Supir Anyar

Saenyana mah lain supir anyar, da cenah geus lila diangkat jadi supirna oge. Geus leuwih ti genep taun. Disebut anyar soteh, gawe jeung kuring, di Bagian Perekonomian Kabupaten. Ngaran lengkepna Achmad Saefuddin. Bubuhan wedalan Cisaat, tegal santri, ngaranna Islami pisan. Ku para pagawe jeung papada supir di lingkungan Sekertariat Daerah mah, katelahna teh Mang Udin Supir Anyar.

Carita Pondok

Gancang pisan sohorna di lingkungan Sekretariat Daerah mah, sabab cenah, loba pisan dongengna. Rada minculak. Kuring oge teu ngarti, aya kalakuan supir mahiwal-mahiwal teuing. Sugan eta meureun, pedah ti barang diangkat jadi supir di Dinas Pertanian, mindeng gaulna lain jeung jelema, tapi jeung berak, bibinihan, hasil tatanen, atawa parabot kayaning pacul, garpuh, atawa hand tractor, anu sok diakutan ku manehna kana anhang, sabangsa gandengan leutik nu biasa digusur ku jeep. Jadi para panumpangna, tara biasa diajak ngawangkong jeung tara protes dibawa kukumaha oge. Laluasa, kumaha kahayang Mang Udin bae. Ari ayeuna kapan jadi supir kantor, anu tugasna nganganteur jelema. Utamana kuring, minangka dunungan anyar manehna.

Saenyana, kuring mah teu ngimpi-ngimpi acan basa diangkat jadi Kabag Perekonomian teh bakal dibere inventaris mobil. Sabab jaman harita mah para kabag teh teu aya nu boga inventaris mobil. Paling oge motor, kitu oge teu kabeh. Tapi, luyu jeung aturan ti luhur harita, duka Inpres duka Keppres atawa duka Instruksi Mentri, di tingkat kabupaten teh kudu diayakeun Tim Pengendali BIMAS, dina raraga ngaronjatkeun hasil tatanen utamana pare, pikeun ngawujudkeun swasembada pangan. Kabeneran, di Kabupaten Sukabumi mah nu ditunjuk jadi Sekretarisna teh Kabag Perekonomian. Sabab tugasna kaitung loba pakuat-pakaitna jeung dinas sejen, kitu deui jeung wilayah kacamatan malah nepi ka desa, sekretariat tim teh kudu dilengkepan ku kendaraan roda opat. Padahal harita mah, opat puluh taun ka tukang, mobil dines di kantor bupati oge, jumlahna masih keneh bisa dibilang ku ramo, moal nepi ka sapuluh ese. Atuh kacida hesena neangan mobil keur sekretariat tim teh. Cenah nu rada nganggur teh jeep di Dinas Pertanian paranti ngakutan berak. Kitu oge geus kacida kolotna, jeep kaluaran taun opat puluhan. Geus aki-aki pisan. Kawasna mah urut jaman NICA, masih keneh setir kiri. Tapi lumayan, bisaeun keneh dibawa aprak-aprakan ka Pajampangan anu jalanna taringgul sarta rarenjul. Ku sabab mobil eta teh cekelan Mang Udin, atuh supirna oge milu dimutasikeun, kagugusur ku mobil. Sanajan teu meunang dibawa ka imah oge, dina prakna sapopoe, mobil teh mimindengna dipake ku kuring minangka nu tanggung jawab di sekretariat tim.

Mimitina mah biasa-biasa bae, teu aya carekeun, malahan mah getol. Bada solat Subuh teh geus cinutrung di dapur, da bisi kuring aya perlu omongna mah. Atuh mobilna geus beresih deuih, da biasana mah memeh diampihkeun teh, geus meunang ngumbah. Kakara engeuh rada minculak teh, basa rek ka Kacamatan Nyalindung. Di jalan, barang nepi ka gigireun kantor Pulisi Baros, reg bae mobil teh eureun. Mesinna dipaehan, konci mobil disakuan. Jrut Mang Udin turun. Brug bae panto mobil ditutupkeun. Na eta mah ana nyel teh, "Ari aing dianggap naon, teu ba teu bu, ngaleos teu bebeja heula. Pan kuring teh dununganana. Moal kitu kuring disaruakeun jeun berak mah?" Sanajan kacida pisan keuheulna, kecap-kecap eta teh henteu ari dikedalkeun mah.

