Digusuran Jurig

Ari batur mah cenah asa boga hutang teh mun kaliwat solat, kuring mah lain, nyaeta..., mun aya lalajoaneun teu lalajo. Teuing atuh, da mun ngadenge sora goong teh ceuli ngadak-ngadak rancung, suku ngadak-ngadak garetek. Keur digawe oge teu weleh elekesekeng. Lain ka nu deukeut-deukeut bae, malah ka nu jauh oge ari ngadenge beja mah tara teu mangkat. Mun teu mangkat teh nyaeta asa boga hutang. Lain babasan. Poek dibelaan ooboran, hujan dibelaan papayungan teh, jeung tara gumantung ka batur deuih, batur mah rek indit rek henteu tara jadi sual, asal awak waras duit boga. Ah, indit bae sorangan oge.

Jurig

Lain sakali dua kali, tampolana keur gering oge kuring mah ari ngadenge sora goong teh sok ngadak-ngadak cageur. Teu aneh mun kuring disarebut lulutu. Tapi kuring oge tara ambek da enya.

Kawasna kuring resep lalajo teh, lalajo wayang atawa pesta, turunan ti aki, aki ti bapa. Da eta bae kuring kungsi ngadenge bapa nyarita ka ema, "Enya, aya budak resep-resep teuing lalajo. Turun ka manehna meureun karesep akina teh!" Bejana aki mah jenatna komo, lian ti resep lalajo teh, resep ngibing, resep mabok.

Simana deuih cenah aki mah anu punjul teh. Ceuk bapa, "Sakumaha jagoan jeung bulubudna jelema, tara teu kokoplokan dipuncerengan ku aki maneh mah. Teuing ngaji naon!"

Kaharti mun bapa teu terangeun "cecepengan" aki teh, da bapa mah ku aki dipasantrenkeun ti bubudak.

"Keur mah bapa ngabulubud, leuleugeur atuh maneh mah teu jadi kiai oge, ngarti-ngarti kana agama!" ceuk aki ka bapa basa miwarang masantren.

Aki teh teu damangna lila pisan, nepi ka pupus aya tilu taunna. Dina sakitu lilana, ngan kuring anu langka absen ngemitan ari peuting teh. Anak jeung incu-incu nu sejenna mah teu cara kuring, ngaremitanana teh ngan ari katingal repot bae.

Mun panyawatna keur aso, aki sok ngagelendut ngadongengkeun pangalamanana. Resep ngadenge dongeng aki mah, pitunduheun oge sok ngadak-ngadak leungit. Teu cara ngadengekeun dongeng nini, ngan raja jeung raja, ngan putri jeung putri bae, jeung sok tuluy ditungtungan ku papatah deuih, matak bosen jeung matak ngajak heuay. Nu didongengkeun ku aki mah kabeh oge pangalamanana. Kayaning basa gelut jeung bagong, gelut jeung begal, dikoroyok ku limaan alatan parebut ronggeng. Nyaritakeun resep ngibing, pokna, "Mun Aki keur ngejer ngigel, kabeh nu gareulis nareuteup ka Aki, marentah diajak imut!"

Geus lima taun aki teh pupusna.

Bada Isa bulan kolot. Di langit teu aya bulan. Pihujaneun ngagarayot. Gang-ging-gungna sora goong, di Desa Sedaraja, geus kadenge hawar-hawar kabawa angin ririh. Suku geus kekejetan, hayang jung hayang jung geura indit. Tapi bapa can sumping keneh bae ti masigit, teuing tuluy ka mana. Ari rek indit bae, karunya ema sorangan keueungeun. Babaturan tangtuna oge geus birat marangkat. Kacipta nu baroga kabogoh, ngariringkeun kabogohna. Kuring geus teu ngeunah cicing.

Kurutak bapa sumping. Lakadalah, ceuk hate.

"Tuluy ka mana bapa teh?" ceuk ema bari mangnyampaykeun sajadah dina parantina.

"Nyeta tuluy ngalongok Ki Arma ngadadak gering payah."

Ki Arma teh incu aki keneh, anak bibi. Saenyana dulur kuring teh ngan kari eta-etana, da lanceuk jeung adi-adina mah geus maraot, malah bibi jeung paman oge geus teu araya dikieuna. Ari kuring puguh budak nunggal, teu lanceuk teu adi.

