Jurig Imitasi

Sagala kapeurih asa can punah. Kasedih, nalangsa, tunggara masih gumulung jeroeun dada, teuing rek iraha musnana. Awak kuring nu kamari ieu lingsig, saeutik-saeutik karasa ngorotan. Sagala rupa taya nu mirasa. Moal boa mun kurang-kurangna iman mah teuing geus milu nuturkeun, ninggalkeun dunya nu rame ieu, nu pinuh ku sagala kapalsuan jeung katunggaraan.

Carita Sunda Misteri

Do'a kuring salawasna marengan, mugia manehna beubeulahan ieu hate sing meunang kabagjaan di jero kubur, sing ditarima iman islamna. Oge kuring teu kendat nga'dua muga-muga keur diri kuring nu ditinggalkeunana sing kuat nandang sagala cocoba nu tumiba.

Ngalangkang keneh kajadian dua minggu ka tukang. Kalayan hate teu tenang, antara bogoh jeung cangcaya nungguan manehna. Ari pamajikan kuring nu rek ngalahirkeun turunan nu munggaran. Bet geuning kitu buktina, sagala kacangcaya ngabuah jadi tunggara. Hate kuring kiamah bareng jeung musnana sagala harepan. Ani mulang ka asal, dipundut ku Nu Kagungan, asal ti Anjeunna balik deui ka Anjeunna. Teu bisa majar kumaha ngan cimata nu bisa marengan jeung du'a nu nganteurkeun manehna, ka tempat pangreureuhan nu panganggeusan.

Mun raheut tea mah asa can lipur, geus jol deui masalah nu matak nyeri hate, nyeri nu leuwih ti nyeri. Najan kuring gogoleran bari nyebut sarebu kali teu percaya, taya gunana, ngan hate bae nu tetep teu ngeunah. Asa piraku Ani pamajikan kuring nu sakitu solehna, migusti ka salaki, taat kana parentah agama, awewe nu apal kana haram jeung halal sarta maotna bisa disebutkeun "mati sahid" diuar-uar majar maotna marakayangan jadi setan panasaran. Kuring yakin sagala eta carita ukur jijieunan, ngan kuring tetep baluweng, kudu kumaha nyanghareupan masarakat nu masih keneh kandel kapercayaanana kana soal nu kararitu. Naha kudu didatangan saurang-saurang dibere panerangan? Mustahil! Hadena di imah teh ngan duaan, kadua Mang Pardi badega kuring, jadi sagalana masih keneh bisa tenang enggoning nyanghareupanana.

"Ari Mang Pardi ti saha mimitina meunang beja teh?" cek kuring basa mimiti meunang beja ti Mang Pardi. Hate mah asa geus teu kuat nahan emosi. Sok ku teungteuingeun nu ngamimitian nguar-nguarna.

"Satadina mah moal dibejakeun ka Encep teh!" cek Mang Pardi bari ngarahuh. "Asa kieu salah kitu salah. Ku Emang geus dipaluluruh ti mimiti jalma nu nepikeun ka Emang, terus dipapay nepi ka sungapanana. Tapi buntu, Cep!"

"Buntu kumaha Emang teh?" cek kuring panasaran.

"Ceuk nu pangpandeurina ditanya ku Emang teh, meunang beja ti Jang Unu cenah..."

"Kang Unu Mang...?" Asa piraku ari Kang Unu nepikeun ka nyieun gara-gara deui mah. Baheula ge asa geus bebeakan silihampura najan enya manehna kungsi jadi maru kuring ge.

"Kumaha atuh ari kieu, Mang? Piraku kuring kudu maluruh nanyakeun soal nu kieu ka Kang Unu. Bisa-bisa urang disangka rek nyieun pucuk ti girang."

"Nu matak oge, Cep! Leuheung basa mun panarimaanana alus. Ongkoh sasatna ngaboretekeun etaeun urang..."

"Ari pamanggih Emang kumaha?"

"Maksad Encep teh?"

"Enya ari Mang Pardi percaya Ani jadi jurig?"

"Beu ari Encep, keur naon atuh Emang unggah-onggeng solat ari kana soal nu kitu masih percaya mah. Lain pedah hareupeun Encep ieu teh! Jeung mun enya oge aya manusa nu jadi nu kitu lain model Neng Ani bageanana."

"Sukur ari kitu mah, hartina Emang sanggup meureun ngabantuan kuring?"

"Maksud Encep teh rek neangan jurig bungkeuleukanana?" Mang Pardi malik nanya.

"Enya, Mang! Emang ge meureun ngarasakeun kumaha rarasaanana hate kuring!"

"Tong boro Encep, dalah Emang sorangan ge milu teu ngeunah!"

