Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 1)

Lalaunan hordeng kamar ditutupkeun, sorana kadenga nyerelek. Paneuteup Inu nu munggaran kana kado di juru, ampir minuhan satengaheun kamar. Sawareh geus dibukaan di tengah imah tadi. Breh ranjang panganten, meunang mapaes dihade-hade. Dituruban sepre pulas bulao ngora. Poe ieu cenah manehna teh geus jadi salaki.

Sanggeus Halimun Peuray

Kuduna mah panganten teh bungah. Rajana poe pan poean kawin teh. Tapi aya rasa paur nyebitan hate Inu. Sok sieun Mila nyahoeun. Mila kadeudeuh ati, nu diajam bakal jadi pamajikanana jaga, mun geus kahontal gelar nu kapiangen ku manehna.

"Kang Inu!" Deukeut pisan sora teh, tapi Inu teu hayangeun ngalieuk.

"Kang Inu, tos tuang?" kadenge deui sora nu nanya teh. Lalaunan Inu mukakeun kancing jasna hiji-hiji.

"Sesek keneh," tembalna pondok.

Teu hayangeun mere hate ka Awit teh, lantaran Inu sieun aya katresna nu ngunggahan dirina, nu ngunggahan diri Awit. Manehna ukur hayang nulung sasamet nulung, saperti nu dicaritakeun dina jangjina.

"Kang Inu bade bobo?"

"Sanes bobo, kulem kituh! Ulah bubudakeun, da ayeuna mah Awit teh tos tereh jadi indung," pokna angger sugal tur teu nyanghareup ka nu ngajak nyarita.

Teu perlu ngogo, ceuk pikir Inu, lantaran Inu yakin awewe kawas Awit mah moal mibanda parasaan nu lemes cara Mila. Mila mah salawasnya ampuh timpuh, andalemi unggal nyanghareupan manehna.

"Mun bade bo...eh kulem, ieu piyamana," cek Awit. Inu ngalungkeun jasna kana luhur tempat tidur.

"Tong hoyong sareng, da urang mah papangantenan. Sanes nyaan," cek Inu.

Ayeuna mah Inu diuk dina sisi ranjang. Suku kencana diacungkeun. Lalaunan selop panganten didudut da rada sereg, ma'lum beunang nyewa. Lung-lung selop teh dialungkeun ka sisi. Keris dicabut tina beubeur, teu terus diteundeun, dicekel bari dialak-ilik.

Leungit harga diri aing teh, gerentesna. Mun seug batur nyarahoeun yen dina beuteung Awit aya budak nu lain anakna, tada teuing, meureun cenah dadaekanan ngawin awewe urut batur.

"Kang Inu pangmukakeun kancing streples sok. Awit hese," cek Awit.

"Buka we nyalira!" tembal Inu sugal. Panonna angger neuteup keris nu keur dicekel. Ngarumbay runtutan kembang sedep malem nu ditalikeun kana gagang keris.

"Hese!" cek Awit.

"Pangmukakeun ka batur!" omong Inu. Kembang sedep malem ngumpul dina dampal leungeunna.

Teu hayangeun mere hate, teu hayangeun ngogo Inu mah, sieun enya Awit teh asa dipideudeuh, dipincta. Padahal nu nyababkeun manehna daek ngawin Awit teh taya deui iwal ti cipanon indungna. Indungnya ngageuri bari ngolo-ngolo, menta dipangnyaitkeun sobatna tina wiwirang. Awit kakandungan. Kajeun kawin ayeuna pegat isuk cek paribasana.

Mila nu dipideudeuh ku Inu mah, nu ayeuna keur nungguan di Garut. Deudeuh geulis, antosan Kang Inu, gerentesna.

"Pangmukakeun sakedap atuh, Kang Inu!"

Jung Inu nangtung. Keris dibantingkeun kana luhur ranjang. Breh beungeut Awit, hate Inu ngareunteut. Ku geulis atuh Awit teh. Tapi eta nu belenu dina beuteungna jadi ciri yen dirina geus digeugeuleuh deungeun. Lebar ku geulisna. Mun seug kawin teh lain kawin bobohongan, heg Mila nu ayeuna menta dipangmukakeun kancing streples teh, tada teuing.

