Agul Ku Payung Alus
Bet asa era parada, pedah sok disebut turunan Dalem Cikundul. Angot jenatna pun bapa mah mani keukeuh peuteukeuh kudu jarah ka makam Cikundul di Cianjur. Emut pisan harita teh waktos rek ngumbara ka Bogor kapungkur taun 60-an. Malah wanti-wanti, mun panggih jeung karerepet, tenjrag we saurna bumi tilu kali bari nyambat Eyang Cikundul. Amanat sepuh kitu teh sakapeung sok jadi bahan pikiran. Naha bener kitu kuring teh teureuh menak Cikundul? Mun tea mah enya, atuh geus turunan ka sabaraha. Bisa jadi geus jadi deungeun-deungeun meureun.

Ras emut ka aki ti gigir, di Purwakarta, rayina pun nini anu di Bayongbong. Eta ge sami sok reueus pisan kana tuturunan. Piwejangna sami sareng pun bapa. Cenah urang kudu reueus tapi ulah agul pedah turunan Dalem Cikundul. Malah pun aki Purwakarta mah, namina ge sok ditambihan ku Kartadiredja. Identitas turunan menak Dalem Cikundul, kalebet nami-nami pala putra-putuna.
Mun pareng ngabandungan obrolan sepuh perkawis turunan teh, pun biang mah sok katingal mesem we. Malih sakapeung sok ngelingan. Saurna teh, "Kade ah, ulah sok agul ku payung butut. Kiwari mah geus lain jamanna. Dina benerna ge, hidep mah kudu leuwih lantip. Jauhan sipat sombong jeung takabur, adigung-adiguna, pinter aing henteu batur. Malah urang mah kudu bisa nyumput dinu caang. Alus jeung gorengna jelema mah teu bisa diukur ku kamenakan, tapi ku kalakuanana. Kateuteuari turunan menak ge, ari kalakuan toloheor, nyolowedor tur nyolong bade mah."
Keuna kana mamaras rasa eta piwejang pun biang teh, tur langkung nyangkaruk dina ati sanubari. Hiji waktos kantos tumaros perkawis luluhur karuhun mantenna. Margi aya wartos pajah pun biang teh masih teureuh menak Tarogong, rerehan ti karajaan Timbanganten. Nanging sateuacan ngawaler, anjeunna kalah ngeluk tungkul. Katingal pameunteuna asa benten ti sasari, aya cahya gilang-gumilang tina sapasang socana tur matak serab sareng ajrih.
"Sabenerna, mun hidep rek reueus ku turunan, ambu ge memang aya teureuh karajaan Timbanganten. Eyang-eyang hidep mah di kampung Babakan jeung Pasawahan. Malah di Cipanas ge aya. Najan tos parupus ge, tapi sesekelerna mah tangtu araya keneh. Jug teangan. Tapi sakali deui, kade ulah deuk agul pedah turunan menak Timbanganten jeung Cikundul. Poma ulah agul ku payung butut!" Kitu kasauran pun biang bari neuteup leleb.
Aya deui dongeng sanes. Ieu mah cariosan pun aki ti pun biang. Mantenna mah dalah meleg-meleg asli turunan urang Yogya, Jawa Tengah. Ieu ge sami sok resep ngaguar tuturunan. Malah aya seratan nu kalintang otentikna dina kitab ageung, disimpen dipusti-pusti. Diseratna ku aksara Arab. Kapungkur waktos jumeneng keneh, mantenna sok remen ngempelkeun para wargi putra putuna, lajeng ngadadarkeun silsilah tuturunan bari mukaan eta kitab kandel nu diserat ku aksara Arab tea.
Atuh der deui we ngadadarkeun tuturunan, si eta turunan ti dieu, si ieu turunan diditu, sareng saterasna. Tuh si Onong, kituna teh bari nunjuk ka kuring. "Silaing teh euy, masih aya turunan ti Pangeran Purbaya Mataram, kudu reueus." Angger pun aki mah mun nyalukan kuring teh sok si Onong bae. Pedah eta tarang kuring rada nongnong panginten.
Anjeunna mani keukeuh rehna eyang kuring teh asal muasalna ti karajaan Mataram. Kasebatna gelar pangeran nu nyepeng pancen salaku panglima perang ti Sultan Agung. Jenengan Eyang teh pangeran Manggar nu makamna di Cikao, Purwakarta. Saurna, mantenna teh kantos mingpin pasukan maksad ngagempur Batavia. Palaputrana aya nu ngaprak ka wilayah Tarogongng sareng Limbangan Garut. Lajeng bubuara, tur karagungan bojo urang Sunda. Nguping cariosan aki kitu teh, kuring tambah ngahuleng deui bae.
