Nu Harayang Dihargaan
Lila Kardi ngajengjen, nungguan kasempetan anu hade. Najan kudu pasesedek jeung batur, kapaksa nagen. Karasa, hawa di dinya rada nyongkab. Tapi Kardi maphum, lantaran lalaki-lalaki nu ngariung sabudeureun kalang, sumedeng disundutan birahina. Ngentab-ngentab dina dadana, di saawak-awakna.
Tapi tukang kendang, tukang kecrek, jeung tukang goong mah kawas teu kabawakeun. Beungeutna angger carakueum, taya parobahan. Kitu deui sinden awewe geus tengah tuwuh udat-udat peot kulit beungeutna, nembongkeun kawas nu tunduh; kawas bosen ningali adegan hareupeunana.

Sabudeureun kalang, hareupeun lelang, rada paroek. Ukur kacaangan ku patromak nu digantungkeun na tihang awi di tengah kalang, jeung ku lampu-lampu cempor tukang kacang, es, jeung tukang kuclak.
Tatabeuhan geus teu pati motah cara mimiti. Ayeuna mah dirincikkeun, diantarekeun. Kawasna mah tadi teh natalu. Atuh awewe-awewe nu karandel ku wedak, geus loba nu larbus kaluar asup kalang. Ditoel ku lalaki, indit, sarta teu lila bus deui ka kalang, bari buuk, wedak, jeung lipen katara kusut jeung daradas. Sok, nyimpen duit kana kotak nu geus dibagi-bagi dinomeran, nu ditungguan ku lalaki tengah tuwuh, sarta dina beuheungna nyampay anduk leutik.
Geus nyimpen duit dina kotak, luyu jeung nomer-nomerna mah, awewe-awewe teh nyalisiran deui, dilipen deui, ngarampayak deui, sarta nungguan aya nu noel deui.
Awewe nu rarampayakan teh, kaitung ngarora keneh. Malah aya nu budak keneh pisan, kira umur lima belas taunan. Nu kaitung kolot mah meureun ngan nu itu wungkul, nu dikaos koneng jeung dianderok hideung, sarta nu buukna keriting. Mun diiker-iker, pantes mun geus boga anak opat teh.
"Ikah, Kang Andung hayang deui cenah. Tapi geus teu boga keur bayareun, ngan kari sarung jeung calana!" ceuk salasaurang nu lalajo, disambung ku nu saleuseurian. Nu disebut Ikah, ukur ngadilak bari tuluy ngarampayak.
Kardi wuwuh ngentab dadana, ningal Ikah laris pada noelan ku lalaki, sarta tuluy dibawa nyalingker ka nu poek. Najan enya ku manehna teu katenjo keur kumaha Ikah jeung lalaki nu mawana, tapi eces kagambar dina wangwanganana.
Memang, sakuduna manehna euweuh hak deui keur milu ngurus kalakuan Ikah. Tapi dina hal ieu, dihenteu-henteu oge, kapan samemehna boga tatali batin. Jeung nu leuwih penting ti eta, aya urusan nu aya patalina jeung kahormatan, nu kudu direngsekeun jeung Ikah, popotonganana.
Hiji mangsa, Ikah geus norojol deui ti nu poek. Sakumaha biasa, ledak deui diwedak gigireun tukang kendang. Dilipen jeung nyisiran, jung nangtung, rengkenek ngarampayak deui. Milu ngurilingan kalang jeung batur-baturna, kawas barudak nu keur ulin oray-orayan. Nembongkeun beungeut, nawarkeun kasempetan ka lalaki nu keur ngagimbung ngalalajoan. Keur kitu pisan, Kardi bus ka kalang, tuluy noel Ikah.
Ikah ngalieuk. Katingal pisan parobahan riuk beungeutna, tina imut leutik rey-reyan jadi colohok barung ceuceub. Rek engab pisan pok, kaburu peupeuteuyananana dikenyang ku Kardi kaluar ti kalang.
Teu bisa majar kumaha. Ari kudu ngadon cekcok di kalang mah piraku, meureun pada ngalalajoanan ku nu lian.
Sanggeus anjog ka nu rada singkur jeung poek.
"Nanaonan sia teh? Aing mah embung ngalayanan sia. Leupaskeun! Teu sudi aing mah. Kajeun teuing milih nu bohak batan jeung sia mah!" Ikah kukulutus bari teterejelan.
"Ngajedog, aing rek ngomong!" Tembal Kardi teugeug.
"Urusan naon deui? Kumawani teuing sia mamaksa aing. Manasina aing jadi pamajikan sia keneh!"
"Jempe!"
"Percumah, ngabebeak waktu usaha aing bae! Halik leupaskeun, aing keur neangan duit keur setor ka Si Abang!"
"Mun perlu ku aing dibayar," Kardi embung eleh.