"Kumaha ayeuna?" Ema nanya deui.

"Rada aso basa ditinggalkeun mah...! Pesta di mana tateh, bangun rame-rame teuing?" bapa nanya ka kuring.

"Wartosna mah pesta bujang di Sedaraja."

"Geuning teu lalajo?"

"Ngantosan bapa."

"Da bapa mah moal lalajo."

"Ema keueungeun nyalira."

"Euh, sugan teh..." pokna deui bari brek calik dina korsi. "Diuk heula di dinya, bapa boga picaritaeun!"

Beu, peuting teuing atuh, ceuk hate. Brek kuring diuk dina panuduhanana.

"Bareto kira-kira genep bulan sadugna aki maneh pupus, bapa keur nagog di sisi balong. Teu kanyahoan ti mana jolna, gigireun geus aya lalaki kereng pikasieuneun. Manehna nyarita kieu, "Kaula teh jauh ti Karawang."

"Di mana Karawangna?" ceuk bapa.

"Moal disebutkeun," tembalna. "Da teu kabeh jelema terang lebah-lebahna, ari teu kawenehan-kawenehan teuing mah. Ngan bapa andika di antarana nu geus terangeun teh."

"Jenatna aki barudak?" ceuk bapa.

"Enya. Malah pangna ayeuna kaula ka dieu oge rek ngala barang nu baheula diinjeum ku inyana."

"Barang naon. Da kula mah teu kapasrahan."

"Bener teu kapasrahan?" omongna bari merong.

Sanggeus bapa sumsumpahan, eta jelema ngati-ngati, pokna, "Mun andika bohong, rasakeun ulah sambat kaniaya!" Les manehna ngiles, teu puguh ka mana ngaleosna.

Bapa lila ngaheneng.

"Ari tadi sareupna waktu Ki Angga balik ti sawah, cenah manehna papanggih jeung jelema make pakean sarwa hideung, nananyakeun incu Aki Jaya, basana rek diala. Ari Aki Jaya teh kapan aki maneh. Matak ulah lalajo peuting ieu mah, sieun, bisi enya."

Meg asa ditonjok angen. Kuring mah kajeun dicarek dahar saminggu batan dicarek lalajo mah. Da kaharti bapa teh nyingsieunan. Tapi lain ge incu aki ari mundur ku disingsieunan mah.

Waktu bapa asup ka pangkeng kuring ngojengkang kaluar bari ngarawel batre anu digantungkeun dina bilik. Mangkat lalajo.

Babaturan geus teu aya sapotong-sapotong acan, kabeh geus naringgalkeun.

Poek, poek letek. Jeung pras-pris deuih.

Samping dibebentingkeun, baju diparet dikancingkeun, totopong diteregoskeun. Gidig leumpang ngagidig. Geus jauh ti lembur mah teu poek teuing, rada oge remeng-remeng. Goak. Beluk sataker kebek.

Pohara atohna, katingal remeng-remeng di hareup aya nu ngarungkug ka ditukeun. Nyay disorot ku batre. Jauh keneh. Kuring gogorowokan menta didagoan, tapi teu aya nu nembalan jeung terus bae laleumpang. Bari ceuceuleuweungan beluk leumpang beuki digancangan, hayang geura-geura nyusul. Beuki deukeut, beuki deukeut. Jep kuring eureun tetembangan, lantaran kadenge hawar-hawar sora nu jejeritan menta tulung. Bari nyorotkeun batre terus, derengdeng kuring lumpat. Geus deukeut pisan katingal dina caangna cahaya batre, jelema duaan marake pakean hideung ngabebeteng nu teterejelan jeung jejeritan tulung-tulungan. Teu sak deui nu keur di bebeteng teh Ki Arma dulur misan kuring. Pudigdig kuring ambek. Nyay-nyay batre ngacongan bengeut-beungeut nu ngabebetengna. Masya Alloh...! Barosongot, halisna karandel, panonna baleer beureum. Pada-pada nyarekel pepentung. Katingal Ki Arma dibakutet ku rante anu tingbaranyay herang. Bareng jeung bregna hujan, kuring narajang. Habek pepentung kana sirah, leng kapoekan. Teuing sabaraha lilana teu inget teh. Inget-inget awak ngahodhod, pakean rancucut. Hujan geus raat, di langit bentang ancal-ancalan, malah bulan oge geus tembong ngelemeng sagede sisir. Sirah karasa lieur, tapi kuring maksakeun balik sasat ngorondang.