Tahun 60-an, waktu kuring jeung Mang Saleh Danasasmita suargi icikibung dina organisasi Putra Sunda, kuring kungsi ngarojong pintonan gending karasmen, kalayan merankeun Patih Jombang Lanang ti karajaan Rumpin. Rengse pagelaran, Mang Saleh ngarangkul kuring. Na atuh ari pok teh, "Alus Yat maen teh. Katempona mani pas pisan peran patih Jombang Lanang teh. Jigana ente mah aya keureutan menak nya. Asa beda tagog jeung goloyorna. Komo deui eta sora ente mani handaruan geueuman. Matak muringkak bulu punduk. Ha...ha...!"
Kuring oge milu seuri, seuri koneng bari rada beukah irung. Ngan dina hate bet ngagerentes, "Turunan menak? Menak ti mana horeng?"
Dina hiji waktu, kuring kungsi ka Ciamis nepungan sobat batur sapagawean. Kabeneran ibu ramana ki sobat nuju araya. Malah ngiring ngawangkong sagala, tumaros ka pribados, kawit ti mana sareng sajabina ngaler-ngidul. Kuring ngajawab saayana wae. "Abdi mah kawit ti Garut namung ti kampung, Desa Pasawahan. Kapungkur rorompok teh caket Pasantren Al-Huda. Namung saatosna pun bapa sinareng pun biang ngantunkeun mah rorompok sepuh teh teras diical, da kaleresan taya nu ngurus. Katambih-tambih abdi sareng pun adi mah sadaya ngalumbara."
Sabot ngawaler patarosan, si ibu teh kalah mencrong mani seukeut. Terus nyaurkeun yen mantenna masih keneh rerehan karajaan Galuh. "Sanaos aden ngangken asal kampung atawa ti pasisian ge, ibu mah tetep yakin, aden teh sanes jalmi samanea, pasti masih aya kocoran kadaton. Tiasa jadi teureuh menak Timbanganten nya. Sanaos dikumaha ge, da benten, Den, ari tagog sareng goloyorna menak asli mah. Benten jeung pajabat kiwari nu gumenak memenakan."
Ih naha brasna teh bet kana menak deui bae. Kuring jadi bosen ngadengena. Na turunan menak ti mana atuh kuring teh? Ras emut deui ka cariosan pun biang suwargi, nu meupeujeuhan, "Ulah agul ku payung butut, asa aing uyah kidul. Komo bari ditambahan ku sipat sombong takabur adigang adiguna mah, pinter aing henteu batur. Omat singkahan adat goreng kitu teh. Ayeuna mah geus beda jaman. Memang bener, baheula mah nu disebut menak teh mani jadi kareueus. Cenah dibelaan kudu meuli sagala di jaman Walanda mah hayang disebut atawa boga gelar menak atawa raden teh. Tapi, da ari menak asli mah teu kitu. Sakali deui kade hidep sing inget, ulah agul ku payung butut. Sok komo deui hidep mah lulusan sakola luhur, nu sahenteuna boga kalungguhan. Eta sakabeh ukur titipan Allah SWT."
Ras deui emut kana kasauran guru ngaos kapungkur taun 70-an, Ajengan Siroz ti Pasantren Al-Huda, nu kantos masihan wejangan, "Pikeun nangtoskeun hade-gorengna manusa mah teu tiasa diukur ku kamenakan, kabeungharan, kapangkatan atanapi turunan. Tapi ku ukuran iman jeung katakwaanana ka Allah SWT. Sadaya insan sami pada-pada turunan Nabi Adam. Sanaos leres, salira teh masih teureuh menak, eta mah samunikeun we, malah mending hilapkeun! Margi pengkolan tos kaliwatan, teundeun di handeuleum sieum. Kiwari mah lain jamanna ngagul-ngagulkeun turunan. Di payuneun Gusti Allah mah sadayana ge sami, pada-pada insan mahluk Allah SWT. Mantenna nu Maha Uninga, nu ngatur sagala perkara."
Bet asa ngangres campur kagagas ku eta kasauran ajengan miwah pun biang. Saeutik, namung matri na jero ati. Kanggo naon agul ku payung butut. Mending keneh agul ku payung alus, Papayung Agung nu mayungan sakumna alam. Teu karaos cimata ngeclak mapay dua pipi. Emh Gusti...! Alhamdulillah! Mugia Gusti masihan pituduh sinareng jalan nu sae pikeun ieu diri nu tangtos seueur lepat. Sawios teu janten menak ge, asal aya dina karidhoan sinareng panangtayungan Allah Nu Maha Agung. Aamiin. (*)
Rochajat Harun