"Tong lelewa. Wit. Awit uninga Kang Inu tos gaduh piistrieun di Garut? Kersa soteh kikieuan pedah bae hawatos ka Ema."

"Kang Inu?" Awit olohok. Manehna ngarawu deui kabaya buludru hideung nu tadi ngalumbruk dina ranjang, rup disimbutkeun kana taktakna.

"Sababaraha taun kapengker, Ema teh kantos teu damang repot. Ku pitulungna rama, anjeunna tiasa pulih deui. Ema kahutangan budi ku rama. Kang Inu ayeuna nu mangmaleskeun budi kasaean rama ka pun biang teh."

Inu nukangan, terus leumpang, salengkah, salengkah. Reg eureun hareupeun kaca antik nu lonyod ngagantung. Gap leungeunna kana gadona. Aya jajaka kasep dibendo dina jero eunteung teh. Inu nenjo tina kaca, Awit keur ngancingkeun deui kabaya pangantenna.

"Awit kedah ngartos. Kang Inu kikieuan teh sanes teu terang di harga diri. Tapi eta hutang budi, beurat pisan narimakeunana. Mun sareatna teu aya rama, meureun Ema geus teu aya dikieuna. Sanajan aranjeunna teh ukur sobat dalit, tapi layeutna geus lir dulur pet ku hinis. Ulah ngareken naon ka Kang Inu, Awit teh. Ayeuna hiji mojang keur ngantos Kang Inu pikeun dipihukum. Awit ngartos?"

Inu malik. Ret neuteup ka nu geus dikabaya deui. Buludru hideung semet tuur, ngaboleklak pasmen nu ngedat sakuriling sisina katojo lampu.

Teu nembalan Awit teh, ngan sirahna unggeuk. Aya nu ngagenclang dina bubuleud panonna.

"Ulah nangis, teu resep Kang Inu mah ka nu epes meer teh. Bongan Awit make kumawani milampah kitu. Ayeuna Awit kudu tanggung-jawab kana pagawean tadi. Da geuning lalakina mah kalah kabur. Raraoskeun ku Awit balukarna. Sakali deui Kang Inu mah ukur nulung wungkul, mangmaleskeun budi nu jadi kolot."

Inu geus teu hayang nangtung di dinya leuwih lila. Tapi ieu papakean panganten, asa raregedeun pisan. Rek ganti ku piyama, bet eraeun ku nu nangtung ajeg deukeut toalet.

"Mayunna ka ditu!" cek Inu.

Awit teu baha, tuluy nangtung nonggongan. Baju, samping, beubeur dilaanan hiji_hiji, lung-lung di kana luhur tempat tidurkeun. Geuwat dipiyama.

"Tos...!" cek Inu.

Tapi Awit teu malik deui, angger ngajengjen nangtung nyanghareup kana tembok.

"Wit, atos. Sok rek dangdit mah," cek Inu. Kop kana sisir. Serewuk nyisiran dikatukangkeun. Tapak bendo ngageleng dina tengah-tengah tarangna. Kasepan tadi rarasaan manehna, keur make pakean Sunda, tibatan bubudugulan kawas ayeuna mah.

Teu malire ka nu ngajengjen keneh, Inu ka luar, lalaunan nutupkeun panto.

"Rek naon pangenten ka luar deui?" cek Budiman nu keur meres-mereskeun urut dekorasi di tengah imah.

"Tong pura-pura Nu, make ka luar deui sagala rupa."

"Geus tepi, In?"

"Pilem ekstrana we."

Nu ngaheureuyan teu didenge ku Inu. Manehna terus leumpang ngajugjug kamar hareup, kamar nu diajangkeun keur manehna.

"Cep Inu!" Sora nu ngagero, Inu ngarandeg. Direret indung Awit.

"Aya naon, Tanteu?" pokna.