Manehna ku kuring diantep. Hayang nyaho rek ka mana jigna. Sihoreng ngadon meuli bandros. Teuing sabarahaeun. Nu katangen mah bada dibungkus ku koran urut, terus ku manehna ditampanan, sup bae diasupkeun kana saku calanana. "Masa Alloh!" cek hate. Enya ieu mah supir teh rada minculak. Paingan loba babaturan nu ngageuhgeuykeun ari kuring turun tina jeep bareng jeung Mang Udin teh.

Mang Udin satengah lumpat balik deui kana mobil, bray mukakeun panto, crek mobil dihirupan. Geuleuyeung maju deui. Teu ngomong sakemek-kemek acan. Ku kuring oge teu waka ditanya. Diantep bae. Hayang nyaho kumaha kalakuan saterusna. Geus nepi ka jalan anu rada tiiseun, kareret manehna ngaluarkeun bungkusan tina saku calanana, terus diteundeun dina lahunanana. Kuriwel-kuriwel manehna nyokot sacewol. Am didahar. Teu tawar gatra tawar gatra acan. Ngabandungan kalakuanana kitu mah, nu tadina kuring kacida ambekna, sabab ngarasa disaruakeun jeung berak, robah jadi karunya. Boa-boa manehna mah teu ngartieun kudu kumaha paripolah indit-inditan jeung dunungan. Atawa enya pohoeun, rarasaanana keur nganteur-nganteurkeun binih pare ka kacamatan. Beh dituna, kuring boga sangka goreng, boa-boa boga kalainan jiwa, rada kurang saeundan.

"Din, kunaon tadi can sasarap heula memeh indit teh?" kuring nanya. Leuleuy pisan da bisi reuwaseun.

"Ohho...ohhoo...punten Bapa. Aeh Bapa..., euh mangga bilih bade ngaraosan!" Ngajawabna arapap-eureupeup bari neundeun bungkusan gigireun kuring. "Euh muhun, kaleresan pun bojo nuju wangsul heula ka Palabuan, sanggemna mah biangna udur!"

"Isukan deui mah atuh, sasarap mah menta bae ka Bibi di dapur! Ke ku Bapa urang bejakeun ka Ibu!" Kitu omong teh bari nengetan beungeutna nu teu riuk-riuk. Teu ngarasa dosa pedah teu nawaran, teu ngarasa era pedah cacamuilan sorangan. Kuring beuki yakin kawas-kawas aya kasang tukang anu musykil sabehditueun kalakuanana kitu teh. Manehna ngajawab, "Hatur nuhun atuh Bapa. eta da kamari mah abdi teh teu wararantun!"

Bada kajadian eta, isuk pagetona mah biasa deui bae, teu aya kajadian-kajadian nu matak helok. Kuring oge geus teu yakin kana sangkaan yen Mang Udin teh boga kalainan jiwa.

Kurang leuwih dua bulan ti harita, rebun-rebun keneh, kuring geus saged, malah sakalian bebekelan salin keur tilu poeeun, da rek terus-terusan ka tilu kacamatan di pakidulan. Ngarah aya nu mantuan, kuring ngajak dibaturan ku Rudi, salasaurang pagawe anu anyar lulus ti Fakultas Pertanian Unpad, anu ditempatkeun di bagian kuring. Asa kabeneran, atuh pagawean Sekretariat Tim Pengendali Bimas teh ku kuring dipercayakeun ka manehna, dianggap minangka kokolotna.