"Sabaraha sia rek mayar aing?" Ikah ketus. "Na teu seubeuh sia nyiksa aing ti keur reureujeungan keneh?"
Keur silih tempas kitu, lar aya nu ngaliwat, "Ulah loba teuing ngomong euy, bisi lipen kaburu basi" cenah, ditungtungan ku nu saleuseurian. Kardi jeung Ikah silih reret. Nu ngaliwat teh tangtu nyarita ka maranehna.
"Ulah di dieu, tuturkeun aing!" Ceuk Kardi bari ngenyang deui leungeun Ikah. Ikah teterejelan, tapi leungeun Kardi beuki pageuh ngeukeuweuk leungeunna. Teu lila duanana anjog ka basisir nu rada anggang ti imah-imah pamayang. Di dinya, di sisi muara, ukur aya sababaraha parahu nu peuting eta teu diiangkeun ka laut, jeung tunggul-tunggul kalapa nu tumpur ku ombak. Sora ombak teu pati seah, da laut maju ka pasang, dibarung ku sora kelebet bandera parahu, nu rame tingberebet katebak ku angin darat.
Ti dinya mah sora tatabeuhan teh meh teu kadenge. Ikah didiukkeun dina biwir parahu, satengah disuntrungkeun. Kardi renghap ranjug. "Rek dikumahakeun aing teh, Kardi?" ceuk Ikah.
"Dengekeun ku sia. Salelembur, jelema kabeh ngaromongkeun sia," ceuk Kardi napsu.
"Naha make milu teuing urusan? Aing, aing. Batur, batur. Euweuh gantar kakaitan. Kitu deui jeung sia. Urusan aing mah kumaha aing, keun bae diomongkeun ku batur oge. Sia mah kalah milu riweuh kana urusan batur!" Ikah nambalang mani capetang.
"Era aing teh Ikah, era ku bapa aing!" Kardi kekerot. "Omongan jelema salembur teh, kabeh bahe ka kulawarga aing!"
"Mun aing jadi pamajikan sia keneh mah pantes rek era oge!"
"Dasar dombret!"
Ikah jebi, pokna, "Pan sia oge nyaho, aing teh dombret. Aing lain pamajikan sia, Kardi. Lantaran kitu, ceuk aing oge sia teu kudu milu kana urusan aing. Naon-naon anu dilakonan ku aing, eta hak aing!"
"Bapa aing kabalerang, Ikah. Rek dikamanakeun beungeut bapa aing!" Kardi embung eleh.
"Ooh, dititah Bapa nyah!" Tembal Ikah bari angger jebi. "Ku naon cenah Haji Somad? Era boga urut minantu jadi dombret? Matak naon bejakeun ku sia, yen Si Ikah teh geus lain minantuna. Mun masih minantuna keneh mah pantes rek era oge. Kapan aing mah Si Ikah, randa urut pamajikan Si Kardi anak Haji Somad. Randa, sing inget. Teu boga salaki teu boga mitoha. Aing bebas sakahayang!" Ikah beuki nyongsrong.
"Dasar jelema teu gableg kaera!" Kardi kukulutus.
Ikah embung eleh, pok nembalan deui, "Pek bae rek nyebut naon oge!"
"Cing atuh rek ngadombret mah ulah di lembur ieu. Di lembur sia keh di ditu! Ngera-ngera bae kulawarga aing," ceuk Kardi bari tutunjuk.
Ikah molotot, jung nangtung, pokna bari males tutunjuk. "Teu euih-euih sia mah Kardi, ngahina aing teh. Na sia teu rumasa mawa aing kabur ti lembur? Kumaha harita wirangna kolot aing nyaho anak parawanna dibawa kabur ku lalaki? Boa wirangna kulawarga aing harita, leuwih parna batan wirangna kulawarga sia ayeuna. Nepi ka ayeuna kapan aing teu bisa balik deui ka kolot. Ku indung bapa dimusuhan. Kari-kari sia ayeuna nitah aing ngadombret di lembur sorangan. Rek dikamanakeun deui beungeut kolot-kolot aing, beungeut kulawarga aing?"
Kardi ukur jamotrot.
"Duh nasiiib!" ceuk Ikah. Napsuna ngahegak siga nu cape. Gek deui dina biwir parahu, satengah gabeubeutkeun maneh. Teu sawatara lila pok deui rada leuleuy semu dareuda. "Kudu kumaha aing teh atuh, Kardi? Ku kolot sorangan diusir, ku salaki dinyenyeri. Ku mitoha dijejeleh. Ayeuna aing geus diserahkeun ku sia, masih hayoh disieuh-sieuh. Teu meunang aing hirup, nangtukeun kahayang sorangan?"
