Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 2)

Blak buku dibuka, Inu nepakan tarangna. Tadina mah asa yakin bener jajawabanana teh. Ayeuna dibaca deui, tetela...salah.

Puguh enya 'kelesuan modal tetap yang berangsur-angsur' teh salah sahiji depresiasi modal. Naha ngan inget nu hiji wae ‘habis terpakainya barang-barang produksi terpakai sekali’. Asa geus ngolotok. Padahal bieu teh aya keneh waktu dua puluh menit deui. Inu nepakan tarangna. Da eta pikiranana inget bae ka Mila, sieun kaburu aya nu ngabejaan yen manehna geus kawin, tada teuing ambekna. Ari rek balik kamari teh kapalang, ujian sapoe deui.

Sanggeus Halimun Peuray

"Huh!" Kesang nu ngagarajag dina tarangna disusut ku saputanganna.

"Cing nu ieu," pokna ngagereyem sorangan.

Angin ngahiuk. Tangkal camara nu ajeg luhur, tungtung daun-daunna oyag lalaunan. Sakapeung aya manuk enteup, tapi ngan samenit tuluy ngapung deui. 'Penetapan-penetapan jumlah-jumlah yang besar untuk depresiasi dengan cara yang teratur merupakan jalan yang semudah-mudahnya untuk membentuk tersamar'.

"Huh! Tolol! Tolol!" Inu nepakan tarangna. Na jadi butek otak teh, teu nyaho nu kitu-kitu acan.

Geus dua minggu parasaanana diteken terus. Daek teu daek manehna disanghareupkeun kana pasualan nu lain hampang-hampang keur jajaka kawas manehna. Ku teu daek ngarti Awit teh. Eta ari geus talandan-telenden nyampeurkeun sabot manehna ngapalkeun. Sarangah-serengeh kawas nu hayang diogo. Heg meunang ngageulis, keur mah geulis deuih, jaba kasipuh ku papakean anu singsarwa alus, singsarwa seungit. Enya-enya matak ngahudang birahi.

Tapi hadena, tepi ka poe ieu taya kajadian nanaon antara manehna jeung Awit. Poe ieu keneh manehna rek menta pindah ti imah Awit ka tempat indekosna bareto. Tuluy buru-buru neang Mila. Ku geus sono atuh ka Mila teh. Jeung asa kahudang ku tetenjoan. Nenjo Awit jadi hayang panggih jeung Mila, hayang namplokkeun kasono.

"Ente kawin teu beja-beja!" Geplak tonggongna aya nu nonjok. Inu ngorejat.

"Heh Bos...!" Inu nyerengeh. Si Obos batur sajurusan, jelema tukang ngabodor.

"Aduuuh...aing ripuh, Lord Stamp, pahili jeung K.M. Langley, euy!" Obos gogodeg.

"Naha atuh, Bos?"

"Nyeta kabita ku ente, geus naek kana sirah yeuh. Lain euy, teu beja-beja kawin teh. Jeung bejana, pamajikan teh taeun, dibere persekot, hebat, lungguh-lungguh." Obos ngabarakatak.

"Cek saha?"

"Rek mungkir? Adi sayah pan diondang ku Awit. Aku we, aku lah, jadi jelema mah kudu seporhem."

Ceuleukeuteuk Inu seuri.

Biasa Obos mah sagala istilah asing teh sok diheureuykeun. Teu lila kadenge ngaguruh sora nu ngobrol, bareng jeung barudalna jajaka jeung mojang ti ruang L. Ngagerendeng teu puguh dengekeuneunana.

"Pias euy, panganten!" cek Agus bari nyampeurkeun. Gek diuk gigireun Obos.

"Nyabak tuur, Nu. Wah geus los, euy."

"Ayeuna resep soteh, Nu. Akang ge geus sataun mah rada taeun...," cek Sumarna, mahasiswa nu geus aya umur milu nyanghunjar luhureun jukut nu ngemploh hejo.