"Ka dieu geura!"

Inu dikenyang kana korsi. Gek dibawa diuk ngarendeng jeung manehna.

"Ieuh, wayahna we, sawengi ieu mah kulem teh di kamar panganten, nya. Seueur rerencangan ti organisasi Tanteu nu ngawengi di dieu. Maenya cenah meureun panganten teu sakamar. Tanteu isin. Duh Cep Inu, nuhun pisan. Tanteu moal hilap kana kasaean Cep Inu."

Inu ngajeten. Bray beuleugeunjeurna awak Awit nu keur meujeuhna ngabeukahan. Irungnya, biwirna, panonna, sagala-galana alus. TApi breh deui beungeut Mila, kacinta kadeudeuh ditomplokkeun ngan ka dirina sorangan.

"Duh cep Inu, sawengi ieu we Tanteu mah, ulang kapalang nya nulung!" Satengah acong-acongan nyembah indungnya Awit teh.

Bray indungnya nu keur ngalempreh di imah sababaraha taun ka tukang, gering ripuh sanggeus ditinggalkeun maot ku bapana. Cakah-cikih indung bapa Awit nu nguruskeun, nu mawa ka rumah sakit, nu ngalongokan saban poe. Malah indung Awit nu ngurus manehna kadua adina, disambat dipideudeuh lir ka anakna pituin. Ayeuna, peuting ieu datang mangsa pikeun mulang tarima teh, males kahadean deungeun nu kacida beuratna.

"Kumaha, Cep Inu?"

"Mangga, Tanteu!"

Inu digabrug. Aya cipanon nu nyangkrung dina juru-juru panonna. Teu lila ngeclak hiji-hiji.

"Jig atuh, kasep," pokna dareuda.

Inu balik deui. Hatena barontak hayang nolak ieu pamenta. Tapi kapan bareto ge indung Awit teh nepi ka bebeakan ngajual perhiasanana keur nebus indungnya ti rumah sakit.

Panto kamar dibuka lalaunan. Hordengna nuruban sirah Inu, disingraykeun ku leungeun kencana. Seleksek seungit buah ngora pacampur jeung seungit parfum. Awit ngalieuk. Hate Inu nyeblak. Awak koneng dituruban daster nilon kayas ipis. Buukna ngarumbay panjang, galing muntang. Pakean panganten lalaki ngentep di tunjangeunana.

"Naha mulih deui?" pokna.

Rey getih Inu asa naek kana sirahna. Rasa harga dirina asa dibabetkeun, asa dicacampah. Awit diteuteup, antare we nyapek buah ngora.

"Disangka ku Awit, Kang Inu katarik ku Awit? Yeuh di satangkarak jagat teh henteu sadaya pameget kabita ku kaendahan lahiriah hiji istri. Disangka ku Awit, Kang inu kataji ku Awit? Hemmmh...najan Awit geulis, keur Kang Inu mah teu beda ti runtah!"

"Kang Inu!" Awit ngorejat bari leumpang ngadeukeutan Inu. Gap nyekel kana taktak Inu tapi geuwat dikepeskeun.

"Kang Inu moal ngageugeuleuh jabang bayi suci nu aya dina kandungan Awit. Sina mekar, sina jadi hiji budak anu puguh hiji bapana."

"Da Awit mah...da...," teu kebat.

"Awit teu perlu sombong. Awit ulah nyangka Kang Inu daek kikieuan teh pedah kabita ku harta banda sepuh Awit. Najan Kang Inu sakieu kaayaan, kulawarga Kang Inu teu boga jiwa baramaen!"

"Kang Inu...naha atuh Kang Inu teh make kersa nikah ka Awit?" Satengah ngabeubeutkeun maneh Awit diuk, awkna ngampul sakeudeung, terus enyod-enyodan, teu lila eureun. Beungeutna ditungkup ku dua leungeunna.

"Lantaran indung Awit ceurik-ceurik menta tulung ka Ema."

"Naha atuh Kang Inu make kersa?"

