Siki Bobogaan Jang Sardun

Poe Minggu Subuh Jang Sardun balik ti masigit. Manehna tunduheun keneh, terus goloyoh we ka kamar, ngagoler, bari ngaringkukan budak orokna anu karek nincak tilu poe. Lantara tiris, Jang Sardun disimbut make samping pamajikanana. Rup we dikurubungkeun nepi kana sirahna.

Barakatak

Nempo salakina sare, Nyi Cicih, pamajikan Jang Sardun, ngaleos ka cai.

Teu lila datang indung Nyi Cicih bari mawa lebu panas nu dibungkus ku daun cau. Keur ubar pianakan Nyi Cicih cenah. Barang sup ka kamer, indung Nyi Cicih ngarasa kaget dumeh nempo nu nyenghel herang tina sela-sela pingping nu ngaringkuk disimbut samping tea. Teu talangke deui ngan gorowok we nyalukan anakna.

"Leuuuh...Nyaiiiiiii...! Matak kudu nurut ka kolot geura. Eta pianakan kaluar mani herang kitu!"

Teu asa-asa deui, ngan pel we bungkus lebu panas teh ditapelkeun kanu nyenghel dina sela sela pingping Jang Sardun. Pipikiran mitohana, eta nu ngaringkuk teh Nyi Cicih.

"Alaaah ieuuuung panaaas...!" Jang Sardun ngagoak, terus hudang bari nyekelan sikina nu ngadadak karasa panas.

Orok ngagoak. Mitohana molohok.

Nyi Cicih nu karek balik ti cai, seurina mani seeleun sanggeus nyaho kajadian nu karandapan ku salakina. (*)

Siki Bobogaan Jang Sardun Siki Bobogaan Jang Sardun Reviewed by Rupa Sundapura on 20.44 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.