Nepi ka imah kuring ema-emaan, menta dilaan tulak. Kulutrak tulak dibuka, bray panto muka. Lain ema nu muka teh, tapi anak tatangga, Nyi Eneh.

"Geuning nyai, ari ema ka mana?" ceuk kuring ka Nyi Eneh. Geus biasa pisan mun ema jeung bapa angkat wengi sarta kuring teu aya di imah, Nyi Eneh teh sok kapeto nungguan.

"Tadi aya nu nyusulan cenah, Ki Arma maot!"

Leng...leng...goledag kuring meubeutkeun maneh kana tempat sare. Sirah lenglengan, titingalan kararoneng.

Ti harita kuring teu hudang deui, terus gering. Beurang peuting ditarungguan. Ema teu eureun-eureun nangis. Bapa katingalna nguyung pisan. Mun peuting taya kendatna ku nu ngaraos. Nu ngalandongan mah ngalandongan, ngeseh unggal Jumaah, tapi...

Inget keneh harita teh bada Isa, nu ngaraos reang keneh. Torojol-torojol, gulang-gulang duaan marake sing sarwa hideung. Nu saurang ngajingjing rante munggah babaranyayan bodas, nu saurang deui nyekel pepentung. Ningal beungeut-beungeutna, ras kuring inget ka nu ngabarebeteng Ki Arma bareto. Bari teu ngomong sakemek, reketek leungeun kuring dibakekeng. Kuring adug-adugan jeung jejeritan oge teu dipalire. Geredeg digusur ka luar. Kadenge ema aluk-alukan, nu sejen reang maridangdam.

Di buruan nyampak kuda belang sadua-dua. Kuring ditaekkeun ka nu hiji. Salah saurang gulang-gulang tea mancal kana kuda nu ditumpakan ku kuring, diuk tukangeun. Nu saurang deui nyorangan. Kuda digaredig, ditegarkeun. Cijoho, Cilimus, mengkol ka Sumber, Paselaran, Palimanan. Bray beurang teh geus nepi ka Kadipaten. Anehna najan kuring tulung-tulungan sapanjang jalan, kabeh jelema anu kaliwatan saurang oge teu aya nu mirosea, arongkoh-ongkoh bae. Ti Kadipaten terus ka Nyalindung. Liwat kota Sumedang. Mengkol ka katuhu mapay jalan desa, bras ka Subang. Ti Subang ka Kalijati, Cikampek, Dawuan, Karawang..., gampleng kuring diteunggeul sirah satakerna. Leeeengngng..., teu inget di bumi alam.

Inget-inget geus dirariung ku jelema-jelema anu teu warawuh. Ningal beungeut-beungeutna, bangun anu careuceubeun ka kuring teh. Di antarana aya anu geus kolot pisan. Awakna kuru kawas rorongkong jeung tina palebah cungcurunganana terus-terusan merebey getih.

Ana gerem teh nu gigireunana ngagerem, persis sora maung, "Silaing teh bener incu Aki Jaya?"

"Bener!" tembal kuring, males teugeug.

"Nyaho ka Nyi Sarni?"

"Nyaho, bibi kami, tapi geus maot!"

"Nyaho ka Ki Nata?"

"Nyaho, salaki Bibi Sarni, oge geus maot!"

"Nyaho ka Sarmun, ka Si Asman, ka Si Marni, ka Si Arma?"

"Nyaho, kabeh anak Bibi Sarni jeung Mang Nata. Kabeh geus maraot."

"Kabeh digusuran ka dieu!"

"Hah?"

"Bongan Aki maneh, Aki Jaya teu nohonan jangjina."

"Na jangji naon Aki kami teh?"