Meh tabuh sapuluh, kuring kakara nepi ka Jampangkulon. Rapat geus dimimitian ti jam salapan keneh. Sanajan ditambahan ku pedaran program BIMAS ti kuring, rapat geus rengse jam dua. Kakara oge cengkat, aya nu nyusulan, "Bapa diantos dina telepon ku Pa Kepala Dinas Pertanian. Ayeuna!" Kuring buru-buru ka kantor kawadanaan rek nampa telepon. Sanajan wadana geus robah jadi pembantu Bupati oge, ari di kampung mah angger wae disarebutna teh wadana keneh, atuh kantorna tetep kantor kawadanaan.

Tetela jadwal kudu robah. Kahiji, kuring kudu milu ka Bandung, nyarengan BaPa Bupati ngaluuhan Rapat Bimas di Gedong Sate, Bandung. Rapatna baris diayakeun pageto, dua poe deui. Jadi waktu penyuluhan di Kacamatan Surade anu asalna rek diayakeun poe Kemis pageto, kudu dieserkeun waktuna kana poe isukna. Rencanana, acara poe isuk teh, isuk-isukna ngumpulkeun para lurah, tokoh patani, ulama, para PPL, jeung tokoh sejenna di Kacamatan Jampangkulon, luyu jeung jadwal asal. Beurangna, bada Asar, ngayakaeun acara nu sarua di Kacamatan Surade, anu asalna rek diayakeun pagetona tea. Kitu soteh lamun Pa Camatna sanggupeun ngarobah waktu ngadadak. Kadua, Rudi harita keneh kudu buru-buru balik ka Sukabumi, sabab kudu nyiapkeun bahan-bahan nu diperyogikeun ku Pa Bupati. Alhamdullilah, dua-duana bisa dilaksanakeun. Rudi ka Sukabumi kana beus lasteu. Pa Camat Surade, siap majukeun jadwal tina Kemis isuk-isuk kana Rebo bada Asar.

Sanajan rarancangna balik ka Sukabumi teh bada Magrib, tapi biasa, sabab loba pisan badamikeuneun, tabuh salapan peuting teh kakara bisa miang. Lamun kaayaan jalan geus leucir kawas ayeuna, ti Surade ka Sukabumi anu jauhna 120 km teh, ngan ukur butuh waktu dua satengah atawa tilu jam. Harita mah, sabab jalanna masih keneh loba omeaneun, kamari oge indit bada solat Subuh ti Sukabumi teh, pukul sapuluh kakara nepi ka Jampangkulon. Mangkaning ti Jampangkulon ka Surade teh masih keneh 20 km deui.

Tapi da sanajan pukul sabaraha wae oge, tetep peuting eta mah kuring kudu nepi ka Sukabumi, da kapan isukna kudu milu rapat ka Bandung tea, diantosan ku Pa Bupati. Padahal kudu ngaliwatan leuweung Pasirpiring anu masih keneh geledegan. Enya harita teh geus teu aya gorombolan nu sok megat, tapi loba nu kawenehan lebah dinya pasarandog jeung meong, anu cenah, lamun kabeneran panonna kasorot ku lampu mobil teh, moncorong alah batan lampu belor. Tapi, sakumaha sieunna oge kuring maksakeun. Omat-omatan ka Mang Udin sing ati-ati di jalan. Angkeuhan mah, pukul dua peuting oge tangtu geus bisa tepi ka Sukabumi. Rek sare heula sakeudeung. Isukna, jam genep rek lapor ka Pa Bupati yen kuring geus siap milu rapat ka Bandung.

Abong mobil butut, aya bae barebedan teh. Barang nepi ka Jampangkulon, karasa kikiping tukang gugurudugan. Mang Udin turun heula, kuring nuturkeun. Sihoreng ban beulah kenca kempes. Kuring ngusap dada, "Untung ditangtayungan keneh, kempes teh di tempat nu rame. Kumaha lamun lebah leuweung hara-haraeun?" omong teh ka Mang Udin bari terus nitah neangan tukang tambal ban. "Tuh di pasar sugan aya keneh tukang tambal nu muka. Biasana mah sok loba treuk nu ngadon reureuh! Mun nutup mah gedor bae, menta tulung kituh!"