"Kieu atuh Mang, keun ayeuna mah urang cicing-cicing bae heula sugan jadi tiis suasanana. Tapi lamun beui maceuh mah kari kumaha engke!" cek kuring tandes. Mang Pardi ukur unggut ngaenyakeun. Kuring yakin Mang Pardi mah bisa dibawa badami jeung bisa dipercaya.

Peutingna. Kaayaan di luar combrek, taya jelema liwat saurang-urang acan ka hareupeun imah kuring. Malem Juma'ah kaliwon, katurug-turug keur meujeuhna poek bulan. Mang Pardi geus sare ti wayah Isa keneh di kamar tukang.

Sanggeus ngaji meunang sababaraha balikan gek diuk dina korsi di kamar hareup. Pitunduheun anggur ngajauhan, pikiran mancawura ka ditu ka dieu nyoreang alam ka tukang. Ku teu sangka kuring bakal ngalaman nasib model kieu. Kuring kudu ditinggalkeun ku manehna dina mangsa keur meumeujeuhna sono-bogoh.

Lampu dileutikan. Ti kajauhan kadenge sora anjing babaung. Goledag kekedengan susuganan bisa sare. Keretek di pipir aya sora nu kekeretekan. Teu jadi pikiran, paling-paling kalakay kabawa angin. Hiliwir bau menyan kaangin-angin paselang jeung bau minyak seungit. Geus teg na jero pikir moal salah hiji sandiwara bakal dimimitian. Kuring cicing. Lain sieun, tapi hayang nyaho satuluyna nu bakal kajadian. Kuring teu percaya kana sagala tahayul, jeung asa piraku tina asal dongeng-dongeng bohong kiwari bakal karandapan ku kuring.

Tina sora nu karasak-keresek robah jadi sora nu ceurik bangun kanyenyerian. Kulantaran imah kuring tembok, teu bisa noong ka luar. Cengkat lalaunan. Ngahuleng sakeudeung. Mani ngagebeg basa aya ramo nu nyolongkrong tina liang angin-angin, ramo nu dibungkus ku kapas nu ngeplak bodas.

Pluk aya nu ragrag kana ubin. Panasaran jandela dibuka, ngan sakolepat nu ngelemeng bodas geus ngiles dilegleg meredongna peuting. Kuring gogodeg jeung istigfar.

Nu ragrag kana ubin dicokot. Sacewir lamak bodas ditulisan beureum. Dibaca:

Kang Handy!! Seratan Ani curat-ciret teu mirupa, diserat nganggo getih Ani pribadi. Kang Handy! Ani sedih! Kang Handy karunya ka Ani? Pangmaoskeun Yasin kanggo Ani nya Kang Handy. Pileuleuyan!

Nu tunggara
Ani

Isukna surat dibikeun ka Mang Pardi. Manehna ukur gogodeg.

"Lain antep-antepeun ieu mah, Cep! Jeung piraku deui aya jurig bisa nulis sagala." Mang Pardi ngomongna dibarung imut.

"Sing waspada bae Mang Pardi da tangtuna ge ieu teh aya tuluyna, jeung ulah kendat nya ngado'a bae, muga-muga sagalana tereh beres!"

"Ceuk Emang mah mending ontrog ka imahna Cep, moal saha deui tangtu Si Unu nu boga petana teh."

"Ah, ulah waka nyangka ka si itu si eta, Mang...!"

"Ari geus...? Sidik beja teh asalna ti Si Unu, jeung Si Unu deui nu pernah pasea jeung Encep." Mang Pardi keukeuh dina pamadeganana.

"Curiga mah meunang, tapi nyangka mah ulah. Beurat jeung kudu aya buktina. Ari ieu..."

"Rek cicing bae nya Encep mah?" Mang Pardi malik nanya.

"Nya kudu kumaha atuh...?"

"Encep apal henteu kana tulisanana?"

"Henteu, ngan nu jelas jurigna bodo. Piraku ditulisna ku getih ari bauna bau mangsi." Salila-lila paduduaan tingharuleng.

"Engke mah Emang cicing bae di imah. Bandungan sagala nu kajadian. Keun kuring mah rek liar, sugan bisa meunangkeun nu aneh-aneh." Kuring ngabagi tugas.

Malem Saptuna, ti wanci Isa keneh kuring geus indit, maksud teh rek manggihan Kang Unu, bongan ceuk Mang Pardi beja teh asalna ti dinya. Lain rek ngontrog kuring ge, maksud teh hayang ngobrol bae, susuganan nyabit-nyabit soal pamajikan kuring nu cenah jadi ririwa.

Punten mah geus sababaraha kali, tapi euweuh bae nu nembalan sakitu lampuna mah caang. Imah Kang Unu teu pati jauh ti imah kuring, ngan kaselang ku tegalan jeung kebon pandan. Imah leutik, cukup keur imah-imah sorangan mah. Bubujangan keneh Kang Unu teh.