"Ayeuna oge maneh digusur ka dieu," manehna teu mirosea pananya kuring. "Moal dipulangkeun deui, mun maneh cara dulur-dulur, bibi jeung paman maneh teu bisa nuduhkeun di mana disumputkeunana barang nu dijangjikeun ku aki maneh rek dipulangkeun ka bapa kami."

"Naon barangna teh?"

Sakali deui manehna teu mirosea pananya kuring, kalahka pokna, "Baheula, aki maneh meredih ka kokolot kami di dieu, sangkan dibere jimat anu maunatna matak dipikagigis ku sasama. Nya dibere kalawan perjangjian. Kahiji, anak incuna teu beunang dipasantrenkeun. Kadua, sanggeus aki maneh maot, eta barang kudu dipulangkeun."

"Naon sababna anak incuna teu beunang dipasantrenkeun?"

"Lantaran nu ngigama mah moal bisa digusur ka dieu, saperti bapa jeung indung maneh. Untung nu sejen-sejen mah teu ngarigama, maneh oge henteu."

Memang Bibi Sarni, Mang Nata jeung anak-anakna teh henteu ngarigama pisan. Nya kitu deui kuring. Kakara kuring ngarasa hanjakal. Meureun mun kuring bareto daek mah dipasantrenkeun ku bapa, ayeuna teh moal kasarad kieu.

"Ayeuna aki maneh geus maot, geus aya lima taunna. Tapi eta barang teh lain dipulangkeun, malah disumputkeun. Ayeuna kami rek nanya, di mana eta barang disumputkeunana? Mun maneh teu bisa nuduhkeun, sirah maneh baris dipake tatapakan di dieu, cara bibi, paman, jeung dulur-dulur maneh."

"Enya, naon atuh barangna teh?"

"Tuh tenjo!" bari nunjuk ka aki-aki nu kawas rorongkong tea. "Geus mangtaun-taun bapa kami disiksa, diteukteuk tungtung cungcurunganana ku kokolot. Paneukteukanana dibikeun ka aki maneh dijadikeun jimat tea. Ayeuna eta kokolot nu telenges teh geus diganyang ku kami sarerea, ku rahayatna. Pok sebutkeun, di mana disumputkeunana eta barang ku aki maneh?"

Leng kuring nginget-nginget. Tapi asa tacan kungsi nenjo aki kagungan jimat nu kitu. Cenah tungtung cungcurungan, boa-boa tungtung cungcurungan-cungcurungan kitu mah..., buntu. Ras kuring inget, memeh pupus teh aki maparin iteuk ka kuring. Saurna, "Sumputkeun sing buni!"

"Teu nyaho ari nu kitu mah," tembal kuring. "Aya soteh nu dipiwarang disumputkeun teh iteuk."

"Iteuk naon?"

"Waregu."

"Kumaha rupana?"

"Loreng-loreng kawas buntut maung."

"Enya, eta!" omongna giak pisan. Nu sejen caruringhak. Komo si aki mah. "Di mana ayeuna?"

"Di imah, diselapkeun di jero bilik."

Gancangna eta jelema nyalukan gulang-gulang nu nyarulik kuring. Maranehna dititah mulangkeun kuring bari nyokot iteuk tea. Kuring ditaekkeun deui kana kuda cara tadi basa dibawa ti imah. Berengbeng-berengbeng kuda dilumpatkeun.

Nepi ka imah kasampak waruga kuring geus digojodkeun nyanghulu ngaler, bari pada nyaleungceurikan.

"Itu iteuk waregu jeroeun bilik pangnyandakkeun, alungkeun kaluar ka nu poek!" ceuk kuring bari nunjuk. Puguh bae rea nu tibuburanjat, malah teu saeutik anu lalumpatan sarieuneun.

"Hirup deui! Hirup deui! Allohu Akbar!" Kolot-kolot mani recok.

Uwa marebot ngojengkang, ngadudut iteuk tina jero bilik, sakumaha panuduhan kuring. Tuluy dibawa kaluar, dialungkeun.

"Aya nu nyanggap ti nu poek!" omongna ka nu araya.

Ayeuna kuring jadi wekel solat, da sieun kasarad deui. (*)


Ki Umbara

Digusuran Jurig Digusuran Jurig Reviewed by Rupa Sundapura on 21.34 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.