"Semet sataun, berlaku hukum Gosen kahiji, dua taun hukum Gosen kadua," cek Agus.

"Ah lain hukum Gosen da kana pagaweanana mah moal wareg-wareg. Eta ka nu di imah, ari geus bangkenu..."

"Rujiiit Kang Sumarna mah ari geus los ka dinya teh," cek Kuspita bari geplak neunggeul tonggong Sumarna. Nu sejen seuri.

"Naon kitu nu wareg teh, da tuang. Da enya atuh Akang mah kana tuang mah tara wareg-wareg. Nya mun sareng peda deui peda deui, bosen, sok hoyong sareng lauk hayam."

"Teuing ah, teuing. Eh, Nu...geulis pisan pamajikan teh, bisaan, euy," Anita nyiwit kana tonggong Inu.

"His teu meunang cawat-ciwit, Ani. Si Inu teh ayeuna mah geus lain deui."

"Gandeng atuh lah, ngocok teh ku teu bosen-bosen sakitu geus dua minggu kawin teh."

Ger sarerea seuri ngadenge caritaan Inu teh. Camara ge oyag rada tarik, kawas nu milu ngagonjak ka Inu nu keur sabil hatena.

Panonpoe beuki manceran, meneran pisan tengah-tengah langit. Panasna ngabetrak, lir hayang ngaduruk sagala kasarakahan, sagala kadugalan, sagala kasabaran nu kumelendang di dunya. Sakapeung angin ngupahan, ku hiliwirna. Sakapeung mega ngilungan, nutupan panasna.

Saurang-saurang nu nyanghunjar handapeun camara teh bubar. Tinggal Inu kadua Obos nu masih keneh satia nungguan daun camara kaanginkeun.

"Lain Nu..., enyaan euy eta teh investasi netto?" cek Obos.

Inu kerung. Dina sual ujian nu anyar disanghareupan taya pasualan kitu. Diteuteup teh Obos kalah seuri.

"Da euweuh soal kitu, naon maneh teh?"

"Eta..., ulah tersinggung nya euy, urang mah open management."

"Ah siah, baku ari geus diaco-aco teh," Inu seuri ngabarakatak.

"Enya naon atuh, blak-blakan, open hart teh, cek sinyoh mah. Eta nu dina kandungan Awit?"

"Naha kitu?"

"Demi Marie Regal paling enak, dewek mah ngitung euy. Ente wawuh jeung Awit teh kakara dua minggu ti memeh kawin mah. Jeung lain sok babarengan jeung si Ronald?"

Inu melengek, kaharti. Investasi netto teh penanaman modal bersih, diloyogkeun ku Obos kana kandungan Awit. Kuduna mah Inu nyarita satarabasna, demi harga dirina, ngarah teu dileyek deungeun. Tapi bet asa karunya ari kudu ngagogoreng ka Awit mah.

"Nyeta...Bos, urang teh kalepasan euy. Awit teh anak sobat indung urang. Hiji mangsa dipihapekeun ku indungna di imah Ema, da indungna rek ka luar nagri. Heuheureuyan tadina mah, kalepasan, euy!"

"Jadi nyaan anak ente?"

"Enya...," tembal Inu pondok.

Obos neuteup kawas nu ngandung harti. Teu lila imut, tuluy nyekel leungeun Inu pageuh.

"Hampura dewek, Nu."

"Ah siah make menta dihampura, da lain lebaran. Teu pupuguh."

"Bae atuh, geuning sabun Sunlight ge teu weleh sasalaman masing usum imlek ge."

Inu ngabarakatak seuri, teu kuat ngadenge caritan Obos. Tapi teu burung ditarima panyalamna.

"Hey...urang ka perpustakaan yu, aya penulis anyar, moleh teh euy!" aya nu ngagorowok.

"Yu rek ngilu, Nu?"

"Jig we, ah!" cek Inu bari jung cengkat. Leungeunna ngepruk-ngeprukkeun bajuna.