Teu kungsi satengah jam, Mang Udin geus datang deui, dituturkeun tukang nambal. Ugal-ugil duaan muka ban, terus dibawa, digorolongkeun, rek ditambal di bengkelna. Alhamdulillah ban beres. Mobil bisa maju deui. Orokaya waktu nyerelek, geus leuwih ti tengah peuting. Sanajan Mang Udin katangen geus leuseuh, ku kuring dipaksa kudu buru-buru indit deui.

Teu karasa, Pasirpiring nu pikakeueungeun teh geus kaliwat. Hate rada ngemplong, teu pati loba kahariwang.

Perbawa cape jeug tunduh, sanajan jalan jlag-jlig-jlug oge kuring nundutan. Kasarean. Tapi kacida pisan reuwasna, barang lilir, di luar loba nu naranggung dagangan siga nu rek malasar. Ret ka beulah kenca, kuring ngajenghok, nempo Mang Udin keur ngaguher sare, siga nu teu inget di bumi alam, ngadon kerek. Eta siga nu bebenah heula deuih, sarena teh make diharudum sarung jeung bajuna ge geus ganti. Siga ngahaja rek ngadon reureuh nepi ka isuk. Ret kana erloji, sihoreng geus leuwih ti janari, meh nepi ka wanci Subuh. Paingan sare teh kalalanjoan da mobilna ge eureun. Asa tumaninah, salse.

Ana nyel teh ambek, "Udin, hudang! Di mana ieu teh, geus Subuh kieu masih keneh di jalan?" Ngomong kitu teh bari ngageubig-geubig awakna. Mang Udin ngulisik bari gigisik. Nyah beunta. Ku kuring diteunggeul taktakna. "Hudang buru-buru. Di mana ieu teh?"

Manehna ngorejat, gigisik. Bari rada nyureng Udin nembalan, "Sumuhun di nu kamari keneh tea we Bapa!" Ngomongna tenang, siga nu teu tuah teu dosa.

"Di nu kamari di mana?" kuring nyentak.

"Sumuhun di kantor Kacamatan Lengkong!" tembalna. Rada reuwaseun ayeuna mah, pedah ku kuring disentak.

"Baruk di Lengkong keneh! Ku naon ari maneh ngadon hees atuh gawe teh? Kapan nyaho Bapa kudu milu ka Bandung nyarengan Pa Bupati poe ieu teh. Jam genep, diantosan ku anjeunna di pendopo!" Sora beuki narikan, perbawa ambek, awak mungguh ngageter.

"Har, manawi teh moal teterasan. Abdi mah da teu kawartosan Bapak dinten ieu bade lajeng ka Bandung! Janten, ningali Bapa kulem teh abdi oge ngiring bae mondok da ieu panon tos teu kiat," cenah. Jawabanana karasa asa kacida pisan belegugna.

Leng kuring nginget-nginget lalampahan kamari. Ti bada nampa telepon kudu milu rapat ka Bandung nepi ka ngarobah jadwal sarta marentahkeun Rudi kudu balik ti heula. Enya, omongan Mang Udin teh teu salah. Kamari kuring ngajak badami teh ngan ka Rudi wungkul. Supir mah teu dibejaan. Tapi, naha perlu kitu ngabejaan supir. Asana teh teu dibejaan ge pan teu nanaon da tugasna mah nyupiran. Kumaha dititah dunungan bae kuduna mah. Rumasa jadi dunungan, kuring teu narima salah sanajan bener oge teu ngabejaan manehna. Gantawang bae, "Ari maneh Udin, geus sabaraha taun jadi pagawe teh? Supir mah teu kudu mimilu rapat dina korsi jeung dunungan. Kumaha diparentahna bae. Mun parentahna kudu ka Sukabumi, kudu nepi! Lain ngadon molor. Eta maneh teh pedah nenjo dunungan sare, hayoh milu hees!"

