Katindih Ku Kari-kari (Bagean 1)

Jam dalapan, rapat dinas bulanan di kabupaten geus dimimitian. Isuk keneh da cenah poe eta teh loba deui acara sejen. Rapat dipingpin ku Pa Sekda, saurna bapa bupati kaleresan nuju aya kaperyogian ka Bandung, disaur ku Pa Gupernur. Kuring milih korsi di jajaran panghareupna, beulah katuhu. Minangkana mah korsi paporit. Sarua jeung babaturan nu sejen, pada baroga tempat nu matuh sewang-sewangan.

Carita Tilu Bagian

Kakara oge acara dibuka, Didin, staf bagian Humas, maju ka payuneun pingpinan rapat, ngahormat heula, terus nunjuk ka kuring, kawasna mah lapor, yen manehna aya perlu nu kudu buru-buru ditepikeun ka kuring.

Pa Sekda ngetrokkeun palu sababaraha kali, terus sasauran, "Mohon perhatian! Direktur PDAM dipersilahkan meninggalkan rapat, untuk segera meninjau longsor!"

Kuring cengkat, maju ka hareup. Lapor, terus nampanan surat nu tadi dibawa ku Didin. Barang dibaca, sihoreng surat ti Kepala PDAM cabang Cicurug. Eusina ngalaporkeun yen pipah transmisi di Desa Tenjoayu, Cicurug, sisi jalan gede ka Bogor, kabawa urug. Cenah eta pipah teh ka hilirna keur nyaian leuwih ti dua ratus imah.

Kuring permios. Balik kanan, ninggalkeun rohangan rapat.

Bisi loba nu kudu dipigawe, memeh ka lokasi urug, nyimpang heula ka kantor, rek nyampeur Kapala Bagian Tehnik jeung barudak nu biasa migawe karuksakan atawa kaayaan walurat. Barang datang ka kantor oge, barudak geus megat di lawang buruan, ngalaporkeun Kapala Bagian Tehnik geus ti heula sakalian mawa parabot nu kira-kira bakal diperlukeun. Kuring teu asup heula ka kantor, teu turun-turun acan. Dius bae ka lokasi.

Teu kungsi satengah jam, kuring geus nepi ka Desa Tenjoayu. Teu jauh ti bale desa, badan jalan propinsi urug. Teu lega, ngan manjang. Lulurung sabeulah beak kabawa. Badan jalanna mah masih keneh salamet, ngan rada rarengat wungkul, masih keneh bisa diliwatan mobil. Tapi, ngajaga bisi urugna ngalegaan, jalan ngan digunakeun sabeulah. Atuh patali marga kapaksa kudu diatur bagilir, da nu meunang diliwatan ngan ukur samobileun. Ngarah ngaturna babari, ku patugas PU jalan dipager sabeulah. Teu tohaga, cukup ku pager walurat bae tina awi. Bisi aya nu tikusruk ongkoh. Plang nu ngabejaan kudu ati-ati yen di dinya aya longsor, geus dipasangkeun, ditanggeuhkeun kana dreum kosong nu dibanderaan ku keretas endog pulas beureum. Ti ditu ti dieu, pulisi lalu lintas cuh-cih ngatur sangkan nu lalar liwat henteu silisorobot.

Moal kurang ti lima belas leunjeur pipah transmisi kabawa urug, pasolengkrah di lebakeun jalan. Geus mimiti dikorehan ku barudak. Hese pisan da tempatna rumpil. Alat berat teu bisa digunakeun. Barudak, dibantuan ku Hansip ti desa, ngumpulkeun pipah ngan ukur ngandelkeun linggis, garpuh, pacul, singkup, jeung tambang. Diarakalan sabisa-bisa.

Ece, Kapala PDAM cabang Cicurug, ninggalkeun barudak nu keur digarawe, nyampeurkeun. Ngajak sasalaman, rengkuh pisan. Teu ngadagoan manehna laporan, kuring langsung nanya, "Iraha ieu teh kajadianana, asa euweuh beja hujan angin rongkah kapan kamari mah, Ce! Boa-boa Ece boga dosa gede, meureun?" omong teh bari rada ngaheureuyan.

"Wengi tadi! Wartos ti mandor kampung mah, saurna teh tengah wengi, da ngaguruhna oge cenah mah kakuping dugi ka rorompokna. Leres Pa, teu aya hujan ageung wengi tadi teh, nanging saleresna mah da ti kawit lebah dieu dugi ka tungtung lembur itu, ti tilu dinten kapengker oge tos katawis rada ngareunteut."

"Naha atuh teu laporan ari geus nyaho mah?" cek kuring rada nyureng.

"Manawi raraosan teh da tos ngawartosan Pa Mantri Jalan, malih ku abdi teh digambar lebah-lebah nu ngareunteutna oge, maksadna mah supados enggal-enggal dilereskeun. Emutan teh eta mah tanggel-walerna, sanes kawajiban urang!" Manehna embung kateumbleuhan.

"Har na ari Ece, pan urang oge nyaho aya pangaruh tina eundeurna cai nu aya jeroeun pipah kana struktur wangunan jalan. Komo ieu mah lain kana badan jalan tapi kana bahu jalan anu bahanna taneuh biasa, teu dipadetkeun jeung teu ditembok. Kumaha lamun PU nungtut ka urang?"