"Cek Kang Inu, lantaran Kang Inu ngarasa kahutangan budi. Kahayang Kang Inu mah Awit ngarti, ulah ngahina!"

"Saha nu ngahina Kang Inu?"

"Ari bieu?"

"Na nyarios naon kitu Awit teh?"

Inu ngajengkat, leumpang ngajugjug lebah jandela. Bray mukakeun jandela hiji, karasa hawa tiis nyecep.

"Dikira ku Awit, Kang Inu ka dieu teh kahayang Kang Inu?" Awit teu kadenge nyoara.

"Mamah Awit, tuang ibu, nu mamaksa Kang Inu lebet deui ka kamar ieu. Ulah dikira ari jelema malarat kawas Kang Inu teu bogaeun harga diri!"

"Kang Inu..., paralun upami Awit ngahina Kang Inu. Maksad Awit mah, naha Kang Inu nganggo ka dieu, nganggo kersa lebet ka kamar ieu, kapan Kang Inu teh ngewa ka Awit. Kitu!"

Inu teu nembalan. Ret kana korsi, di luhurna aya kado tilu bungkus. Hiji-hiji diturunkeun ka handap. Gek diuk di dinya. Kadak-kodok kana sakuna. Kakara inget ti tatadi teu udud. Ti pukul lima sore tepi ka pukul salapan peuting, diuk. Sakapeung nangtung narima panyalam semah.

"Bade nyesep?" cek Awit, siga rek ngojengkang.

"Henteu!" tembal Inu sugal. Taya hak pikeun nitah. Manehna lain pamajikan aing. Kawin soteh "proforma" wungkul. Bisi masarakat nangenan yen Awit teh kakandungan teu bapaan.

"Kang Inu...! Hapunten we atuh Awit. Engke Awit nyarios ka Ceu Mila, bilih..."

"Teu perlu!" cek Inu. Awit ngajengjen.

"Sok geura kulem, ulah nyarios wae," cek Inu deui. Jung manehna nangtung.

Katenjo Awit teh nurut. Ngagoler nuruban maneh ku simbut.

Deudeuh nasib wanita, gerentesna. Nu awong-awongan nyebutkeun emansipasi, nu awong-awongan nyebutkeun geus sarua hak jeung lalaki dina sagala widang, lebah dieuna mah angger keneh jadi cocooan pikeun dibobodo lalaki. Emansipasi nu majar nyakup sagala widang, saenyana samar-samar keneh pikeun maranehna. Maranehna moal bisa ngaleupaskeun nalurina sabage hiji umat nu dingaranan wanita. Bongan ditakdirkeun leuwih hengker ti lalaki. Sanajan loba nu geus tandang makalangan, tapi loba keneh nu daek jadi papaes, jadi cocooan, jadi tipueun lalaki.

Awit katenjo ngulisik. Inu geuwat miceun beungeut. Paneuteupna nganclong ka jauhna, ka langit nu meredong hideung, kana bentang nu celak-celak aranggang. Sakapeung angin leutik ngulinkeun buuk hareupna.

Ret kana beker leutik luhureun toalet. Geus pukul dua welas. Inu cengkat lalaunan. Teu hade angin peuting keur nu kakandungan. Lalaunan manehna leumpang. Kareret nu keur sare bangun sadrah, bangun pasrah. Leungeunna numpang dina beuteungnya nu geus rada bucitreuk.

Asa teu wasaeun Inu kudu cicing di kamar eta, komo make kudu sare saenggon mah, da manehna teh manusa biasa. Manehna embung ngahianat Mila. Lantaran cek indungnya, "Hormat ku Ujang sakabeh awewe, saperti Ujang ngahormat Ema."

Deudeuh meureun Mila. Mun teu buru-buru diteang, mun teu buru-buru dibejaan.

Manehna ka luar. Gek diuk dina korsi panjang. Eusi imah geu simpe. Geus taya nu hudang saurang-saurang acan. tinggal Inu nu diuk sidakep bari peureum. (*)

  Nyambung ka Bagian 2

Aam Amilia

Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 1) Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 22.46 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.