Manehna ngeluk, teu wanieun tanggah. Kakara nyahoeun adat kuring lamun keur ngambek.

"Hayoh geura mandi, milu di kantor kacamatan. Lamun perlu, urang teruskeun sakalian ka Bandung ayeuna, mugi-mugi bae Pa Bupati henteu ngabenduan! Lamun dugi ka anjeunna wera gara-gara ieu, ku Bapa maneh langsung diusulkeun supaya dilepas. Ngarti!"

Mang Udin buru-buru muka panto, top nyokot salin dina jok tukang, giridig ka Kantor Kacamatan. Sabot kitu, piket kacamatan nyampeurkeun, ngahormat.

"Wilujeng enjing Pa! Wengi ku abdi diparios, namung Bapa sareng pa supir katawisna nuju pules pisan. Tadina mah bade dihaturanan kulem di bumi Pa Camat ku abdi teh. Kunaon manawi Bapa teh? Mobilna mogok?"

"Nya eta atuh, teuing ku naon mobil teh ngadon mogok. Hayangeun ngendong di dieu meureun!" tembal teh, teu dibejakeun kajadian nu sabenerna mah.

"Anteur ka bumi Pa Camat bae ayeuna mah!" ceuk kuring bari ngajingjing salin jeung kaperluan keur milu mandi. "Ieu pangmawakeun ti heula, Bapa mah rek milu nelepon heula ti kantor!" Maksud teh rek nelepon ajudan di pendopo.

Nelepon jaman harita tea, can rayap HP kawas ayeuna. Lamun ti kacamatan rek nelepon ka kabupaten teh biasana mah tara kurang ti sapuluh menit ngadagoanana oge, kudu tatalepa disambung-sambungkeun ngaliwatan sababaraha kantor telepon. Tapi kabeneran harita mah teu kungsi sapuluh menit oge telepon teh geus nyambung. Kabeneran deuih, nu nampa teh ajudan, da cenah rek nelepon Kapala Dinas Pertanian, nanyakeun bahan-bahan bawaeun rapat. Dina telepon dijelaskeun yen kamungkinan kuring mah moal bisa milu rapat ka Bandung. Menta diunjukkeun ka Pa Bupati. Rudi kamari diomat-omatan kudu geus aya di pendopo satengah genep, nyanggakaeun bahan-bahan candakeun rapat ka Bandung. Kuring oge nyarankeun ka ajudan, upami Pa Bupati peryogi mah, Pa Kepala Dinas Pertanian bae sakantenan sina ngiring, persiapan bilih urang propinsi seueur tumaros.

Bada nelepon, buru-buru kuring ka bumi Pa Camat. Bubuhan ka tamu ti kabupaten, bada mandi teh geus sayagi sangu goreng, lalawuhna, jeung cikopi ngebul keneh. Rada leler oge kaambek ka Si Udin teh.

Jam dalapan kakara nepi ka Sukabumi, teu langsung ka imah, tapi nyimpang heula ka pendopo.

Kuring meunang beja ti piket, Pa Bupati angkatna jam satengah tujuh disarengan ku Rudi sareng Kepala Dinas Pertanian. Plong bae hate teh. Poe eta kuring teu ngantor. Mang Udin dititah balik.

Isukna, asa rareuwas, isuk keneh Pa Bupati geus nyaur. Teg bae, tangtu aya patalina jeung kasalahan kamari. Buru-buru kuring madep. Di payuneun Pa Bupati geus aya Kepala Dinas Pertanian jeung Kabag Perlengkapan. Bari munjungan, kuring sasadu perkara mobil mogok kamarina. Pa Bupati ngawaler semu nu enteng pisan, "Ayeuna mogok keneh henteu?" saurna mesem.

