna Ambu jeung Utun-Inji, hayu urang turun. Amin. (*)


Chye Retty Isnendes

Dongengeng Dongeng Ambu Dongengeng Dongeng Ambu Reviewed by Rupa Sundapura on 19.13 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.