Kardi angger teu nembalan. Sajongjongan mah duanana jarempe. Sora tatabeuhan ukur kadenge hawar-hawar. Lep-lepan kabawa angin. Sedeng sora kelebet bandera jeung ombak leutik nu tingsiriwik di basisir, beuki atra kadengena ku maranehna.
Kardi malik nukangan Ikah, nulak cangkeng nyanghareupan laut. Sedeng Ikah ngadon nyuuh dina biwir parahu. Pokna deui, sorana beurat dareuda, "Salila ieu aing ukur meunang pangakuan anu hina. Parawan aing dirampas ku sia. Asih indung bapa aing dipegatkeun ku sia. Salila jadi pamajikan sia, teu euih-euih aing dicacampah. Dituding teu bisa ngurus salaki, teu bisa ngigelan kahayang mitoha, teu bisa ngurus rumah tangga, teu bisa imah-imah. Rumasa aing bodo, taya kabecus, tapi ari tuluy-tuluyan dicacampah mah aing oge boga rasa, lain bangke. Salila ieu kabeh nuding aing nu boga salah. Mun ayeuna Haji Somad nitah aing ulah ngadombret, lantaran ieu pagawean teh matak ngaruksak kahormatanana, nuding pagawean aing teh salah, naha manehna oge henteu salah boga anak tukang ngagadabah anak batur? Naha sia oge henteu salah deuih."
"Jempe! Loba bacot!" Kardi nempas ku sentak.
"Aing kudu jempe nyah?" tembal Ikah, sorana angger beurat dareuda. "Sedeng sia bisa bebas sakaceplakna nyacampah aing. Hmh, lalaki. Ingetkeun ku sia, Si Ikah ayeuna mah moal rek ngadenge omongan batur! Aing geus teu sudi dijejeleh. Hirup aing seubeuh teuing dihina ku batur. Aing oge boga harga keneh, najan harga aing ukur saharga runtah di jarian."
"Memang pantes!" tembal Kardi.
Ikah males nempas. Ambekanana renghap ranjug. Ger pacental-cental deui, silih tempas papada embung eleh. Silih sentak, silih tunjuk. Barung jeung sora ombak, jeung sora kelebet bandera. Nepi ka hiji waktu kadenge aya sora nu gegeroan.
"Kah! Ikah...!" Di sisi tunggul kalapa, kiduleun Ikah jeung Kardi, remeng-remeng katingali aya nu ngabedega hideung. Katembong luak-lieuk.
"Halik Si Abang neneangan. Euweuh hartina aing ngadu bacot jeung sia!" Ceuk Ikah, bari rek ngejat indit ti dinya. Tapi teu kebat, lantaran peupeuteuyanana dikenyang ku Kardi.
"Ikah, ning ngendi sira?" ceuk nu ngabedega.
"Di dieu, Bang!" tembal Ikah.
"Karo sapa sira ning kono?"
"Jeung kuring. Tenang, dibayar!" Kardi nu nembalan teh, miheulaan Ikah nu rek pok pisan.
"Ooo, ya wis, ora apa-apa? Adoh-adoh temen sih?"
Ikah rek nembalan, tapi Kardi miheulaan deui, "Ulah melang, engke ge balik deui!"
"Gelis balik maning ya. Aja gawe melang inyong!"
Geus kitu mah, anu neangan Ikah teh balik deui. Ku Kardi katingal ngiles kahalangan ku tunggul-tunggul kalapa nu ngabelegbeg. Ikah bati jamotrot, "Rek sabaraha sia mayar aing?" pokna.
"Saharga dombret!" Tembal Kardi semu ngunghak. Aya nu nenggel kana angen Ikah, tapi tuluy pok, "Ayeuna sia nyaho, yen aing bisa keneh dihargaan. Teu cara Si Ikah pamajikan sia baheula, nu ukur dibayar panyacampah, dihina-hina." Ikah neleg ciduh, pokna deui, "Ulah nyangka aing teu nyaho modal sia Kardi. Mawa aing kabur teh horeng ukur keur kaulinan. Nu euweuh hargaan, mun geus seubeuh diulinkeun tuluy dibalangkeun. Aing karek sadar mun salila ieu aing ukur diulinkeun. Ngawin aing teh lain keur pamajikan sia mah. Tapi keur bujang piaraan, sina iceus sina nurut sakahayang sia. Tempo aing boga kahayang sorangan ku sia dicarekan."
Sakedapan jempe.
Pok Ikah nuluykeun caritana, "Sakuduna mah aing nu kudu nuding ka cucungur sia, yen aing jadi kieu teh lantaran sia, Kardi!"
"Aing teu nitah sia jadi dombret," Kardi geuwat nempas.
"Naon bedana jadi pamajikan sia jeung jadi dombret?" tembal Ikah, kecrot nyiduh. "Mending jadi dombret, najan dihina-hina ku batur tapi aing masih dihargaan keneh najan sarebu dua rebu perak. Jadi pamajikan sia? Hmh, aing ukur jadi kuda tumpakan."
