Nu Niat Hijrah

Fiksi Mini Basa Sunda

Geus diniatan, manehna rek hijrah. Rek pindah pileumpangan. Ngagedig, muru masjid kota.

Sumanget hijrah dina hatena, beuki ngagancangkeun leumpangna. Anjog. Suwung. Pagerna dikonci. Panto masjidna ditutup.

"Ieu teh masjid?" tanyana ka tukang dagang nu kabeneran ngaliwat.

Tukang dagang lain gancang ngajawab, kalah neuteup. Rut-ret panonna ka sakujur awak nu nanya. Anting, kalung, tato.

"Sanes, ieu mah musium jalmi-jalmi soleh," ceuk tukang dagang bari buru-buru indit. (*)


Rudi Riadi
Nu Niat Hijrah Nu Niat Hijrah Reviewed by Rupa Sundapura on 11.26 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.