Wangkongan Paman Roesdi

Roesdi djeung Misnem

Isoek-isoek bari ngaropi, Pa Roesdi djeung pamanna tea ngawarangkong bae di dapoer, bari ngadagoan boeboej sampeu djeung sangraj soeoek.

"Sampeu djeung soeoek teh di pilemboeran mah ngan dipake deungeun ngopi bae nja, Kang?" tjeuk paman Roesdi. "Ari di dajeuh mah rea-rea deui pigaweeunana."

"Boelan toekang koering tas njaba ti Bandoeng, ti sobat koering, tangkoelak sampeu djeung soeoek. Di Bandoeng mah aja hargana ieu anoe diboeboej djeung disangraj teh, malah sok radjeun mahal. Babakoena sampeu digiling diarah atjina, ari soeoek dikampa diarah minjakna. Harita koering djangdji ka sobat koering, sarta sanggoep mangnjiarkeun sampeu djeung soeoek, lamoen kira–kira gÄ•de oentoengna mah. Barang koe koering ditimbang-timbang harga meuli djeung ngadjoeal teh, bÄ•t nikÄ•l hasilna. Koe sabab eta ajeuna koering sakalian bae rek balangsiar."

"Ih, Akang oge boga sampeu-sampeu bae mah," tembal Pa Roesdi. "Di Pasirlangoe sampeuna aja opat baoe, di Pasirmoentjang soeoek aja tiloe baoe. Kira-kira mahal hargana mah, noe Akang ge rek didjoeal, geura hajoe oerang ilikan ka kěbon."

Bral Pa Roesdi djeung adina, malah si Roesdi djeung Misnĕm oge mariloe. Sadjadjalan teu eureun-eureun njarita hal sampeu djeung soeoek.

"Bapa, Bapa! Sampeu koering mah moal didjoeal lamoen teu pajoe satangkal sapeser mah," tjeuk baroedak teh. "Djeung oelah didjoeal kabeh atoeh, bisi euweuh boeboejeun keur oerang." (*)

Wangkongan Paman Roesdi Wangkongan Paman Roesdi Reviewed by Rupa Sundapura on 17.50 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.