"Dasar awewe burung!"
"Pek bae rek nyebut naon oge ceuk aing ge, lantaran aing nyaho, sia leuwih burung batan aing. Saburung-burungna diri aing ayeuna, aing nyaho keneh harga diri aing. Sedeng sia, tong boroning ngahargaan batur, ka diri sorangan oge geus teu bisa ngarampa. Mana Si Kardi anak Haji Somad, nu kuduna ngawarisan adat bapa? Sia mah bisa nyebutkeun rek dikamanakeun kahormatan kulawarga sia ka aing, sedeng sia sorangan teu bisa ngajaga kahormatan kulawarga. Ulah nyangka aing teu nyaho sia sok madon, sok maen, ngadu.
"Nitah we ka batur sina ngajaga kahormatan, sedeng sia sorangan teu becus. Pedah sia mah bisa susulumputan, sedeng aing nembrak? Cuh, naon bedana, Kardi? Aing mah kikieuan teh usaha, mun teu kieu aing moal bisa dahar. Ari sia?"
Kardi ngaburileng, ngan teu kebat nembalan, kaburu Ikah pok deui, "Aing hayang hirup keneh, Kardi, najan hirup tina dosa. Ulah dikait-kaitkeun usaha aing jeung kahormatan kulawarga sia. Aing geus seubeuh teuing nandangan peurih. Ayeuna antepkeun aing hirup nangtukeun jalan sorangan. Keur aing, kahormatan kulawarga sia asa euweuh bedana mun aing teu ngadombret oge, lantaran aing apal kana kalakuan sia!"
"Hah, mangsa bodo kana bacot sia, Ikah. Pokona aing teu hayang dicarekan ku Bapa. Beungeut bapa aing teu kamerongan ku sia?" Kardi teu eleh geleng, "Dihenteu-henteu oge, aing milu era. Jeung matak ngeunah kitu, lamun aing nempo sia keur diciuman ku lalaki?"
"Heuheuy deuh!" Ikah kalah seuri ngunghak. "Yeuh, Kardi, bejakeun ka Haji Somad, memeh nitah aing indit, beberes heula kalakuan anakna kituh. Nurustunjung jelema teh. Tikotok nu jauh sina dilebuan, na irung sorangan diantepkeun!"
"Ceuk aing ge, mun rek ngadombret ulah di dieu!" Kardi beuki sengit, nyarita tipepedengkreng.
"Non bedana jeung sia, ma’siat di mana-mana!" Ikah embung eleh, males bari tutunjuk.
Der silih tempas deui. Papada hayang meunang sorangan. Beuki lila beuki ragot, beuki ngagugudug napsuna. Ombak nu tingsiriwik di basisir, jeung nu tingkarupyak neumbag awak parahu di muara, sarta angin nu ngelebetkeun bandera, geus teu bisa asup kana dedengeanana. Hawa peuting di basisir, karasa rada bayeungyang. Komo keur nu pacental-cental mah.
Jeprot Ikah ditampiling satakerna. Ikah ngagoak, ngadayagdag, bru nalungkup kana biwir parahu. Jarigjeug nangtung, jeprot males nampiling beungeut Kardi, bari pok, "Wawanianan siah nampiling aing!"
Kardi beuki napsu. Jeprot-jeprot nampilingan Ikah. Dijenggut ditalapung, ku sataker tanaga. Unggal tas diteunggeul, Ikah sabisa-bisa males ngalawan.
Di kalang, di hareupeun lelang, kendang dombret tuluy bae dirincikkeun, mirig sinden nu kawas beuki tunduh. Nu ngariung angger ngagarimbung. Haliwu, saleuseurian, susuitan, sakapeung cocorowokan.
Si Abang, salila nyanghareupan kotak duit, teu weleh luak-lieuk. Geus liwat satengah jam, Ikah can lol bae, gerentesna. Karek oge rek nitah tukang kecrek sina nyusulan, Ikah ngarongheap jumarigjeung. Beungeutna geuneuk barengep. Buuk jeung papakeanana karusut.
Sarerea carolohok. Ikah teu miduli, pluk ngalungkeun duit sapuluh rebuan kana kotak.
"Ikah kenangapa sira?" Si Abang hariweusweus.
Teu didenge ku Ikah. Ledak diwedak, leak dilipen. Jung nangtung deui jumarigjeug, tuluy ngarampayak. Padahal kendang jeung tatabeuhan sejenna geus lila jempe, sanggeus ningali warugana nu ruksak.
Tapi Ikah tuluy bae ngarampayak, dilalajoanan ku Si Abang, ku batur-baturna, jeung ku nu ngagarimbung bari colohok. Nepi ka Ikah ngagubrag kapaehan. (*)
Darpan Ariawinangun