"Alhamdulillah parantos tiasa deui dianggo ayeuna mah. Eta ku ngisinkeun, teu tiasa dianggo masamoan geuning gorobag butut mah!" jawab teh balaham-belehem.

"Calik, Ayi!" saur Pa Bupati ka kuring. "Urang kupingkeun putusan rapat di Bandung kamari teh? Pan para bupati mah kamari oge ngan milu pengarahan Bapa Gupernur wungkul, rapatna mah diteraskeun ku Pa Kepala Dinas Pertanian, da Ayi teu aya tea, padahal ti kabupaten sanes mah nu haladir teh para Sekretaris Tim wungkul." Kuring tungkul, rumasa boga dosa. Pa Bupati neraskeun, "Eta tea, perkawis bantuan kendaraan ti Departemen Pertanian saur Pa Gupernur kamari. Urang kabagean henteu?" kitu saur Pa Bupati bari ngasongkeun bundel bahan-bahan hasil rapat kamari ka kuring.

"Kantenan bae urang oge kenging!" waler Pa Kepala Dinas Pertanian. "Malihan mah kumargi kalebet kabupaten anu wewengkonna lega, malih panglegana, alhamdulillah jatahna teh dua. Nu hiji mah kamari ge tos kabantun, namung nu hiji deui mah saurna insya Alloh sasih payun, margi mobilna di pabean keneh, di Tanjung Priuk, teu acan kelar seseratanana."

"Naon tea mobilna?" saur Pa Bupati panasaran. "Alus henteu?" "Kantenan bae sae, Toyota Hardtop model enggal. Bupati nu sanes mah parantos seueur nu nganggo!" "Kieu bae atuh ari kitu mah. Bantuan nu ayeuna urang pake ku Bapa, engke mun aya nu kadua, mangga anggo ku Pa Kepala Dinas Pertanian! Land Rover nu urut Bapa sina dianggo ku Pa Sekda, tilas Pa Sekda keur Sekretarat Tim BIMAS, ngarah teu mogokan saperti kamari. Keur diperlukeun, malah teu bisa dipake. Mobil nu ti mana tea eta teh Pa Kabag?" Pa Bupati naros ka Kabag Perlengkapan.

"Manawi, kumargi teu aya mobil nu longsong, nya sementawis mah abdi teh nambut heula ti Dinas Pertanian. Eta Jeep nu biasa dianggo ngakutan pupuk sareng bibinihan tea!"

"Enya pulangkeun deui we eta mah ka pertanian. Hawatos Pa Kadis, bilih peryogieun!"

Kaluar ti rohangan Pa Bupati, hate asa bungangang. Kahiji panyangka teh rek ditegor pedah kamari teu milu rapat ka Bandung. Kaduana, meunang bagja. Mobil tilas anggoan Pa Sekda tea, sanajan geus rada kolot oge, kaasup mobil nu pangjagjagna. Untung kamari teu dilaporkeun sabalakana. Eta oge maksud kuring mah nyimbutan, bisi Mang Udin dipecat tina pagaweanana. Bisi disebut supir henteu boga tanggung jawab. Karunya temenan. Da enya kapan sabenerna mah kuring teu nyarita yen peuting eta teh kudu nepi ka Sukabumi. Mang Udin tea supir nu rada mahiwal. Malah cek kuring mah lain mahiwal wungkul, tapi jeung rada telmi, telat mikir. Lamun teu dibejaan mah, teu bisa mikir sorangan. Teu pati iceus. Ngan, ari jadi tukang ngakutan berak mah, kawasna moal aya anu nyawad.

Dugi ka seep masa jabatanana di Kabupaten Sukabumi, kuring teu kungsi ngalaporkeun kajadian eta nu sabenerna ka Pa Bupati. Duka upami anjeunna terangeun ti nu sanes mah.

"Hampura, Mang Udin...!" (*)


Majalah SundaMidang, No. 80
Supir Anyar Supir Anyar Reviewed by Rupa Sundapura on 11.19 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.