Si Kabayan Mangkat Ka Bank

Dongeng Si Kabayan

Dina hiji poe Si Kabayan mangkat ka bank. Maksudna rek nabung. Barang nepi ka deukeut panto, aya kana dua tilu lengkah deui mah, panto teh ujug-ujug muka sorangan, padahal mah euweuh deui jelema didinya, jeung deui ti jero oge euweuh nu kaluar.

Barang bray panto bank muka sorangan, Si kabayan tuluy ngajol ka tukang bari masang kuda-kuda, siga nu rek ngajak gelut. Barang Si kabayan ngajol ka tukang, panto bank eta nutup deui.

"Ah siah, aneh ieu mah panto teh ujug-ujug muka jeung nutup sorangan, pasti aya nu nyicingan ieu mah," ceuk Si Kabayan bari biwirna kunyam-kunyem babacaan sabisa-bisa.

Geus rada jauh ngan beretek we manehna lumpat. Nabung di bank-na mah teu jadi. Disangkana di jero bank eta teh aya nu nyicingan, sabangsa jurig atawa dedemit. (*)

Si Kabayan Mangkat Ka Bank Si Kabayan Mangkat Ka Bank Reviewed by Rupa Sundapura on 21.41 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.