Sorabi Tutung Biritna

Unggal manggih sorabi sok ras ka Ma Iti. Sacisalak mah sigana hamo bireuk deui. Isuk keneh teh geus diuk dina jojodog, nyanghareupan panyorabian, sisi jalan liliwatan. Kepah-kepoh niup songsong, gur seuneu ngaduruk suluh, peledug haseupna ngelun. Mani sok keukeureuceuman kawantu panonna teu weleh kahaseupan.

Sorabi

Kuring sok cingogo di dinya nungguan sorabi bari siduru. Kalan-kalan kasampak geus rea batur, kolot budak, lalaki awewe. Bari nungguan teh mani sok resep ngabandungan kolot ngawangkong. Ngan sok rada keuheul upama aya nu mesen sorabi tepi ka sapuluh siki, da puguh citakanana ngan dua. Beuteung geus hayangeun dieusian, kari-kari kudu nungguan lila pisan. Na teu ngaraskeun teuing jelema teh nya.

Sawareh mah nyarebutna teh lain sorabi, tapi surabi. Tipung keneh-tipung keneh. Tipung meunang nyaian tur nyipatian, dipurulukan uyah katut kalapa beunang nyiksikan. Cur adonan teh kana citakan tina taneuh porang, baruleud sagede pisin. Kalan-kalan sok dioncoman, ngariung di tengah-tengah. Rup citakanana ditutupan, tayohna sangkan adonan teu kahaseupan. Ari panyorabianana, kitu bae tina taneuh porang deuih, winangun hawu leutik camperenik.

Sanggeus asak, sorabi teh dijajar-jajar dina lambaran daun cau. Sok ditumpukkeun, dua-dua. Biritna garing, tengah-tengahna bodas tur munuu. Harita mah sok resep nyewol nu munuuna bari ditiupan, col kana sambel, am dihuapkeun. Aya ku ngeunah bari jeung seuhah. Mun teu kitu sok dikincaan ngarah amis. Teu wudu matak seubeuh dua siki ge, itung-itung mumuluk bae.

Matak nineung puguh ge. Ma Iti duka geus ka mana boa. Sakainget, basa kuring bolon keneh teh Ma Iti mah geus nini-nini. Ari di sawarga aya sorabi, Ma? Asa hanjakal, sakur nu marulang ka kalanggengan, taya saurang ge nu balik deui.

Salin jaman aya Bi Ti'ah, sasat neruskeun tapak lacak Ma Iti. Beh dieu aya Bi Cicih, tatangga hareupeun imah. Taya nu robah, ari lain popolahna mah. Hargana we paling ge jadi undak luyu jeung kamekaran moneter. Ari sorabina mah kitu-kitu keneh, bodas tur munuu, tutung biritna.

Ku nu cawokah mah sorbi teh sok dilarapkeun ka nu lain-lain. Ah, moal pipilueun. Palias keh diseureud ku Valentina Sagala nu ngageugeuh Institut perempuan tea. Moal boa kaemper-emper ka Gadis Arivia di Jakarta. Nu sidik, keur sakuringeun mah, sorabi teh kadaharan urang kampung anu ngeunah.

Ari urang kampung rea nu nyaraba ka kota. Aya nu sarakola nyuprih pangarti, aya deui nu karuli neangan pangupa jiwa. Nu terus maraot di kota ge teu kurang-kurang deuih. Padahal, jero pikir, di kota mah tong boro hirup, paeh ge hese. Dikubur kudu mayar, sakalina nunggak, kuburan dieusian batur.

Kabeneran padumukan teh di Bandung beulah kaler. Unggal poe sok ngaliwat ka Jalan Setiabudhi. Rada ngarengkog sakali mangsa mah barang katitenan aya warung sorabi sisi jalan tur katenjona kajojo pisan. Beh dieu kanyahoanana teh, awal taun 2000-an. Jero pikir, cara kuring bae, sorabi ge pindah ka kota jadi kadaharan urang kota. Bagea, Bi!

Bi sotenan ka surabi, lain ka nu dagangna. Mungguh di kota mah ayeuna nu daragang surabi teh lain bibi-bibi pantar Bi Cicih atawa Bi Ti'ah, sumawonna nini-nini pantar Ma Iti mah. Ngarora keneh, deuleu, gareulis tur laluis deuih. Estuning rumaja putri weh. Eneng pantesna ge. Eta deuih ngasakanana ge bari nangtung, tur teu wawuheun ka songsong.

Kitu deui nu mareulianana, rea nu turun unggah mobil sedan. Geura we titenan mun malem Minggu. Rea pisan urang Jakarta nu pakansi ka Bandung, nyarimpang heula ka warung sorabi tea. Esruning balerseka, teu cara kuring baheula anu caludih tur cileuhan. Henteu caringogo deuih da puguh teu pantes kabina-bina keur maranehanana mah kitu peta teh. Caralik dina korsi beresih, mayunan meja, cara prahna di cafetaria.

Atuh sorabina, sorabi kota tangtuna ge. Aya nu dikejuan, aya deui nu dicoklatan, jeung sajabana ti eta. Geura we titenan acara "Dapur Pintar" dina Trasns TV. Kungsi kapidangkeun "oleh-oleh dari Bandung", antarana "resep surabi oncom". Bahan-bahanna teh tipung beas jeung tarigu (masing-masing 150 gram), parud kalapa (10 gram), oncom (100 gram), bawang beureum jeung bawang bodas (masing-masing 2 sihung), bungbu "inti" (2 sendok makan), cipati (200 mililiter), katut cai sacukupna. Tetela, beda pisan jeung adonan sorabi Ma Iti baheula.

Pon kitu deui nyuguhkeunana. Geus teu make daun cau. Mun urang hayang mungkus, geus sayagi wadah tina palastik nu ringkes tur praktis. Atuh mun hayang am di dinya bae, sorabi teh diwadahan kana piring leutik, tur ngahuapkeunana make garpuh camperenik. Jreng tatabeuhan tina compact disc, luyu jeung warna-warna lampu nu nyaangan rohangan. Pantes we mahal ge - enya, cek nu api-api loba duit - da puguh unak-anikna pohara reana.

Kungsi kuring jajan di dinya, diajak ku Tisna, balad kuring, anak Bandar hayam di Pasarbaru. Kitu we nurutan urang kota, ngahuapkeun sorabi make garpuh. Sajeroning ngagayem teh teu weleh kacipta beungeut Ma Iti. Teu nyana, Ma, sorabi teh panjang umurna, tur bisa ngigelan tepak kendang parobahan jaman. (*)


Hawe Setiawan

Sorabi Tutung Biritna Sorabi Tutung Biritna Reviewed by Rupa Sundapura on 21.25 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.