Sakadang Peucang Maling Bonteng

Sakadang Peucang tas diudag-udag maung. Ambekanana renghap ranjug bakat ku cape jeung baluas. Awakna barared kaluar getih balas tikakarait kana cucuk areuy. Sakadang Peucang ngarasa hanaang, manehna terus leumpang bari culak-cileuk sieun Sakadang Maung nuturkeun. Kabeneran di hareup aya kebon bonteng jeung keur tiiseun, teu kakuping sora patani nu keur gawe. Teu terus asup, ngintip heula we ti luareun pager. Katingali aya nu nangtung make dudukuy cetok. Baju jeung calana jabrig katebak angin siga nu ngagupayan.

Dongeng Buhun

"Emh, aya patani geuning. Naha ngagupayan jeung cicing bae da biasana mah sok ngaberik," geretes Sakadang Peucang. Lalaunan ku Sakadang Peucang disampeurkeun bari teu welêh taki-taki, ngan nu nangtung angger cicing bari gugupay.

"Hey, naha maneh cicing bae? Sok udag tewak kuring!" Sakadang Peucang nangtang. Nu nangtung angger cicing, ukur gugupay. Ku Sakadang Peucang disampeurkeun beuki deukeut bari pokna, "Sugan hayang ditajong ieu mah," bari habek najong suku nu nangtung. Na atuh ari jebrod ari pel suku Sakadang Peucang napel teu bisa leupas deui. Tuluy ditajong deui ku suku nu sabeulahna, pel deui napel. Manehna teterejelan hayang leupas, ngan orokaya kalahka beuki pageuh. Singhoreng nu nangtung teh bebegig anu dipasangan leugeut keur mitapakan peucang.

Teu lila torojol patani. Kacida atohna ningali pitapakna aya eusian tuluy Sakadang Peucang ditewak, diborogod dibawa balik. Nepi ka imah dikurungan make carangka hayam bari bebeja ka anakna.

"Nyi, kade ieu peucang nu sok malingan bonteng, ke sore balik Bapa ti pasar meuli sambara, urang peuncit!" bari ngaleos indit ka pasar.

Teu lila aya Sakadang Monyet ngaliwat. Ningali peucang dikurungan, ku monyet disampeurkeun bari nanya, "Naha maneh aya di dieu jeung dikurungan kitu?"

"Apan kuring mah rek dikawinkeun ka anak Pa Tani. Ayeuna ge keur ka pasar meuli sambara pikeun masak engke hajat," jawab Sakadang Peucang bari nembongkeun pasemon atoh. Atuh Sakadang Monyet kabitaeun tuluy pok nyarita bari semu ngolo, "Gantian euy, urang nu dikawinkeun da maneh mah leutik keneh, ke ku urang dibere suling karamat tina tulang maung."

"Ah embung, ngeunah bae maneh mah," jawab Sakadang Peucang api-api.

"Naha maneh mah kawas lain ka sobat wae," ceuk Sakadang Monyet rada maksa.

"Nya sok atuh ari hayang-hayang teuing mah. Sok gantian kuring kaluarkeun, maneh nu cicing dijero kurung!"

Monyet jeung peucang gantian. Sakadang Monyet cicing dijero kurung, Sakadang Peucang mah gura-giru lumpat ka leuweung.

Teu kungsi lila torojol Pa Tani balik ti pasar, ngajingjing bungkusan balanjaan tuluy ngagentraan anakna, "Nyi, kadieukeun peso nu seukeut teh, geus meujeuhna urang peuncit peucang teh. Tuh sambarana mah geus aya!" Atuh gebeg Sakadang Monyet reuwaseun. "Geuning rek dipeuncit lain rek dikawinkeun. Ngalejokeun geuning." Tuluy manehna ngagoler bari papaehan.

Barang Pa Tani nyampeurkeun rek neang peucang, kacida kagetna ningali dijero kurung peucangna robah jadi monyet jeung geus paeh deuih. Atuh teu tata pasini monyet teh dialungkeun ka jarian. Korejat monyet hudang, terekel naek kana tangkal bari runyah-renyoh nyegrokan Pa Tani. (*)


Kagegelan ti Grup Pesbuk
Sakadang Peucang Maling Bonteng Sakadang Peucang Maling Bonteng Reviewed by Rupa Sundapura on 18.12 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.