"Ku emutan, rupina moal dugi ka longsor tina geteran cai mah, margi pipahna teu patos ageung, mung dalapan inci. Sareng, waktos masangna dibabantalan ku keusik dugi ka tilu puluh centi. Janten upami aya geteran oge bakal kaampeuh ku keusik, moal dugi ka nyandak eunyeuh, manawi! Rupina, nu ngajantenkeun bahaya mah, eta jalaran unggal wengi ngageder bae treuk nu ngakutan keusik ngaleut ka Jakarta. Mangkaning muatanana tara aya nu kirang ti dua puluh ton. Ku margi teras-terasan kaeundeurkeun, katambih hujan ngeyer bae, tangtos jalan teh teu kiateun! Kitu manawi," jawabna norolang.

"Enya, mugi-mugi bae PU oge sapamadegan, sarua kitu pamanggihna. Teu kudu ngagugat urang!" cek kuring ngabebenjokeun maneh, susuganan teu aya pihak nu boga niat hayang manjangkeun perkara.

Baseuh keneh biwir teh, barang ngareret ka tukang sihoreng geus aya Pa Kapala Cabang PU propinsi.

"Wilujeng enjing Pa Direktur! Tos lami?" manehna nanya ti heula.

"Nembe. Nyeta aya nu ngawartosan waktos bade ngawitan pisan rapat dines tadi di kabupaten," tembal teh bari sasalaman.

"Abdi mah subuh keneh teh parantos ngerahkeun barudak, margi saur Pa Bupati kedah rengse saenggalna, bilih kabujeng Pa Mentri ngalangkung, kapan dinten Senen payun bade ngaluuhan saresehan para pangusaha hotel nu diayakeun di Cimalati tea."

Kuring rada reuwas, sabab jalan jeung pipah tangtu kudu geus beres samemeh Pa Mentri ngalangkung. Mangkaning saminggu deui.

"Kumaha atuh Ayi, mangkaning itu pipah oge moal kirang ti lima welas leunjeur lereskeuneun!" omong teh bari rada sieun kateumbleuhan.

"Tah kaleresan pisan Kang, da tadina oge upami teu tepang di dieu mah abdi teh bade nepangan Akang ka Karang!" Maksudna mah nepungan ka Karang teh ka kantor kuring di Karangtengah.

"Kaleresan kumaha, Ayi?" Geus teg bae, pantesna mah rek ngagugat.

"Sumuhun eta pipah kagungan, upami bade dipasangkeun deui dina tilasna, panginten kedah dikiatan ku kirmir dugi ka handap, dugi kana dasar longsor. Sajabi ti bakal awis sareng teu aya waragadna teh, nu janten hariwang mah, tangtos waktosna moal tiasa enggal. Upami teu aya pipah mah ku abdi mung bade dipiwarang disengked bae dirapihkeun. Kanggo sementawis, sateuacan taneuhna padet, bade ditunjel ku awi, moal sabaraha awis. Sareng gampil deuih, moal kantos saminggu ge beres," kitu cenah.

Kuring meureudeuy, sanajan teu meredih ngagantian karugian oge, geus pasti ari ngabeayaan kirmir mah kudu ku PDAM, sabab pan tadi oge, cenah, kapan teu aya waragadna.

"Kumaha atuh Ayi saena?" ngajawab teh bari ngarep-ngarep sugan bae manehna mere bongbolongan anu ngentengkeun.

"Pangemut abdi mah, upami tiasa, kumaha upami pipah nu kacandak longsor teh dialihkeun bae ka jalan satapak eta!" ngomongna bari nuduhkeun jalan leutik tukangeun kuring. "Ti palih dinya, pipah tiasa ngawitan dipengkolkeun, dilungsurkeun ka kebon!" cenah bari nunjuk talun di lebakeun jalan. "Palih ditu, caket pengkolan di tungtung longsor, pipah tiasa disambungkeun deui ka jalan ageung!"

Rada ngemplong pikiran teh. Kahiji, teu ngutik-ngutik sababna longsor. Ari kaduana, sakedet oge kapikir, yen beaya nembok kirmir mah bakal leuwih mahal tibatan mindahkeun pipah ka sisi jalan satapak. Paling oge kudu nambahan pipah sapuluh atawa limalas leunjeur.

"Nuhun Ayi, kahartos pisan. Ayeuna keneh ku Kkang bade dipidamel," cek kuring, terus nyalukan Ece nu geus mantuan barudak deui, ngumpulkeun pipah di lebak.

"Ce! Saur Pa Kapala Cabang PU, ngarah gancang jeung rada murah mah pipah teh tong diterapkeun deui dina urutna, urang pindahkeun bae ka jalan satapak eta nu dilandeuh. Engke pengkolkeun deui ka jalan lebah pengkolan beulah wetan. Ceuk Bapa mah paling oge ngan kudu nambahan pipah dua welas batang. Migawena ge enteng, moal kungsi saminggueun. Lain aya keneh cadangan pipah di gudang cabang?"

"Sae Pa! Upami teu lepat mah, aya keneh ari dua puluh batang deui mah di gudang oge, moal kantos ngagaleuh. Namung eta panginten, upami bade disambungkeun di pengkolan, pipah teh kedah ngalangkungan kebon. Tangtos kedah aya gentos rugelna!"

"Enya! Ku Bapa oge geus kapikir. Sok bae ukur! Moal leuwih ti saratus meter pasagi ku irongan mah. Lamun saratus rebu oge sameter, moal leuwih ti sapuluh juataeun!" Dina pikiran teh harga tanah harita lebah dinya mah saratus rebu sameter oge geus kaasup mahal, saluhureun NJOP, jeung ongkohna ge, tanahna moal terus diaku ku PDAM. Moal terus dipager. (*)

  Nyambung ka Bagean 2

Majalah SundaMidang No. 68-69
Katindih Ku Kari-kari (Bagean 1) Katindih Ku Kari-kari (Bagean 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 22.41 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.