Panasaran ditoong tina selasela bilik karancang, aya radio luhureun rak. Tapi..., aya geuning Kang Unu ge keur ngajongkeng dina bangku kai di tengah imah.

Panto imahna diketrokan deui, antukna digedoran. Nu ngajongkeng angger teu usik teu malik. Kalah kesel. Maksus teh kuring rek balik deui.

Basa kaluar ti buruan imahna, ti kajauhan aya nu ngelemeng sagala bodas. Kuring nyalingker kana tukangeun rungkun pandan. Gancang pisan leumpangna. Mun kuring jalma borangan moal teu sawan sigana mah. Teu rek kitu kumaha, geura nu liwat teh najan poek sidik make popocong. Dituturkeun ti kaanggangan, ka imah Kang Unu geuning asupna teh. Ditoong deui tina sela-sela bilik. Porosot pakean-pakeanana dibuka, Kang Unu geuning. Kuring gogodeg.

Kahayang mah asup ka imah bari nyarekan laklak dasar, tapi kuring asa salah geus wani untap-intip ka imah batur. Bari hate pinuh ku kakeuheul jeung katugenah, kuring maksakeun balik.

Datang ka imah geus jam duawelas leuwih. Mang Pardi masih keneh cindekul ngadagoan kuring. Sok manehna mikeun lamak nu model kamari. Eusina:

"Kang Handy! Ani tiris! Ani sangsara! Tulungan Ani Kang Handy! Upami Kang Handy karunya ka Ani, cobi Ani pasihan salin, Ani buligir. Sinjang sareng nu sanes-sanes sacekapna. Wengi enjing ku Ani dibantun. Simpen bae dijuru kekebonan. Tong teuing ditungguan bilih Kang Handy teu kiat.

Nu tos lain-lainna deui
Ani

Kuring ukur gogodeg.

"Jurig modern!" cek kuring bari ngalungkeun lamak kana meja. Mang Pardi ukur seuri koneng.

"Lain antepeun, Cep! Keun Emang bageanana nyerek nu kitu mah. Tuman!" cek Mang Pardi sanggeus dibejaan sagala nu kaalaman ku kuring.

Malem Mingguna, ti sore keneh Mang Pardi geus taki-taki di luar, nyumput tukangeun dapuran cai. Bubungkusan geus disadiakeun di juru kekebonan, tapi eusina lain pakean, ukur bubututan nu dibungkus dihade-hade. Kuring teu hayang nyaksian sagala nu bakal kajadian, teu tega. Mani, ngagebeg basa ngadenge Mang Pardi sesentak di luar.

"Kurang ajar! Silaing Unu! Dikira dewek rek beunang katipu ku silaing, Unu!" sora Mang Pardi munggah handaruan. Gura-giru kuring ka luar, sok ingis Kang Unu geus teu mirupa disiksa ku Mang Pardi.

"Geura ngalawan siah, Unu!" Bari ninggang sirah nu dipopocong.

"Ampun, Mang! Ampun! Sanes Unu abdi mah!" Sorana haharegungan nahan kanyeri.

"Tong loba tingkah siah! Kakara ampun ayeuna mah nya!" Bari hiuk deui peureup Mang Pardi ngahanca sirah si jurig.

"Geus Mang karunya! Bawa ka dieu!" Teu sirikna disered si jurig dibawa ka buruan. Tatangga nu padeukeut nungtutan nyalampeurkeun saoborna-saoborna.

Barang popocongan dibaruka, kuring mani ngagebeg. Teu sangka, nu dicipta teh beungeut Kang Unu nu pikarunyaeun, ari ieu bet Si Sarda, jelema baragajul tukang pulang-paling. Malahan sabulan ka tukang kakara kaluar ti pangberokan.

Basa tatangga-tatangga jeung Mang Pardi rame-rame nganteurkeun Si Sarda ka kantor pulisi kuring teu milu, ngan gek bae dina teras diuk bari ngahuleng salila-lila. Hampura Kang Unu kuring geus goreng sangka. Tapi naha geuning Kang Unu make popocongan. Pikiran jadi pabeulit teu puguh.

Kuniang hudang. Sup ka tengah imah. Teu lila Mang Pardi datang bari sura-seuri.

"Aya naon, Mang...?" kuring nanya panasaran.

"Jadi dua jurig teh, Cep!" Mang Pardi teu weleh mesem.

"Ari kitu...?"

"Di kantor pulisi geus namprak deui jurig. Beunang newak Mang Omo eta mah ti sawah. Keur nyingsieunan nu neang cai ngarah sawah manehna kacaian terus, teu kasoro ku batur. Si Unu nu eta mah." kuring ngan ukur bisa gogodeg. (*)


Eddy Ruswandy
Jurig Imitasi Jurig Imitasi Reviewed by Rupa Sundapura on 21.25 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.