"Tong ngajakan panganten, hayang geura balik!" cek Sujoto, ngomong Sundana karagok.

Sarerea seuri. Obos nurutan nangtung.

"Urang mah rek ngilu jeung anak buah, Nu," cek Obos.

"Lah siah, anak buah-anak buah irung maneh," cek Irwan.

"Boro-boro silaing, Drs. Dedi, ka dewek teu weleh nyebut Bos!" Ger sarerea seuri.

"Yu ah Nu, bari ngadagoan Sadeli mapagkeun," cek Obos.

Ger deui sarerea seuri, da Sadeli teh ngaran profesor.

Inu ukur neuteup babaturanana ngabring. Era ku sesebutan geus kawin ari masih keneh ubral-abrul nyintingan mojang geulis mah. Karugian gede kawin bobodoan teh. Tapi eta cipanon indung nu maseuhan pipi katenjo wae. Leungeun indungna nu ngageubig-geubig puhu leungeunna karasa wae, sorana nu dumareuda kadenge wae.

"Ujang ulah teu daek nulungan. Ema inget wae, harita Ceu Romlah dulur sorangan, teu hayangeun nulung. Neang ge ukur sakali. Tapi indung bapa Awit, nu lian, deungeun-deungeun haseum, estu satekah polah nulungan Ema. Rasa deudeuh ka sobat. Omat Ujang pangnyaitkeun wiwirangna. Demi Ema Ujang, pimanaeun Ema bisa males ku harta. Omat kasep. Omat..."

Sora nu teu weleh napel, nyababkeun sagala pamenta indung Awit teu weleh digugu.

Teu karasaeun leumpangna geus nepi ka luareun kampus. Geus euweuh camara jarangkung nu ngabaradega di sisi-sisi jalan leutik jeroeun buruan kampus teh. Ayeuna mah nu katenjo ngan patali marga nu pasulabreng minuhan jalan.

Teu hese megat. Inu tumpak honda nu ka lebakkeun. Gek diuk gigireun kolot dikabaya beureum kembang-kembang. Hiuk angin ngahiuk nyusup jandela mobil. Beuki lila wangunan universitas nu ajeg tohaga teh beuki teu katara.

Sup ka pavilyun, kasampak Ma Uti keur ngeliman sarung bantal anyar. Manehna ngajak imut, terus tungkul deui.

"Kang Inu, tadi aya serat kanggo Kang Inu," sora Awit hegar naker. Inu ngalieuk. Saperti sasari tara nembongkeun pasemon nu gumbira. Teu weleh inggis, sieun Awit ngarasaeun dipicinta.

"Beu ka dieukeun!"

Awit mikeun surat ka Inu. Rada heran Inu teh aya surat teu make amplop, sumawonna perangko mah. Bray dibuka.

Cep Inu, diantos ku Tanteu di payun, mun tos tuang.
Aya picarioseun."

Tanteu

Ih, na matak naon talatah we atuh ka anak.

"Make ku serat sagala atuh, Wit?"

"Da sanggem Awit ka Mamih, Awit mah tara ditaros ku Kang Inu. Sareng Kang Inu mah siga nu bendu wae mun diajak nyarios ku Awit teh."

Leketey hatena ngaleketey. Sakumaha kejemna, manehna boga keneh rasa nu lemes, rasa kamanusaan. Tapi moal ditembongkeun, sieun Awit asa dibere harepan. Minggu hareup ge rek buru-buru diserahkeun wae. Peun moal aya tuluyna.

"Ayeuna Mamih aya?" pokna teugeug.

Teu nyarita deui, Inu ngagedig ka kamar jero. Di patengahan kasampak indung Awit keur diuk, biasa dina korsi panjang.

"Aeh Cep Inu..., tos lami?"

"Nambe dongkap Tanteu."

"Atuh can tuang nya."

Inu ngaheheh. Gek diuk dina korsi papahareup jeung korsi nu didiukan ku indung Awit.

"Saenyana Tanteu geus isin ku Cep Inu teh, ngan kumaha atuh, kapalang kahutangan budi. Cep Inu, Tanteu teh enyaan nyuhunkeun karidoan Cep Inu. Eta, perkawis Awit. Isin ku tatangga ari kedah enggal-enggal pirak mah. Kumaha upami..., wayahna bae Cep Inu dugi ka Awit ngalahirkeun mah di dieu heula."

Mun dibandingkeun mah, Inu asa nanjak ka gunung nu tarahal, seunggah. Hoream nuluykeun tapi kapalang geus nanjak. Manehna ukur tungkul. Bray beungeut indungna. Sorana nu dumareuda, wayahna, da kahutangan budi tea.

"Nanging Tanteu, pageto abdi bade wangsul heula nepangan Mila, kaleresan kuliah pere, sareng cuti taunan ti pagawean teu acan dibantun."

"Mangga teu langkung, pokona Cep Inu keresa linggih di Tanteu dugi ka Awit ngalahirkeun."

"Tos sabaraha sasih putra teh bobotna?"

"Tos lima sasih saur bidan mah."

Opat bulan deui kudu cicing saimah. Sanajan panggih ukur saliwat-saliwat oge, asa horeameun Inu teh. Teu puguh laku, teu puguh cagap.

"Nuhun pisan Cep Inu. Aeh bisi hambur ongkos, anggo we atuh mobil Um ari ngantor sonten teh."

Najan caritaan indung Awit pinuh ku kasadrahan, tapi karasana ku Inu asa beuki ngawewejet harga dirina. Lalaunan manehna nangtung.

"Sakantenan permios Tanteu, abdi bade ngendong di babaturan wengi ieu mah dugi ka wangsul ka Garut."

"Mangga. Duh Cep Inu, salam baktos wae ka Ema. Tanteu ge tangtos enggal ka Garut nepangan Ema, ke ari Um na wangsul ti Jakarta."

Inu nyerengeh, terus leumpang ngajugjug pavilyun deui, tempat sarena. Teu ditolih Awit nu diuk dina korsi. Terus mawa koper leutik. Sup-sup papakean nu perlu diasupkeun.

Najan katara ti luar mah pavilyun teh leutik, tapi di jerona aya dua kamar sare jeung kamar tamu. Ngahaja ku Inu, Ma Uti jeung Ma Oyoh sina sare jeung Awit ngarah manehna jongjon jeung ngaleungitkeun sangkaan lain-lain dina diri indung Awit.

"Kang Inu bade ka mana?" breh Awit nangtung dina lawang panto.

"Bade ka Garut," tembalna pondok, rada ngabohong.

"Bade ka Ceu Mila?"

"Muhun."

"Tebih Garut teh, Kang Inu?"

"Tebih."

"Awit mah hoyong terang Garut teh di mana."

Inu teu ngareret. Jongjon meresan papakean nu perlu dibawa. Katenjo koper leutik teh asa pajejel teuing. Ieu anduk nu ngagarubang teh. Ari teu dibawa bisi Mila ngajak ka Cipanas, heg teu boga deui anduk weuteuh. Ieu kitu baju nu ieu tong dibawa? Koper teh dikunjal deui. Pek dipilihan deui, nu sakirana perlu diasupkeun. Angger asa padedet.

"Awit gaduh anduk alit," cek Awit bari asup ka kamarna. Teu lila geus kurunyung deui mawa anduk leutik. Sok dibikeun ka Inu.

Anduk ditampanan. Hatena rumandeg, hayang nolak tapi teu tega. Anduk diasupkeun kana koper. Teu pupuguh hatena ratug tutunggulan. Asa napak asa henteu. (*)

Sambungan ti Bagian 1 Nyambung ka Bagian 3

Aam Amilia

Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 2) Sanggeus Halimun Peuray (Bagian 2) Reviewed by Rupa Sundapura on 22.56 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.